--- In [email protected], "Hilda Rumambi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > lamun pocong termasuk jurig nteu? jeung ieu deui babi ngepet hehe
Teh Hilda, Pocong lebet kana spesies Ririwa, da pocong sok digambarkeun jiga mayit nu dibulen ku boeh. Jurig pocong kungsi ngaggeunjleungkeun di daerah Banyumas (purwokerto, cilacap, Purbalingga) jeung Priangan wetan. Kajadian ieu teh acan lami, 5-6 taun kapengker. Kuring boga kawawuhan nu nepi ka dipanjara gara-gara jurig pocong ieu. Manehna teh urang Purbalingga, baheula kungsi digawe ngilu jeung kuring, terus balik ka lemburna, di Purbalingga. Cenah mah di lemburna teh manehna jadi katua para nonoman (pemuda) di Desana. Waktu rumor jurig pocong, desa-desa di Banyumas, ngayakeun ronda ngajaga desana. Hiji waktu, waktu si Giman (kawawuhan kuring tea) keur sare, aya nu ngahudangkeun, jurig pocong teh aya kukulamprengan di lembur. Si Giman ngorejat, gancang nyandak paneunggeul, gidig rek newak jurig pocong. Bener we aya ....jurig teh dibulen ku lawon bodas (boeh), teu antaparah deui, habek diteunggeul, golepak weh jurig teh ngagoler .......kerejet ngaleupaskeun nyawa. Boehna dibuka, disidik-sidik, geuning nu gelo nu sok kukulamprengan di lembur si Giman. Dasar nu gelo, der deuih mamake dibubulen ku boeh. Si Giman dihukum 2 taun panjara. Ayeuna mah geus kaluar. Babi Ngepet mah mah sanes basa sunda atuh Teh. Di Sunda mah namina munjung ka Bagong (siluman Bagong) supaya tereh beunghar. Kapercayaan ieu kaasup masih kuat di urang Sunda, lain wae dipelemburan, dalah di kota oge kungsi aya rumor ieu. Kurang-leuwih 4 taun katukang, aya rumor, cenah di daerah Mohamad Toha (Tegallega) Bdg, aya bagong kajajaden beunang. Eta bagong teh kukulamprengan di gang-gang di jl. Moh. Toha. Kapendak, teras digebug, bagong ngarumpuyuk, janggelek jadi deui manusa, nu tatu parna kulantaran digebug. Terus digarotong dibawa ka RSHS ( RS Hasan Sadikin/Rancabadak). Rumor ieu nyebar kamana-mana, RSHS diserebu kunu hayang ningali jiga kumaha manusa nu jadi bagong kajajaden teh! Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
