Kinten2 kaluar teu di bulan september, insyallah nuju aya di indo. Ari prof 
santos tos kaluar oge buku terjemahanna ? 
Janten pamikiran nu abdi kagungan teh tos tiasa disupport ku nu sejen na. Sae 
pisan atuh.

Sent from my BlackBerry® from Optus

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Sender: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Sat, 31 Jul 2010 09:38:33 
To: <kisu...@yahoogroups.com>
Reply-To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: urang sunda<urangsunda@yahoogroups.com>; 
baraya_su...@yahoogroups.com<baraya_su...@yahoogroups.com>; 
milis_tasik<ta...@yahoogroups.com>
Subject: [Urang Sunda] Oppenheimer jeung "Out of Sunda"

Baraya,

Kaparengkeun poe Kemis kamarina, si kuring ditepungkeun jeung Oppenheimer,
pangarang buku "Eden in the East" tea. Satemenna, anjeunna teh hiji dokter
spesialis anak, tapi boga hobi resep nalungtik jeung nulis soal arkeologi
jeung sajarah pembentukan bangsa-bangsa (peopling and developing of
humankind). Salah sahiji bukuna, "Eden in the East" (EitE) tea rek
ditarjamahkeun ku penerbit Ufuk, ngalengkepan terjemahan buku anu sawangun
anu ayeuna geus beredar, karangan Prof Santos: "Atlantis, the Lost Continent
Finally Found" (singgetna sebut wae buku "Atlantis").

Memang, sajatina, pertemuan Kemis kamari teh ku alpukahna kang Taufik ti
penerbit Ufuk dina raraga nerjemahkeun jeung nerbitkeun buku EitE. Tapi, di
sagigireuh urusan binsnis kang Taufik jeung Oppenheimer eta, aya maksud
sejen pajemuhan leutik Kemis kamari, nyaeta ngalalanyahan mr Oppenheimer
sangkan kersa janten salah saurang narasumber dina hiji acara seminar
ngeunaan hubungan alam jeung kabudayaan di wewengkon anu sacara geografis
disebut "Sundaland". Rencanana mah eta seminar teh baris digelar dina
katompernakeun bulan Oktober taun ieu.

Aya 3 perkara anu keur kuring mangrupa informasi anyar ti juragan
Oppenheimer kamarina. Kahiji, pasoalan wewengkon Sundaland anu mangrupakeun
sumber kadua penyebaran manusa di ieu jagat. Sumber kahiji, sakumaha geus
jadi cecekelan para paleontolog oge antropolog jeung arkeolog, nya ti Afrika
tea anu kawentar disebut "Out of Africa". Sumebarna cikal-cikal Homo sapiens
atawa manusa jaman ayeuna ieu ti Afrika teu laju ku sabab kapegat ku
kajadian ngabeledugna Gunungapi Toba (purba) anu sesana ayeuna mangrupa
Danau atawa Talaga Toba di Sumatera Utara, anu ceuk geologi mah memang eta
talaga teh taya lian ti kaldera hiji gunungapi, kl 80.000 taun kaliwat (tk).
[kaldera: sesa kawah gede hiji gunungapi badag, tempat awak eta gunung
ambruk jeung titeuleum akibat bituna].

Tah, ti saprakna bituna Gnapi Toba purba ieu, sumber sumebarna manusa robah
jadi ti wewengkon Sundaland. Ieu kajadian sumebarna manusa anu kadua jeung
pembentukan bangsa-bangsa ku Oppenheimer disebut "Out of Sunda", dibuktikeun
antara lain ku studi gen jeung DNA anjeunna. [Minangka catetan: wewengkon
Sundaland ceuk para geolog jeung geografer taya lian ti wewengkon anu
ngawengku pulo Sumatera, Jawa, laut Jawa, selat Karimata, pulo Kalimantan,
laut Cina Selatan jeung Semenanjung Malaysia anu baheula nepi ka kl 11.000
tk - atawa akhir jaman Es - eta wewengkon anu sakitu legana teh mangrupakeun
anak benua atawa daratan anu lega. Sundaland ieu osok oge disebut ku istilah
"Paparan Sunda"].

Daratan Sundaland anu lega, dina akhir Jaman Es sabagean diantarana anu
mangrupa lebak (lembah) anu jerona antara 50 meter nepi ka 100 meter ti
daratan ayeuna (Sumatera, Jawa, Kalimantan jeung Semenanjung Malaysia) laju
kakeueum ku cai, kaasup seke heureut antara Jawa - Sumatera - Selat Sunda
tea, ukur nyesakeun daratan anu ayeuna disebut Gn. Krakatau jeung gunung2
sabudeureunana. Ceuk hipotesa Santos dina bukuna, "Atlantis", akhir Jaman Es
mangsa sabagean daratan Sundaland kakeueum (ayeuna jadi Selat Karimata -
atawa laut Sunda ceuk dina kar jieunan Walanda pedalan taun 40-an, Laut Jawa
jeung Selat Sunda) dimimitian ku jebolna "bendungan" alami anu misahkeun
Sundaland jeung Samudera Indonesia beulah kidul Jawa atawa kuloneun Sumatera
di Selat Sunda ayeuna alatan bituna Gn Krakatau purba kl 11.000 taun kaliwat
(tk). Ieu bituna Krakatau anu rongkah teh marajian lahirna sawatara lini
(gempa) badag anu sakabeh proses jeung akibatna ngabalukarkeun gancangna es
leyur jadi cai anu leb wae minuhan labak-lebak anu handap sakumaha geus
ditataan di luhur.

