Ditulis ku Syam Ridwan    

Rebo, 15 Oktober 2008 

Teu beda jeung Bang Toyib, geus tilu kali lebaran Steven Cungahgore teu
mulang mulang kalemburna, di Bojong kenyot. Cenah, lain teu hayang
nurutan jiga batur anu mulang saban lebaran atawa saban bulan, kalan
kalan aya nu saban minggu sagala, ngan manehna geus wakca mun can sukses
moal waka balik.

Urang Bojongkenyot mah geus paraham lamun balik ti panyabaan geus mawa
mobil weuteuh atawa ngiringkeun pamajikan satilu tilu, geus dianggap
jalma sukses. Biasana waktu lebaran nembongkeun kasuksesanana teh.
Balukarna sapoe ka lebaran di Bojongkenyot jadi heurin ku kandaraan,
sapaparat jalan diunggal buruan pinuh ku mobil weuteuh, malahan gigireun
paranje ge beak kuparkir. Kitu deui jadi heurin ku nu barahenol,unggal
waktu aya we nu balawiri, meureun nu eta ge daratang tikota bawa urang
Bojongkenyot anu geus sukses.

Geus cunduk kana waktuna lebaran taun ieu Steven Cungahgore nohonan
jangjina, balik kalembur kalayan ngaringkid honda jazz kelir beureum
moronyoy pikabitaeun. Beja nu sumebar, cenah Steven Cungahgore kiwari
geus jadi jalma sukses alatan jadi kolektor dompet antik, padahal nu
saenyana dompet nu sakitu ngaleunyana lain hasil tina usaha nu
sawajarna, tapi hasil tina 3C, Cupat Copet Capit, kitu deui mobil nu
dibawana ngan ukur mobil rentalan. Pamikirna daripada kapahung saumur
umur teu bisa balik dipangumbaraan, leuwih hade gudar gedor,najan tekor
tapi sohor. Panampilanana ge beda pisan jeung Steven Cungahgore tilu
taun katukang basa manehna nek indit kakota, ayeuna mah awakna ge pinuh
kutato kayaning gambar keuyeup, kalajengking, hurang, sendal capit jeung
gegep, diluyukeun jeung hobina, cupat capit.

Harita pas poe lebaran pisan, sabada sungkem jeung indung bapana Steven
Cungahgore gura giru indit ka kuburan akina nek nadran sakalian nek
komplen lantaran baheula akina kungsi mere jangjawokan pikeun mikat
wanoja, ngan pas dipraktekeun ka saurang wanoja manan kapincut kalahka
nyiduhan. Tilu jam lima belas menit Steven Cungahgore ngalelengkur
diluhureun pajaratan akina, ngirim doa nepikeun ka luut leet kesang,
nincak ka doa panutup, ngadadak pundukna aya nu noel. "Lain ieu kuburan
aki maneh mah atuh, tuh nu itu!" Ceuk mang Jhoni Kober anu sapopoena
purah ngagali kubur, mere nyaho. "Maenya mang, atuh lapur ngadeluk
ngadoa meunang tilu jam teh kudu diulang timimiti deui, da salah
sasaran!" Tembal Steven Cungahgore bari muru kuburan anu dituduhkeun ku
mang Jhoni Kober, gog cingogo. "Copy pastekeun we euy doana tinu tadi
meh teu cape!"Jhoni Kober mere ideu. "Aeh enyanya, ideu bagus tuh!"
Tembal Steven Cungahgore serengeh.

Lir selebritis, sorena Steven Cungahgore ngayakeun open house, pangeusi
lembur tumplek daratang, kaasup para wanoja anu ngadadak sing darilak
hayang dipikaasih ku manehna. Wanoja nu baheula nyiduhan ge katingali
aya "Dulu boleh bertingkah, tapi sekarang sudah waktunya bertekuk
lutut!" Gerentes Steven Cungahgore bari neuteup anteb.

Lebaran poe kadua Steven Cungahgore ngabedahkeun balong akina. Sapopoe
ngeueum dina cai tur paguley jeung leutak, pas hanjat tato gegep jeung
sendal capitna luntur, anehna tato keuyeup, hurang jeung kalajengking
mah teu luntur, ngan robah jadi gambar geleng dage.

Sanggeus lima poe dilembur, poe kagenepna Steven Cungahgore balik deui
pangumbaraanana,pas nepi, teu langsung kapondokna tapi langsung ka
terminal, maksudna nek menta dihampura sugan we cenah panggih jeung
jalma jalma anu kungsi dicopet ku manehna baheula. Hayang alih propesi
Steven Cungahgore teh, ngan nek investasi di pasar modal kaburu krisis
global, nek jualan,cenah ceuk ahli weweton teu cocog, nek jadi kuroptor
naon nu dikorupsina, nya kapaksa ngagugulung deui propesi heubeul,
sakalian nyalurkeun hobina nyaeta 3C, Cupat Copet Capit. Hasilna cenah
jeung modal kawin, meh unggal poe bisa 3C oge, Culak Colok Celengok!
Beu!

 

 


--~--~---------~--~----~------------~-------~--~----~
Anda menerima pesan ini karena berlangganan ke Grup "aga-madjid" Google
Groups.
Untuk memposting ke grup ini, kirimkan email ke
[email protected]
Untuk bergabung dengan grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk keluar dari grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk pilihan lain, kunjungi grup ini di
http://groups.google.co.id/group/aga-madjid?hl=id
-~----------~----~----~----~------~----~------~--~---

Kirim email ke