mas dedi aku gak ngerti artinya apa....

ada yang bisa terjemahin gak...????
 
--- Pada Kam, 30/10/08, Dedi Sutirto <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Dari: Dedi Sutirto <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: ~ aga ~ "urang sunda"
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 30 Oktober, 2008, 1:58 PM




 
 

 

 








 
  
  Ditulis
  ku Syam Ridwan     
  
 
 
  
  Rebo,
  15 Oktober 2008  
  
 
 
  
  Teu beda jeung Bang
  Toyib, geus tilu kali lebaran Steven Cungahgore teu mulang mulang kalemburna,
  di Bojong kenyot. Cenah, lain teu hayang nurutan jiga batur anu mulang saban
  lebaran atawa saban bulan, kalan kalan aya nu saban minggu sagala, ngan
  manehna geus wakca mun can sukses moal waka balik. 
  Urang Bojongkenyot
  mah geus paraham lamun balik ti panyabaan geus mawa mobil weuteuh atawa
  ngiringkeun pamajikan satilu tilu, geus dianggap jalma sukses. Biasana waktu
  lebaran nembongkeun kasuksesanana teh. Balukarna sapoe ka lebaran di
  Bojongkenyot jadi heurin ku kandaraan, sapaparat jalan diunggal buruan pinuh
  ku mobil weuteuh, malahan gigireun paranje ge beak kuparkir. Kitu deui jadi
  heurin ku nu barahenol,unggal waktu aya we nu balawiri, meureun nu eta ge
  daratang tikota bawa urang Bojongkenyot anu geus sukses. 
  Geus cunduk kana
  waktuna lebaran taun ieu Steven Cungahgore nohonan jangjina, balik kalembur
  kalayan ngaringkid honda jazz kelir beureum moronyoy pikabitaeun. Beja nu
  sumebar, cenah Steven Cungahgore kiwari geus jadi jalma sukses alatan jadi
  kolektor dompet antik, padahal nu saenyana dompet nu sakitu ngaleunyana lain
  hasil tina usaha nu sawajarna, tapi hasil tina 3C, Cupat Copet Capit, kitu
  deui mobil nu dibawana ngan ukur mobil rentalan. Pamikirna daripada kapahung
  saumur umur teu bisa balik dipangumbaraan, leuwih hade gudar gedor,najan
  tekor tapi sohor. Panampilanana ge beda pisan jeung Steven Cungahgore tilu
  taun katukang basa manehna nek indit kakota, ayeuna mah awakna ge pinuh
  kutato kayaning gambar keuyeup, kalajengking, hurang, sendal capit jeung
  gegep, diluyukeun jeung hobina, cupat capit. 
  Harita pas poe
  lebaran pisan, sabada sungkem jeung indung bapana Steven Cungahgore gura giru
  indit ka kuburan akina nek nadran sakalian nek komplen lantaran baheula akina
  kungsi mere jangjawokan pikeun mikat wanoja, ngan pas dipraktekeun ka saurang
  wanoja manan kapincut kalahka nyiduhan. Tilu jam
 lima belas menit Steven Cungahgore
  ngalelengkur diluhureun pajaratan akina, ngirim doa nepikeun ka luut leet
  kesang, nincak ka doa panutup, ngadadak pundukna aya nu noel. "Lain ieu 
kuburan aki maneh mah atuh,
  tuh nu itu!" Ceuk mang Jhoni Kober anu sapopoena purah ngagali kubur,
  mere nyaho. "Maenya mang, atuh lapur ngadeluk ngadoa meunang tilu jam
  teh kudu diulang timimiti deui, da salah sasaran!" Tembal Steven
  Cungahgore bari muru kuburan anu dituduhkeun ku mang Jhoni Kober, gog
  cingogo. "Copy pastekeun we euy doana tinu tadi meh teu cape!"Jhoni
  Kober mere ideu. "Aeh enyanya, ideu bagus tuh!" Tembal Steven
  Cungahgore serengeh. 
  Lir selebritis,
  sorena Steven Cungahgore ngayakeun open house, pangeusi lembur tumplek
  daratang, kaasup para wanoja anu ngadadak sing darilak hayang dipikaasih ku
  manehna. Wanoja nu baheula nyiduhan ge katingali aya "Dulu boleh
  bertingkah, tapi sekarang sudah waktunya bertekuk lutut!" Gerentes
  Steven Cungahgore bari neuteup anteb. 
  Lebaran poe kadua
  Steven Cungahgore ngabedahkeun balong akina. Sapopoe ngeueum dina cai tur
  paguley jeung leutak, pas hanjat tato gegep jeung sendal capitna luntur,
  anehna tato keuyeup, hurang jeung kalajengking mah teu luntur, ngan robah
  jadi gambar geleng dage. 
  Sanggeus lima poe
  dilembur, poe kagenepna Steven Cungahgore balik deui pangumbaraanana,pas
  nepi, teu langsung kapondokna tapi langsung ka terminal, maksudna nek menta
  dihampura sugan we cenah panggih jeung jalma jalma anu kungsi dicopet ku
  manehna baheula. Hayang alih propesi Steven Cungahgore teh, ngan nek
  investasi di pasar modal kaburu krisis global, nek jualan,cenah ceuk ahli
  weweton teu cocog, nek jadi kuroptor naon nu dikorupsina, nya kapaksa
  ngagugulung deui propesi heubeul, sakalian nyalurkeun hobina nyaeta 3C, Cupat
  Copet Capit. Hasilna cenah jeung modal kawin, meh unggal poe bisa 3C oge,
  Culak Colok Celengok! Beu! 
  
 


  

   






 






      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/
--~--~---------~--~----~------------~-------~--~----~
Anda menerima pesan ini karena berlangganan ke Grup "aga-madjid" Google
Groups.
Untuk memposting ke grup ini, kirimkan email ke
[email protected]
Untuk bergabung dengan grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk keluar dari grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk pilihan lain, kunjungi grup ini di
http://groups.google.co.id/group/aga-madjid?hl=id
-~----------~----~----~----~------~----~------~--~---

Kirim email ke