hahahahahahha........
ga bawa kamus mas..............

2008/10/30 Dedi Sutirto <[EMAIL PROTECTED]>

>    Ditulis ku Syam Ridwan
>
> Rebo, 15 Oktober 2008
>
> Teu beda jeung Bang Toyib, geus tilu kali lebaran Steven Cungahgore teu
> mulang mulang kalemburna, di Bojong kenyot. Cenah, lain teu hayang nurutan
> jiga batur anu mulang saban lebaran atawa saban bulan, kalan kalan aya nu
> saban minggu sagala, ngan manehna geus wakca mun can sukses moal waka balik.
>
> Urang Bojongkenyot mah geus paraham lamun balik ti panyabaan geus mawa
> mobil weuteuh atawa ngiringkeun pamajikan satilu tilu, geus dianggap jalma
> sukses. Biasana waktu lebaran nembongkeun kasuksesanana teh. Balukarna sapoe
> ka lebaran di Bojongkenyot jadi heurin ku kandaraan, sapaparat jalan
> diunggal buruan pinuh ku mobil weuteuh, malahan gigireun paranje ge beak
> kuparkir. Kitu deui jadi heurin ku nu barahenol,unggal waktu aya we nu
> balawiri, meureun nu eta ge daratang tikota bawa urang Bojongkenyot anu geus
> sukses.
>
> Geus cunduk kana waktuna lebaran taun ieu Steven Cungahgore nohonan
> jangjina, balik kalembur kalayan ngaringkid honda jazz kelir beureum
> moronyoy pikabitaeun. Beja nu sumebar, cenah Steven Cungahgore kiwari geus
> jadi jalma sukses alatan jadi kolektor dompet antik, padahal nu saenyana
> dompet nu sakitu ngaleunyana lain hasil tina usaha nu sawajarna, tapi hasil
> tina 3C, Cupat Copet Capit, kitu deui mobil nu dibawana ngan ukur mobil
> rentalan. Pamikirna daripada kapahung saumur umur teu bisa balik
> dipangumbaraan, leuwih hade gudar gedor,najan tekor tapi sohor.
> Panampilanana ge beda pisan jeung Steven Cungahgore tilu taun katukang basa
> manehna nek indit kakota, ayeuna mah awakna ge pinuh kutato kayaning gambar
> keuyeup, kalajengking, hurang, sendal capit jeung gegep, diluyukeun jeung
> hobina, cupat capit.
>
> Harita pas poe lebaran pisan, sabada sungkem jeung indung bapana Steven
> Cungahgore gura giru indit ka kuburan akina nek nadran sakalian nek komplen
> lantaran baheula akina kungsi mere jangjawokan pikeun mikat wanoja, ngan pas
> dipraktekeun ka saurang wanoja manan kapincut kalahka nyiduhan. Tilu jam
> lima belas menit Steven Cungahgore ngalelengkur diluhureun pajaratan akina,
> ngirim doa nepikeun ka luut leet kesang, nincak ka doa panutup, ngadadak
> pundukna aya nu noel. "Lain ieu kuburan aki maneh mah atuh, tuh nu itu!"
> Ceuk mang Jhoni Kober anu sapopoena purah ngagali kubur, mere nyaho. "Maenya
> mang, atuh lapur ngadeluk ngadoa meunang tilu jam teh kudu diulang timimiti
> deui, da salah sasaran!" Tembal Steven Cungahgore bari muru kuburan anu
> dituduhkeun ku mang Jhoni Kober, gog cingogo. "Copy pastekeun we euy doana
> tinu tadi meh teu cape!"Jhoni Kober mere ideu. "Aeh enyanya, ideu bagus
> tuh!" Tembal Steven Cungahgore serengeh.
>
> Lir selebritis, sorena Steven Cungahgore ngayakeun open house, pangeusi
> lembur tumplek daratang, kaasup para wanoja anu ngadadak sing darilak hayang
> dipikaasih ku manehna. Wanoja nu baheula nyiduhan ge katingali aya "Dulu
> boleh bertingkah, tapi sekarang sudah waktunya bertekuk lutut!" Gerentes
> Steven Cungahgore bari neuteup anteb.
>
> Lebaran poe kadua Steven Cungahgore ngabedahkeun balong akina. Sapopoe
> ngeueum dina cai tur paguley jeung leutak, pas hanjat tato gegep jeung
> sendal capitna luntur, anehna tato keuyeup, hurang jeung kalajengking mah
> teu luntur, ngan robah jadi gambar geleng dage.
>
> Sanggeus lima poe dilembur, poe kagenepna Steven Cungahgore balik deui
> pangumbaraanana,pas nepi, teu langsung kapondokna tapi langsung ka terminal,
> maksudna nek menta dihampura sugan we cenah panggih jeung jalma jalma anu
> kungsi dicopet ku manehna baheula. Hayang alih propesi Steven Cungahgore
> teh, ngan nek investasi di pasar modal kaburu krisis global, nek
> jualan,cenah ceuk ahli weweton teu cocog, nek jadi kuroptor naon nu
> dikorupsina, nya kapaksa ngagugulung deui propesi heubeul, sakalian
> nyalurkeun hobina nyaeta 3C, Cupat Copet Capit. Hasilna cenah jeung modal
> kawin, meh unggal poe bisa 3C oge, Culak Colok Celengok! Beu!
>
>
>
>
>
> >
>


-- 
[EMAIL PROTECTED]

--~--~---------~--~----~------------~-------~--~----~
Anda menerima pesan ini karena berlangganan ke Grup "aga-madjid" Google
Groups.
Untuk memposting ke grup ini, kirimkan email ke
[email protected]
Untuk bergabung dengan grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk keluar dari grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk pilihan lain, kunjungi grup ini di
http://groups.google.co.id/group/aga-madjid?hl=id
-~----------~----~----~----~------~----~------~--~---

Kirim email ke