Teu aya anu kaluar September dina rencana kamari mah. Buku terjemahan "Eden
in the East" paling cepet terbit taun payun. Anapon seminar ngeunaan
Sundaland rencana sasih Oktober kaahirnakeun.

Salam,
manar

2010/7/31 <faisal_akba...@yahoo.com>

>
>
> Kinten2 kaluar teu di bulan september, insyallah nuju aya di indo. Ari prof
> santos tos kaluar oge buku terjemahanna ?
> Janten pamikiran nu abdi kagungan teh tos tiasa disupport ku nu sejen na.
> Sae pisan atuh.
>
> Sent from my BlackBerry® from Optus
> ------------------------------
> *From: * oman abdurahman <omana...@gmail.com>
> *Sender: * urangsunda@yahoogroups.com
> *Date: *Sat, 31 Jul 2010 09:38:33 +0700
> *To: *<kisu...@yahoogroups.com>
> *ReplyTo: * urangsunda@yahoogroups.com
> *Cc: *urang sunda<urangsunda@yahoogroups.com>;
> baraya_su...@yahoogroups.com<baraya_su...@yahoogroups.com>; milis_tasik<
> ta...@yahoogroups.com>
> *Subject: *[Urang Sunda] Oppenheimer jeung "Out of Sunda"
>
>
>
> Baraya,
>
> Kaparengkeun poe Kemis kamarina, si kuring ditepungkeun jeung Oppenheimer,
> pangarang buku "Eden in the East" tea. Satemenna, anjeunna teh hiji dokter
> spesialis anak, tapi boga hobi resep nalungtik jeung nulis soal arkeologi
> jeung sajarah pembentukan bangsa-bangsa (peopling and developing of
> humankind). Salah sahiji bukuna, "Eden in the East" (EitE) tea rek
> ditarjamahkeun ku penerbit Ufuk, ngalengkepan terjemahan buku anu sawangun
> anu ayeuna geus beredar, karangan Prof Santos: "Atlantis, the Lost Continent
> Finally Found" (singgetna sebut wae buku "Atlantis").
>
> Memang, sajatina, pertemuan Kemis kamari teh ku alpukahna kang Taufik ti
> penerbit Ufuk dina raraga nerjemahkeun jeung nerbitkeun buku EitE. Tapi, di
> sagigireuh urusan binsnis kang Taufik jeung Oppenheimer eta, aya maksud
> sejen pajemuhan leutik Kemis kamari, nyaeta ngalalanyahan mr Oppenheimer
> sangkan kersa janten salah saurang narasumber dina hiji acara seminar
> ngeunaan hubungan alam jeung kabudayaan di wewengkon anu sacara geografis
> disebut "Sundaland". Rencanana mah eta seminar teh baris digelar dina
> katompernakeun bulan Oktober taun ieu.
>
> Aya 3 perkara anu keur kuring mangrupa informasi anyar ti juragan
> Oppenheimer kamarina. Kahiji, pasoalan wewengkon Sundaland anu mangrupakeun
> sumber kadua penyebaran manusa di ieu jagat. Sumber kahiji, sakumaha geus
> jadi cecekelan para paleontolog oge antropolog jeung arkeolog, nya ti Afrika
> tea anu kawentar disebut "Out of Africa". Sumebarna cikal-cikal Homo sapiens
> atawa manusa jaman ayeuna ieu ti Afrika teu laju ku sabab kapegat ku
> kajadian ngabeledugna Gunungapi Toba (purba) anu sesana ayeuna mangrupa
> Danau atawa Talaga Toba di Sumatera Utara, anu ceuk geologi mah memang eta
> talaga teh taya lian ti kaldera hiji gunungapi, kl 80.000 taun kaliwat (tk).
> [kaldera: sesa kawah gede hiji gunungapi badag, tempat awak eta gunung
> ambruk jeung titeuleum akibat bituna].