Memang, Oppenheimer henteu saperti Santos, wani spekuluasi yen peradaban
badag Atlantis anu sohor sakumaha dicaritakeun ku Plato aya di Sundaland,
pasna mah di salah sahiji lebakna anu ayeuna kakeueum ku cai laut. Tapi,
Oppenheimer yakin yen dina mangsa antara 80.000 tk nepi ka 11.000 tk aya
peradaban atawa aya masyarakat anu cukup maju nempatan wewengkon Sundaland.
Laju, eta bangsa teh paburencay ku alatan banjir akibat ngabeledugna Gn
Krakataur purba jeung leyurna wewengkon es anu lega di kutub-kutub. Tah,
pikeun nyalametkeun diri jeung dina raraga neangan lahan sejen anu leuwih
aman pikeun padumukan, eta bangsa teh tangtu merlukeun alat atawa teknologi,
nya sarupaning parahu tea. Cikal bakal budaya maritim dina wangun
kaparigelan nyieun jeung ngajalankeun parahu atawa kapal, ceuk Oppenheimer,
nya dimimitian ku bangsa-bangsa anu nyicingan daratan Sundaland kl nepi ka
11.000 tk. Bukti sejanna anu ngadukung hal eta nyaeta sumebarna rungkun basa
Asutronesia anu nempatan meh 1/3 luas ieu dunya. Ieu kacindekan Oppenheimer
mangrupa informasi anyar anu kadua anu katarima ku si kuring Kemis kamari.

Anu katilu, dina pajemuhan Kemis kamarina eta, Oppenheimer oge ningalikeun
sawatara dokumen tulisan bangsa Barat anu ngumpulkeun carita-carita mitos ti
wewengkon Jepang (sabagean karya urang Jepang sorangan) jeung Cina anu
netelakeun yen bangsa Jepang jeung Cina teh asal-usulna nya ti Sundaland.
Informasi katilu ieu satemenna ngalengkepan kana dua informasi samemehna
sakumaha geus dicaritakeun di luhur. Oppenheimer negeskeun satengah heureuy
yen bangsa Jepang jeung Cina teh asal-usulna nya ti Sunda, Sundaland tea.
Dina eta wangkongan jeung Oppenheimer, si kuring nyela: "Paingan atuh ari
kitu mah nalika Jepang ngajajah urang eta bangsa langsung dihukum ku bom
atom dumeh kawalat meureun" hehehe (Oppenheimer oge imut surti)  [tapi, ari
bangsa Walanda anu leuwih lila ngajajah bangsa Indonesia teu dihukuman nya?
Meureun pedah Walanda mah lian ti ngajajah teh teu saeutik oge neundeun jasa
dina wangun infrastruktur jeung sistem administrasi, meureun eta oge, muga
ulah serius teuing nyikepanana :) ].

Jadi, aya manfaatna atawa henteu nya ngaguar dongeng buhun Sundaland jeung
Sunda saamparan jagat teh? Hehehe, gumantung kumaha urang nyikepanana. Anu
jelas, urang Spanyol mah anu jajauheun lokasina bisa disebut urut peradaban
Atlantis sakumaha anu dicaritakeun ku Plato (Plato memang katelah salaku anu
nyebarkeun "virus" informasi Atlantis sumber peradaban dunya) geus wani
nyieun monumen "pilar-pilar Herkules" (salah sahiji ciri Atlantis ceuk
Plato) di jero salah sahiji kota maranehanana ayeuna pikeun kaperluan
pariwisata, urang mah can nanaon. Padahal, Santos geus netelakeun yen leuwih
ti 90% wewengkon Sundaland jeung bukti-bukti sejenna nyumponan ciri-ciri
metropolitan Atlantis-na Plato. Pon kitu deui, informasi anu ngarojong -
disawang tina pandangan Santos, sok sanajan ditulis lain dina raraga
ngarojong pamadegan Santos - geus diebrehkeun ku Oppenheimer kalawan cukup
rinci dina bukuna "Eden in the East".

Satemenna aya potensi pikeun mecut ngahudangkeun deui girah ieu bangsa
(heureutna: Sunda, legana: Indonesia). Yen, nature-na atawa alamna Sunda teh
kungsi jadi sumber peradaban, tempat sumber kadua sumebarna bangsa-bangsa
atawa masyarakat anu leuwih moderen jeung peradabanana di ieu dunya. Tangtu,
sabagean tatamper tina peradaban eta bangsa, sakumaha sabagean tina gen-na
araya nempatan ieu wewengkon, nya bangsa urang tea jeung titinggal budayana.
Tugas urang ayeuna ngotektak ngorehanana jeung ngarumuskeunana. Teu aya
salahna urang ngaguar hubungan antara alam-filsafat-jeung kabudayaan baheula
pikeun ngukuhkeun visi pikahareupeun kahirupan urang salaku bangsa. Pikeun
ngajelaskeun leuwih jauh ieu "gagasan", kang Oki jeung si kuring nyoba-nyoba
nulis dina "Warta Geologi" Vol 5 No 1 Tahun 2010 kalawan make judul "Jejak
Atlantis, Taprobane, dan Avatar Indonesia". Eta tulisan salengkepna tiasa
didownload di alamat ieu:
http://www.bgl.esdm.go.id/index.php?option=com_content&task=view&id=837&Itemid=124

Cag heula.

manar

Kirim email ke