LANJUT.... deuii atuuhhh... meuni sarua pisan jeung wa kepoh

2010/8/19 Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>

>
>
> Barang tilu jagoan dongkap ka tempat nu dituduhkeun, katingalan bala Kurawa
> Astina nuju diborogodan ku Balatentara Yaksa; aya oge nu tos tariwas.
> Katingal para Yaksa garesit garagah pisan; lantaran perangna peuting;
> enggalna bae; ieu nu tiluan teh maju tarung sareng para genderewo; katingal
> boh Arjuna boh Bima kadesek ku pasukan Genderewo; tapi ari Gatotkacha
> mah saluncat luncatna estu mantep sareng tangginas pisa; atuh sakedap oge
> para genderewo nu ngepung tos pating gulimpang ngajarungkel ku panggitik
> BimaPutra.
>
> Raja Yaksa nya eta Citrasena kacida kagetna ningal pasukanana, diamuk ku
> Gatotkacha. Enggal wae luncat teras nyorowok:"Eh mandeg, mandeg!
> Arandika teh saha jeung nu ti mana, naha jol2 nyerang ka pasukan Kaula?"
>
> "Heemmm, Bima ngagerem. "Weeeeh Yaksa sampaeyan geus wani2 ngaganggu
> manusa; moal diantep ku kami Bratasena !"
> "eeeeeh   werrrrrrrr................... Bratasena ? Ti mana anjeun ?"
>
> "Hemmmm, Kaula Pandawa; ieu adi Kami Arjuna; jeung itu anak kami, si
> Gatot."
>
> "Haaaaah.............   Pandawa ?! Lain Pandawa teh geus dicilakakeun ku
> Kurawa
> nu jahat ? Naha ayeuna bet rek nulungan !?"
>
> "ETa mah urusan Kaula; leuwih hade sampeyan siap2 ngalawan serangan
> Kaula tiluan !"
>
> "Weeeeeh     weher weher.......   wah teu beres lamun kitu mah.........
> Kula teh
> rek hayang bebela ka Pandawa; tapi lain nganuhunkeun malah ngarogahala ka
> Kula jeung balad2 Kaula !? SWabab kula nyaho, yen Pandawa teu salah !"
>
> "Weeeeeh.............   tong loba catur; sok we Kami elehkeun ku sampeyan,
> urusan tangtuna beres."
>
> Wah kieu we atuh..............  Kaula embung nempo pasukan Kaula loba nu
> binasa;
> sok ayeuna salah sahiji ti sampeyan urang diadu jeung Kaula; mun Kaula
> meunang
> sampeuyan kudu masrahkeun kuma karep Kaula. Sabalikna mun Kula eleh, pek
> kumaha arandika we."
>
> Gatotkacha cedok nyembah ka ingkang Rama:"Duuuh Rama; pasihan widi , Putra
> nu maju ka na ieu gelut ngalawan Citrasena."
>
> "Heueuh jung! Tapi awas mun keok maneh kudu disiksa Gatot !"
> "Sandika Rama . Paman Arjuna Putra nyuhunkeun Jiad Paman."
>
> "Enya jung Gatotkacha, andong pangesto ti Kaula."
>
> Bingah manah Gatot Kacha, majeng kapayun bade tarung sareng Citrasena.
>
> "Hahahaha, andika masih ngora keneh; tapi elmu andika teu eleh ku Bima lan
> Arjuna. Hahahaha, tangtu Kaula bakal meunang layan nu alus pisan. Hahahaha
> geus lila Kaula teu manggih lawan nu satanding, sok ketrukeun elmu andika
> !"
>
> Enggalna bae ieu Gatotkacha tos ngalawanan tarung sareng Raja Yaksa
> Citrasena;
> duna nunjukeun kagesitanana; tapi beuki lami Gatotkacha beuki gagah; ari
> Citrasena
> malah kacirina kagagahanana makin turun; atuh beletak2 aya sababraha kali
> Citrasena katonjokan ku Gatotkacha; untung phisik Citrasena kuat pisan,
> jadi
> masih terus ngalawan malah aya oge hiji dua tonjokanana asup ka Gatotkacha,
> tapi teu karasa teusing, malah mah jadi beuki tambah rosa pangamukna
> Gatotkacha.
>
> Ku sabab diadu mempo mah ngarasa taak; Citrasena ganti cara; manehna
> nekad rek ngarontok Gatotkacha...............   tapi Buk! jelebot! blug!
> Hiji sepakan ti Gatotkacha ditambah ku tonjokan, mani mantep pisan si raja
> yaksa
> Knock Down, bari rada humarurung kuniang hudang.
>
> Ngandika Gatotkacha:"Eh andika, tadi hayang ngajakan gulat ? Sok moal
> burung
> dilayanan bisi andika panasaran."
>
> Akhirna ieu dua lawan teh saling dengkek saling piting'; tapi saperti tadi
> deui,
> Citrasena katingal asor; sababraha kali dibanding; nu akhirna dipiting mani
> teu
> walakaya; akhirna ampun2an.
>
> HANCA
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke