Kang Oman,
Hatur nuhun pisan kintunannana. Tegep informasina, sareng matak pogot maosna.

Tina sawatara informasi nu katampi, aya sawatara hal nu abdi teu acan jelas -- 
pakait sareng sajarah geologi oge sajarah ras malayu nu ayeuna ngeusian 
Sundaland, hususna Tatar Sunda:

1. Di luar informasi Oppenheimer (oge Prof.Santos), urang oge mendak informasi 
nu nyebatkeun yen nu baheula ngageugeuh Sundaland teh sanes ras Malayu. 
Nanging, negroid -- nu ayeuna nyaricingan Papua sareng Ustrali. Kahemeng abdi: 
Naha ras negroid tadi kalebet pangeusi Sundaland atanapi Atlantis bihari? 
Atanapi sakumaha urang kiwari, maranehna ge kadar semah nu ngadon ngeusian sesa 
Sundaland -- nu engke kadeseh ka beh wetan alatan aya migrasi masif ti palih 
kaler (ras melayu-mongol)? (Beh dituna, ngindung ka spekulasi Prof.Santos, 
satemenna, ras malayu-mongol nu ayeuna ngeusian Sundaland teh taya lian bangsa 
nu mulih pakandangan? Baheula caricing di Sundaland, mangsa Atlantix tumpur, 
migrasi ka kaler, ka beh dieunakeun -- duka zaman naon -- baralik deui ka sesa 
Atlantis/Sundaland. Bari ngadaseh karuhun urang Papua sareng Aborigin).

2. Ieu mah, sigana mutlak otoritas Kang Oman kangge ngawalerna -- pakait sareng 
kaweruh geologi: Kakait Sundaland/Atlantis sareng Citatah? Danau Bandung Purba, 
Pangandaran, oge Purbalingga? Maksad sim kuring kumaha prosesna, sareng 
iraha-irahana, tug dugi kondisina sapertos kiwari? (Sim kuring kantos mireng, 
yen di zaman bihari, basisir Samudra Indonesia teh sanes Pangandaran. Nanging, 
lebah Citatah ayeuna. Kadieunakeun eta laut saat. Tapi, masih keneh nyesakeun 
situ badag nu remen disebut Situ Bandung -- di mana Dago, Citatah, sareng 
Pangalengan janten sisi-sisina -- nu oge sok dikaitkeun sareng situ nu 
dibendung Sang Kuriang). 

3. Mun nilik kana pamendak Prof. Santos sareng Oppenheimer, yen Atlantis puseur 
peradaban dunya oge jadi meltingpot aneka ras di zaman bihari, bari urang 
percaya ras malayu-mongol satemenna teu kabeh ingkah ti Atlantis/Sundaland : 
Tetela nu nyicingan sesa Atlantis/Sundaland kiwari teh bangsa panyesaan tina 
bangsa Atlantis nu nanjeur sareng digdaya. Kituna teh, matak disebat panyesaan, 
alatan ieu urang Atlantis teh sanes kalebet Atlantis/Sundaland KW 1. Tapi, duka 
KW sabaraha, nu pamalesan, borangan, cupet/heureut pikir, gampang ambek, 
pendendam, sjte, nu intina mah "bangsa pecundang" alias The Looser tea. 
Buktina, iwal ti bangsa nu ngadon ngareusian banua Afrika, urang Atlantis nu 
lian mah bisa nanjeur. Bisa ngawangun peradaban nu dugi kiwari diangken 
kaluhungannana (Cina, Maya, Mesir, Arab, oge Viking-Yunani/Barat). Malah 
sawareh mah nyekel supermasi dina kahirupan peradaban manusa kiwari.

Tangtos bae, poin ka 4 mah kadar ngacapruk. Hehehe...

Baktos ka sadayana. Wilujeng Sya'ban, wilujeng tatan-tatan mapag salaksa 
purnama.

MGT

Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441

--- On Sat, 7/31/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com> wrote:

From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Subject: Oppenheimer jeung "Out of Sunda"
To: kisu...@yahoogroups.com
Cc: "urang sunda" <urangsunda@yahoogroups.com>, "baraya_su...@yahoogroups.com" 
<baraya_su...@yahoogroups.com>, "milis_tasik" <ta...@yahoogroups.com>
Date: Saturday, July 31, 2010, 9:38 AM

Baraya,

Kaparengkeun poe Kemis kamarina, si kuring ditepungkeun jeung Oppenheimer, 
pangarang buku "Eden in the East" tea. Satemenna, anjeunna teh hiji dokter 
spesialis anak, tapi boga hobi resep nalungtik jeung nulis soal arkeologi jeung 
sajarah pembentukan bangsa-bangsa (peopling and developing of humankind). Salah 
sahiji bukuna, "Eden in the East" (EitE) tea rek ditarjamahkeun ku penerbit 
Ufuk, ngalengkepan terjemahan buku anu sawangun anu ayeuna geus beredar, 
karangan Prof Santos: "Atlantis, the Lost Continent Finally Found" (singgetna 
sebut wae buku "Atlantis").


Memang, sajatina, pertemuan Kemis kamari teh ku alpukahna kang Taufik ti 
penerbit Ufuk dina raraga nerjemahkeun jeung nerbitkeun buku EitE. Tapi, di 
sagigireuh urusan binsnis kang Taufik jeung Oppenheimer eta, aya maksud sejen 
pajemuhan leutik Kemis kamari, nyaeta ngalalanyahan mr Oppenheimer sangkan 
kersa janten salah saurang narasumber dina hiji acara seminar ngeunaan hubungan 
alam jeung kabudayaan di wewengkon anu sacara geografis disebut "Sundaland". 
Rencanana mah eta seminar teh baris digelar dina katompernakeun bulan Oktober 
taun ieu.


Aya 3 perkara anu keur kuring mangrupa informasi anyar ti juragan Oppenheimer 
kamarina. Kahiji, pasoalan wewengkon Sundaland anu mangrupakeun sumber kadua 
penyebaran manusa di ieu jagat. Sumber kahiji, sakumaha geus jadi cecekelan 
para paleontolog oge antropolog jeung arkeolog, nya ti Afrika tea anu kawentar 
disebut "Out of Africa". Sumebarna cikal-cikal Homo sapiens atawa manusa jaman 
ayeuna ieu ti Afrika teu laju ku sabab kapegat ku kajadian ngabeledugna 
Gunungapi Toba (purba) anu sesana ayeuna mangrupa Danau atawa Talaga Toba di 
Sumatera Utara, anu ceuk geologi mah memang eta talaga teh taya lian ti kaldera 
hiji gunungapi, kl 80.000 taun kaliwat (tk). [kaldera: sesa kawah gede hiji 
gunungapi badag, tempat awak eta gunung ambruk jeung titeuleum akibat bituna].




      

Kirim email ke