>
> Tah, ti saprakna bituna Gnapi Toba purba ieu, sumber sumebarna manusa robah
> jadi ti wewengkon Sundaland. Ieu kajadian sumebarna manusa anu kadua jeung
> pembentukan bangsa-bangsa ku Oppenheimer disebut "Out of Sunda", dibuktikeun
> antara lain ku studi gen jeung DNA anjeunna. [Minangka catetan: wewengkon
> Sundaland ceuk para geolog jeung geografer taya lian ti wewengkon anu
> ngawengku pulo Sumatera, Jawa, laut Jawa, selat Karimata, pulo Kalimantan,
> laut Cina Selatan jeung Semenanjung Malaysia anu baheula nepi ka kl 11.000
> tk - atawa akhir jaman Es - eta wewengkon anu sakitu legana teh mangrupakeun
> anak benua atawa daratan anu lega. Sundaland ieu osok oge disebut ku istilah
> "Paparan Sunda"].
>
> Daratan Sundaland anu lega, dina akhir Jaman Es sabagean diantarana anu
> mangrupa lebak (lembah) anu jerona antara 50 meter nepi ka 100 meter ti
> daratan ayeuna (Sumatera, Jawa, Kalimantan jeung Semenanjung Malaysia) laju
> kakeueum ku cai, kaasup seke heureut antara Jawa - Sumatera - Selat Sunda
> tea, ukur nyesakeun daratan anu ayeuna disebut Gn. Krakatau jeung gunung2
> sabudeureunana. Ceuk hipotesa Santos dina bukuna, "Atlantis", akhir Jaman Es
> mangsa sabagean daratan Sundaland kakeueum (ayeuna jadi Selat Karimata -
> atawa laut Sunda ceuk dina kar jieunan Walanda pedalan taun 40-an, Laut Jawa
> jeung Selat Sunda) dimimitian ku jebolna "bendungan" alami anu misahkeun
> Sundaland jeung Samudera Indonesia beulah kidul Jawa atawa kuloneun Sumatera
> di Selat Sunda ayeuna alatan bituna Gn Krakatau purba kl 11.000 taun kaliwat
> (tk). Ieu bituna Krakatau anu rongkah teh marajian lahirna sawatara lini
> (gempa) badag anu sakabeh proses jeung akibatna ngabalukarkeun gancangna es
> leyur jadi cai anu leb wae minuhan labak-lebak anu handap sakumaha geus
> ditataan di luhur.
>
> Memang, Oppenheimer henteu saperti Santos, wani spekuluasi yen peradaban
> badag Atlantis anu sohor sakumaha dicaritakeun ku Plato aya di Sundaland,
> pasna mah di salah sahiji lebakna anu ayeuna kakeueum ku cai laut. Tapi,
> Oppenheimer yakin yen dina mangsa antara 80.000 tk nepi ka 11.000 tk aya
> peradaban atawa aya masyarakat anu cukup maju nempatan wewengkon Sundaland.
> Laju, eta bangsa teh paburencay ku alatan banjir akibat ngabeledugna Gn
> Krakataur purba jeung leyurna wewengkon es anu lega di kutub-kutub. Tah,
> pikeun nyalametkeun diri jeung dina raraga neangan lahan sejen anu leuwih
> aman pikeun padumukan, eta bangsa teh tangtu merlukeun alat atawa teknologi,
> nya sarupaning parahu tea. Cikal bakal budaya maritim dina wangun
> kaparigelan nyieun jeung ngajalankeun parahu atawa kapal, ceuk Oppenheimer,
> nya dimimitian ku bangsa-bangsa anu nyicingan daratan Sundaland kl nepi ka
> 11.000 tk. Bukti sejanna anu ngadukung hal eta nyaeta sumebarna rungkun basa
> Asutronesia anu nempatan meh 1/3 luas ieu dunya. Ieu kacindekan Oppenheimer
> mangrupa informasi anyar anu kadua anu katarima ku si kuring Kemis kamari.
>
> Anu katilu, dina pajemuhan Kemis kamarina eta, Oppenheimer oge ningalikeun
> sawatara dokumen tulisan bangsa Barat anu ngumpulkeun carita-carita mitos ti
> wewengkon Jepang (sabagean karya urang Jepang sorangan) jeung Cina anu
> netelakeun yen bangsa Jepang jeung Cina teh asal-usulna nya ti Sundaland.
> Informasi katilu ieu satemenna ngalengkepan kana dua informasi samemehna
> sakumaha geus dicaritakeun di luhur. Oppenheimer negeskeun satengah heureuy
> yen bangsa Jepang jeung Cina teh asal-usulna nya ti Sunda, Sundaland tea.
> Dina eta wangkongan jeung Oppenheimer, si kuring nyela: "Paingan atuh ari
> kitu mah nalika Jepang ngajajah urang eta bangsa langsung dihukum ku bom
> atom dumeh kawalat meureun" hehehe (Oppenheimer oge imut surti)  [tapi, ari
> bangsa Walanda anu leuwih lila ngajajah bangsa Indonesia teu dihukuman nya?
> Meureun pedah Walanda mah lian ti ngajajah teh teu saeutik oge neundeun jasa
> dina wangun infrastruktur jeung sistem administrasi, meureun eta oge, muga
> ulah serius teuing nyikepanana :) ].
>
> Jadi, aya manfaatna atawa henteu nya ngaguar dongeng buhun Sundaland jeung
> Sunda saamparan jagat teh? Hehehe, gumantung kumaha urang nyikepanana. Anu
> jelas, urang Spanyol mah anu jajauheun lokasina bisa disebut urut peradaban
> Atlantis sakumaha anu dicaritakeun ku Plato (Plato memang katelah salaku anu
> nyebarkeun "virus" informasi Atlantis sumber peradaban dunya) geus wani
> nyieun monumen "pilar-pilar Herkules" (salah sahiji ciri Atlantis ceuk
> Plato) di jero salah sahiji kota maranehanana ayeuna pikeun kaperluan
> pariwisata, urang mah can nanaon. Padahal, Santos geus netelakeun yen leuwih
> ti 90% wewengkon Sundaland jeung bukti-bukti sejenna nyumponan ciri-ciri
> metropolitan Atlantis-na Plato. Pon kitu deui, informasi anu ngarojong -
> disawang tina pandangan Santos, sok sanajan ditulis lain dina raraga
> ngarojong pamadegan Santos - geus diebrehkeun ku Oppenheimer kalawan cukup
> rinci dina bukuna "Eden in the East".
>
> Satemenna aya potensi pikeun mecut ngahudangkeun deui girah ieu bangsa
> (heureutna: Sunda, legana: Indonesia). Yen, nature-na atawa alamna Sunda teh
> kungsi jadi sumber peradaban, tempat sumber kadua sumebarna bangsa-bangsa
> atawa masyarakat anu leuwih moderen jeung peradabanana di ieu dunya. Tangtu,
> sabagean tatamper tina peradaban eta bangsa, sakumaha sabagean tina gen-na
> araya nempatan ieu wewengkon, nya bangsa urang tea jeung titinggal budayana.
> Tugas urang ayeuna ngotektak ngorehanana jeung ngarumuskeunana. Teu aya
> salahna urang ngaguar hubungan antara alam-filsafat-jeung kabudayaan baheula
> pikeun ngukuhkeun visi pikahareupeun kahirupan urang salaku bangsa. Pikeun
> ngajelaskeun leuwih jauh ieu "gagasan", kang Oki jeung si kuring nyoba-nyoba
> nulis dina "Warta Geologi" Vol 5 No 1 Tahun 2010 kalawan make judul "Jejak
> Atlantis, Taprobane, dan Avatar Indonesia". Eta tulisan salengkepna tiasa
> didownload di alamat ieu:
>
> http://www.bgl.esdm.go.id/index.php?option=com_content&task=view&id=837&Itemid=124
>
> Cag heula.
>
> manar
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke