Aku bisa terjemahin.

 

Tapi malesssss.. gimana dooonnggg..

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of destini susanty
Sent: 30 Oktober 2008 14:03
To: [email protected]
Subject: {spam} ~ aga ~ Bls: ~ aga ~ "urang sunda"

 




mas dedi aku gak <http://BikinDuit.com/?ref=0526>  ngerti artinya apa....

ada yang bisa terjemahin gak...????
 <http://BikinDuit.com/?ref=0526> 
--- Pada Kam, 30/10/08, Dedi Sutirto <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Dedi Sutirto <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: ~ aga ~ "urang sunda"
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 30 Oktober, 2008, 1:58 PM


Ditulis ku Syam Ridwan    


Rebo, 15 Oktober 2008 


Teu beda jeung Bang Toyib, geus tilu kali lebaran Steven Cungahgore teu
mulang mulang kalemburna, di Bojong kenyot. Cenah, lain teu hayang nurutan
jiga batur anu mulang saban lebaran atawa saban bulan, kalan kalan aya nu
saban minggu sagala, ngan manehna geus wakca mun can sukses moal waka balik.

Urang Bojongkenyot mah geus paraham lamun balik ti panyabaan geus mawa mobil
weuteuh atawa ngiringkeun pamajikan satilu tilu, geus dianggap jalma sukses.
Biasana waktu lebaran nembongkeun kasuksesanana teh. Balukarna sapoe ka
lebaran di Bojongkenyot jadi heurin ku kandaraan, sapaparat jalan diunggal
buruan pinuh ku mobil weuteuh, malahan gigireun paranje ge beak kuparkir.
Kitu deui jadi heurin ku nu barahenol,unggal waktu aya we nu balawiri,
meureun nu eta ge daratang tikota bawa urang Bojongkenyot anu geus sukses.

Geus cunduk kana waktuna lebaran taun ieu Steven Cungahgore nohonan
jangjina, balik kalembur kalayan ngaringkid honda jazz kelir beureum
moronyoy pikabitaeun. Beja nu sumebar, cenah Steven Cungahgore kiwari geus
jadi jalma sukses alatan jadi kolektor dompet antik, padahal nu saenyana
dompet nu sakitu ngaleunyana lain hasil tina usaha nu sawajarna, tapi hasil
tina 3C, Cupat Copet Capit, kitu deui mobil nu dibawana ngan ukur mobil
rentalan. Pamikirna daripada kapahung saumur umur teu bisa balik
dipangumbaraan, leuwih hade gudar gedor,najan tekor tapi sohor.
Panampilanana ge beda pisan jeung Steven Cungahgore tilu taun katukang basa
manehna nek indit kakota, ayeuna mah awakna ge pinuh kutato kayaning gambar
keuyeup, kalajengking, hurang, sendal capit jeung gegep, diluyukeun jeung
hobina, cupat capit.

Harita pas poe lebaran pisan, sabada sungkem jeung indung bapana Steven
Cungahgore gura giru indit ka kuburan akina nek nadran sakalian nek komplen
lantaran baheula akina kungsi mere jangjawokan pikeun mikat wanoja, ngan pas
dipraktekeun ka saurang wanoja manan kapincut kalahka nyiduhan. Tilu jam
lima belas menit Steven Cungahgore ngalelengkur diluhureun pajaratan akina,
ngirim doa nepikeun ka luut leet kesang, nincak ka doa panutup, ngadadak
pundukna aya nu noel. "Lain ieu kuburan aki maneh mah atuh, tuh nu itu!"
Ceuk mang Jhoni Kober anu sapopoena purah ngagali kubur, mere nyaho. "Maenya
mang, atuh lapur ngadeluk ngadoa meunang tilu jam teh kudu diulang timimiti
deui, da salah sasaran!" Tembal Steven Cungahgore bari muru kuburan anu
dituduhkeun ku mang Jhoni Kober, gog cingogo. "Copy pastekeun we euy doana
tinu tadi meh teu cape!"Jhoni Kober mere ideu. "Aeh enyanya, ideu bagus
tuh!" Tembal Steven Cungahgore serengeh.

Lir selebritis, sorena Steven Cungahgore ngayakeun open house, pangeusi
lembur tumplek daratang, kaasup para wanoja anu ngadadak sing darilak hayang
dipikaasih ku manehna. Wanoja nu baheula nyiduhan ge katingali aya "Dulu
boleh bertingkah, tapi sekarang sudah waktunya bertekuk lutut!" Gerentes
Steven Cungahgore bari neuteup anteb.

Lebaran poe kadua Steven Cungahgore ngabedahkeun balong akina. Sapopoe
ngeueum dina cai tur paguley jeung leutak, pas hanjat tato gegep jeung
sendal capitna luntur, anehna tato keuyeup, hurang jeung kalajengking mah
teu luntur, ngan robah jadi gambar geleng dage.

Sanggeus lima poe dilembur, poe kagenepna Steven Cungahgore balik deui
pangumbaraanana,pas nepi, teu langsung kapondokna tapi langsung ka terminal,
maksudna nek menta dihampura sugan we cenah panggih jeung jalma jalma anu
kungsi dicopet ku manehna baheula. Hayang alih propesi Steven Cungahgore
teh, ngan nek investasi di pasar modal kaburu krisis global, nek
jualan,cenah ceuk ahli weweton teu cocog, nek jadi kuroptor naon nu
dikorupsina, nya kapaksa ngagugulung deui propesi heubeul, sakalian
nyalurkeun hobina nyaeta 3C, Cupat Copet Capit. Hasilna cenah jeung modal
kawin, meh unggal poe bisa 3C oge, Culak Colok Celengok! Beu!

 

 

 

 

  _____  

 
<http://id.answers.yahoo.com/question/index;_ylt=AmebXXL7SVkXoWolLzM10BTJRAx
.;_ylv=3?qid=20071018122153AAIUfb8> Sikap Peduli Lingkungan? 
Temukan jawabannya di Yahoo! Answers


--~--~---------~--~----~------------~-------~--~----~
Anda menerima pesan ini karena berlangganan ke Grup "aga-madjid" Google
Groups.
Untuk memposting ke grup ini, kirimkan email ke
[email protected]
Untuk bergabung dengan grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk keluar dari grup ini, kirim email ke
[EMAIL PROTECTED]
Untuk pilihan lain, kunjungi grup ini di
http://groups.google.co.id/group/aga-madjid?hl=id
-~----------~----~----~----~------~----~------~--~---

Kirim email ke