wa kepoh teh saha tea, Den ?hehehehe

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Aldo Desatura ™ <hanja...@...> wrote:
>
> LANJUT.... deuii atuuhhh... meuni sarua pisan jeung wa kepoh
> 
> 2010/8/19 Abbas Amin <abas_ami...@...>
> 
> >
> >
> > Barang tilu jagoan dongkap ka tempat nu dituduhkeun, katingalan bala Kurawa
> > Astina nuju diborogodan ku Balatentara Yaksa; aya oge nu tos tariwas.
> > Katingal para Yaksa garesit garagah pisan; lantaran perangna peuting;
> > enggalna bae; ieu nu tiluan teh maju tarung sareng para genderewo; katingal
> > boh Arjuna boh Bima kadesek ku pasukan Genderewo; tapi ari Gatotkacha
> > mah saluncat luncatna estu mantep sareng tangginas pisa; atuh sakedap oge
> > para genderewo nu ngepung tos pating gulimpang ngajarungkel ku panggitik
> > BimaPutra.
> >
> > Raja Yaksa nya eta Citrasena kacida kagetna ningal pasukanana, diamuk ku
> > Gatotkacha. Enggal wae luncat teras nyorowok:"Eh mandeg, mandeg!
> > Arandika teh saha jeung nu ti mana, naha jol2 nyerang ka pasukan Kaula?"
> >
> > "Heemmm, Bima ngagerem. "Weeeeh Yaksa sampaeyan geus wani2 ngaganggu
> > manusa; moal diantep ku kami Bratasena !"
> > "eeeeeh   werrrrrrrr................... Bratasena ? Ti mana anjeun ?"
> >
> > "Hemmmm, Kaula Pandawa; ieu adi Kami Arjuna; jeung itu anak kami, si
> > Gatot."
> >
> > "Haaaaah.............   Pandawa ?! Lain Pandawa teh geus dicilakakeun ku
> > Kurawa
> > nu jahat ? Naha ayeuna bet rek nulungan !?"
> >
> > "ETa mah urusan Kaula; leuwih hade sampeyan siap2 ngalawan serangan
> > Kaula tiluan !"
> >
> > "Weeeeeh     weher weher.......   wah teu beres lamun kitu mah.........
> > Kula teh
> > rek hayang bebela ka Pandawa; tapi lain nganuhunkeun malah ngarogahala ka
> > Kula jeung balad2 Kaula !? SWabab kula nyaho, yen Pandawa teu salah !"
> >
> > "Weeeeeh.............   tong loba catur; sok we Kami elehkeun ku sampeyan,
> > urusan tangtuna beres."
> >
> > Wah kieu we atuh..............  Kaula embung nempo pasukan Kaula loba nu
> > binasa;
> > sok ayeuna salah sahiji ti sampeyan urang diadu jeung Kaula; mun Kaula
> > meunang
> > sampeuyan kudu masrahkeun kuma karep Kaula. Sabalikna mun Kula eleh, pek
> > kumaha arandika we."
> >
> > Gatotkacha cedok nyembah ka ingkang Rama:"Duuuh Rama; pasihan widi , Putra
> > nu maju ka na ieu gelut ngalawan Citrasena."
> >
> > "Heueuh jung! Tapi awas mun keok maneh kudu disiksa Gatot !"
> > "Sandika Rama . Paman Arjuna Putra nyuhunkeun Jiad Paman."
> >
> > "Enya jung Gatotkacha, andong pangesto ti Kaula."
> >
> > Bingah manah Gatot Kacha, majeng kapayun bade tarung sareng Citrasena.
> >
> > "Hahahaha, andika masih ngora keneh; tapi elmu andika teu eleh ku Bima lan
> > Arjuna. Hahahaha, tangtu Kaula bakal meunang layan nu alus pisan. Hahahaha
> > geus lila Kaula teu manggih lawan nu satanding, sok ketrukeun elmu andika
> > !"
> >
> > Enggalna bae ieu Gatotkacha tos ngalawanan tarung sareng Raja Yaksa
> > Citrasena;
> > duna nunjukeun kagesitanana; tapi beuki lami Gatotkacha beuki gagah; ari
> > Citrasena
> > malah kacirina kagagahanana makin turun; atuh beletak2 aya sababraha kali
> > Citrasena katonjokan ku Gatotkacha; untung phisik Citrasena kuat pisan,
> > jadi
> > masih terus ngalawan malah aya oge hiji dua tonjokanana asup ka Gatotkacha,
> > tapi teu karasa teusing, malah mah jadi beuki tambah rosa pangamukna
> > Gatotkacha.
> >
> > Ku sabab diadu mempo mah ngarasa taak; Citrasena ganti cara; manehna
> > nekad rek ngarontok Gatotkacha...............   tapi Buk! jelebot! blug!
> > Hiji sepakan ti Gatotkacha ditambah ku tonjokan, mani mantep pisan si raja
> > yaksa
> > Knock Down, bari rada humarurung kuniang hudang.
> >
> > Ngandika Gatotkacha:"Eh andika, tadi hayang ngajakan gulat ? Sok moal
> > burung
> > dilayanan bisi andika panasaran."
> >
> > Akhirna ieu dua lawan teh saling dengkek saling piting'; tapi saperti tadi
> > deui,
> > Citrasena katingal asor; sababraha kali dibanding; nu akhirna dipiting mani
> > teu
> > walakaya; akhirna ampun2an.
> >
> > HANCA
> >
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> Aldo Desatura ® & ©
> ================
> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
>


Kirim email ke