ih ma enya teu terang ka wa kepoh? meuni kasohor di era 80 an eta dongeng
sunda.... salah sahijina teh judul dongeng na *si rawing*

2010/8/20 Abbas <abas_ami...@yahoo.com>

>
>
> wa kepoh teh saha tea, Den ?hehehehe
>
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, Aldo
> Desatura â„¢ <hanja...@...> wrote:
> >
> > LANJUT.... deuii atuuhhh... meuni sarua pisan jeung wa kepoh
> >
> > 2010/8/19 Abbas Amin <abas_ami...@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > Barang tilu jagoan dongkap ka tempat nu dituduhkeun, katingalan bala
> Kurawa
> > > Astina nuju diborogodan ku Balatentara Yaksa; aya oge nu tos tariwas.
> > > Katingal para Yaksa garesit garagah pisan; lantaran perangna peuting;
> > > enggalna bae; ieu nu tiluan teh maju tarung sareng para genderewo;
> katingal
> > > boh Arjuna boh Bima kadesek ku pasukan Genderewo; tapi ari Gatotkacha
> > > mah saluncat luncatna estu mantep sareng tangginas pisa; atuh sakedap
> oge
> > > para genderewo nu ngepung tos pating gulimpang ngajarungkel ku
> panggitik
> > > BimaPutra.
> > >
> > > Raja Yaksa nya eta Citrasena kacida kagetna ningal pasukanana, diamuk
> ku
> > > Gatotkacha. Enggal wae luncat teras nyorowok:"Eh mandeg, mandeg!
> > > Arandika teh saha jeung nu ti mana, naha jol2 nyerang ka pasukan
> Kaula?"
> > >
> > > "Heemmm, Bima ngagerem. "Weeeeh Yaksa sampaeyan geus wani2 ngaganggu
> > > manusa; moal diantep ku kami Bratasena !"
> > > "eeeeeh werrrrrrrr................... Bratasena ? Ti mana anjeun ?"
> > >
> > > "Hemmmm, Kaula Pandawa; ieu adi Kami Arjuna; jeung itu anak kami, si
> > > Gatot."
> > >
> > > "Haaaaah............. Pandawa ?! Lain Pandawa teh geus dicilakakeun ku
> > > Kurawa
> > > nu jahat ? Naha ayeuna bet rek nulungan !?"
> > >
> > > "ETa mah urusan Kaula; leuwih hade sampeyan siap2 ngalawan serangan
> > > Kaula tiluan !"
> > >
> > > "Weeeeeh weher weher....... wah teu beres lamun kitu mah.........
> > > Kula teh
> > > rek hayang bebela ka Pandawa; tapi lain nganuhunkeun malah ngarogahala
> ka
> > > Kula jeung balad2 Kaula !? SWabab kula nyaho, yen Pandawa teu salah !"
> > >
> > > "Weeeeeh............. tong loba catur; sok we Kami elehkeun ku
> sampeyan,
> > > urusan tangtuna beres."
> > >
> > > Wah kieu we atuh.............. Kaula embung nempo pasukan Kaula loba nu
> > > binasa;
> > > sok ayeuna salah sahiji ti sampeyan urang diadu jeung Kaula; mun Kaula
> > > meunang
> > > sampeuyan kudu masrahkeun kuma karep Kaula. Sabalikna mun Kula eleh,
> pek
> > > kumaha arandika we."
> > >
> > > Gatotkacha cedok nyembah ka ingkang Rama:"Duuuh Rama; pasihan widi ,
> Putra
> > > nu maju ka na ieu gelut ngalawan Citrasena."
> > >
> > > "Heueuh jung! Tapi awas mun keok maneh kudu disiksa Gatot !"
> > > "Sandika Rama . Paman Arjuna Putra nyuhunkeun Jiad Paman."
> > >
> > > "Enya jung Gatotkacha, andong pangesto ti Kaula."
> > >
> > > Bingah manah Gatot Kacha, majeng kapayun bade tarung sareng Citrasena.
> > >
> > > "Hahahaha, andika masih ngora keneh; tapi elmu andika teu eleh ku Bima
> lan
> > > Arjuna. Hahahaha, tangtu Kaula bakal meunang layan nu alus pisan.
> Hahahaha
> > > geus lila Kaula teu manggih lawan nu satanding, sok ketrukeun elmu
> andika
> > > !"
> > >
> > > Enggalna bae ieu Gatotkacha tos ngalawanan tarung sareng Raja Yaksa
> > > Citrasena;
> > > duna nunjukeun kagesitanana; tapi beuki lami Gatotkacha beuki gagah;
> ari
> > > Citrasena
> > > malah kacirina kagagahanana makin turun; atuh beletak2 aya sababraha
> kali
> > > Citrasena katonjokan ku Gatotkacha; untung phisik Citrasena kuat pisan,
> > > jadi
> > > masih terus ngalawan malah aya oge hiji dua tonjokanana asup ka
> Gatotkacha,
> > > tapi teu karasa teusing, malah mah jadi beuki tambah rosa pangamukna
> > > Gatotkacha.
> > >
> > > Ku sabab diadu mempo mah ngarasa taak; Citrasena ganti cara; manehna
> > > nekad rek ngarontok Gatotkacha............... tapi Buk! jelebot! blug!
> > > Hiji sepakan ti Gatotkacha ditambah ku tonjokan, mani mantep pisan si
> raja
> > > yaksa
> > > Knock Down, bari rada humarurung kuniang hudang.
> > >
> > > Ngandika Gatotkacha:"Eh andika, tadi hayang ngajakan gulat ? Sok moal
> > > burung
> > > dilayanan bisi andika panasaran."
> > >
> > > Akhirna ieu dua lawan teh saling dengkek saling piting'; tapi saperti
> tadi
> > > deui,
> > > Citrasena katingal asor; sababraha kali dibanding; nu akhirna dipiting
> mani
> > > teu
> > > walakaya; akhirna ampun2an.
> > >
> > > HANCA
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > Aldo Desatura ® & ©
>
> > ================
> > Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
> > Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
> >
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke