Aya deui "species" jurig sejen nu nyayang dina lelembutan masyarakat
kampung kuring, jurig cai, ceuk cenah mah sok ngageugeuh huluwotan
cai. Tah jurig cai mah karesepna sok ngaheureuyan, jalma nu sok resep
ulin di cai, pangpangna cai irigasi. Bisa jadi "species" jurig teh,
tiap wewengkon budaya beda-beda jurigna, gumantung kana tempat jeung
alam pikiran manusa sabudereunana. Kulantaran di daerah kuring mah,
cai irigasi teh kacida pentingna keur urusan tatanen. Malah jaman
baheula mah cenah, salah sahiji kriteria keur milih lurah teh, nyaeta
kudu nu bisa ngatur cai solokan kalawan adil. Meureun, kokolot lembur
baheula, pikeun ngajaga huluwotan cai, supaya teu diganggu ku nu
deleka, hawek, jeung sajabana, nya dimunculkeun "jurig cai", supaya
teu sagawayah ngaganggu cai. wallahua'alm.
(mh)

--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> 
> 
> > Anu kieu jurig naon Kang?
> >
> Tah eta teh disebat "kakayaan batin" urang Sunda, ceuk "tukang
teori" mah 
> kang RH. Kapercayaan manusa kanu gaib-gaib biasana mah tara jauh jeung 
> lingkunganana. Manusa nu deukeut gunung, mujana teh ka gunung.
Manusa nu 
> disisi laut, mujana teh kanu "ngawasa" laut. Kuring kungsi padungdengan 
> jeung baraya di millis sabeulah (millis dulur keneh), kulanataran
eta baraya 
> teh  keukeuh peuteukeuh hayang miceun upacara taunan, seba keur ka
pangawasa 
> laut Kidul ( Nyai Loro Kidul).  Sabab ceuk manehna mah eta teh
musyrik. Enya 
> meureun bener kitu, ceuk kuring teh. Tapi urang oge kudu ngarampa
hate kaum 
> pamayang (nelayan) kunaon manehna sok ngayakeun korban jiga kitu.
Pamayang, 
> hirupna unggal poe ngagantung ka laut, tapi nu aranna laut sakapeung
bageur, 
> sakapeung mah malah sok "ngamuk". Hirup pamayang unggal poe lir
ibarat nece 
> taraje dinu gawir nu lungkawing, salah saeutik bisa tigudubrag
cilaka, tepi 
> ka hanteuna. Teu aneh, sanajan Islam geus diagem, kapercayaan ayana 
> "pangawasa laut" teh tetep hirup dikaum pamayang. Islam, jarang
(atawa malah 
> teu aya) nu nyarioskeun kahirupan pamayang, tapi seuseueurna
nyarioskeun 
> manusa nu hirup di sagara keusik. Atuh puguh, batin kaum pamayang
teh tetep 
> teu kaeusieun, da kulantaran "beda lingkungan". Ka baraya nu keukeuh 
> peuteukeuh teh kuring nulis  kieu :" Ulah itu salah, ieu salah,
sabab ari 
> urang mah beda jeung manusa nu hirup ti laut. Urang mah cicing jeung 
> didamel di kota ageung, ruangan tiis nganggo AC, bade ibadah, tafakur 
> fasilitas aya. Hirup oge teu kaancam unggal poe, teu jiga pamayang nu 
> angkleung-angkleungan di sagara, nu tiasa wae hiji waktu mah eta sagara 
> tempat neangan kipayah teh ngamuk, nyandak nyawa".
> 
> Mulang deui ka masalah jurig. Kuring kungsi maca dina ensiklopedia ,
Jin 
> (Genie dina basa Inggris), dedemit asli kapercayaan urang Arab. Jin
lamun 
> rek ngajirim, sok digambarkeun ku kaluar haseup terus muter
ngagedean nembe 
> nganjangelek jadi bungkeuleukan. Hal ieu tiasa ditingali dina film-film 
> kartun, jiga film Aladin meunang Walt Disney. Kitu deui kuring kungsi 
> ngobrol jeung salah saurang nu ngaku dulurna bisa ngadatangkeun jin.
Ceuk 
> manehna, lamun dulurna ngondang jin, kadatangan jin ditempokeun ku
ayana 
> angin puyuh ( angin nu muter tea geuning).  Angin muter atawa haseup
muter, 
> di sagara keusik jiga di Arab hiji hal anu pikasieuneun, da meureun
engkena 
> jadi "badai keusik", nu bisa mindahkeun pasir jeung sagala rupana,
tepi ka 
> manusa leungiteun orientasi, alias bisa sasab di sagara keusik.
Kapercayaan 
> kana Jin, ceuk narator dina hiji film Documentary, mimitina
mucunghul tina 
> kasieunan kana badai keusik di sagara keusik. Jin di arab oge
kabagi-bagi ku 
> sababaraha "spesies". Nu asup ka lembur urang biasana disebut jin
Iprit. 
> Tapi aya oge "spesies" Jin nu asup ka Eropa, disebutna "Ghaul". Jin
"Ghaul" 
> kaasup jin carnivora, beuki daging, komo daging manusa mah ...........
> 
> Jin jeung Jurig di urang aya bedana. Umumna sagala spesies jurig di
urang, 
> asal muasalna ti manusa keneh. Kunti, ririwa, onom tadina manusa nu
robah 
> jadi bangsa dedemit. Tapi jin dipercaya  sabangsa mahluk nu jiga
manusa. 
> Kawin mawin, Anak baranahan,  bisa pupus  jeung mahluk sosial jiga
manusa. 
> Jin oge dipercaya nyieun karajaan Jin. Urang Badewi di Sagara Keusik
Arab 
> percaya karajaan Jin teh aya dijero taneuh. Waktu urang Amerika pagawe 
> minyak loba nu hobina asup/ nyulusur kana guha-guha karang (
Spacetology 
> kitu namina teh?) nu loba di tanah Arab,  urang Badewi teh mimitina mah 
> nyangka urang Amerika teh rek merangan jin!
> 
> Tos ah .......ngacaprukna. Tapi ieu sumber ngacaprukna : Ensiclopadia 
> Americana, film Aladin Walt Disney, film documentary BBC(?), 
artikel  Usep 
> Romli dina PR. Nara sumber ti kaum jin? teu acan mendak, cik lah
sugan aya 
> baraya anu terang, kanggo ngalengkepan ngacaprukna , supados
"berimbang" 
> ........hehehehehe
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
>






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke