Kuring oge, mun ditilik tina pasaratan jadi jurig, sigana geus kaasup
salahsahiji spesies jurig. JURIG CETING & MILIS...

isk

On 2/18/06, khs579 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Aya deui "species" jurig sejen nu nyayang dina lelembutan masyarakat
> kampung kuring, jurig cai, ceuk cenah mah sok ngageugeuh huluwotan
> cai. Tah jurig cai mah karesepna sok ngaheureuyan, jalma nu sok resep
> ulin di cai, pangpangna cai irigasi. Bisa jadi "species" jurig teh,
> tiap wewengkon budaya beda-beda jurigna, gumantung kana tempat jeung
> alam pikiran manusa sabudereunana. Kulantaran di daerah kuring mah,
> cai irigasi teh kacida pentingna keur urusan tatanen. Malah jaman
> baheula mah cenah, salah sahiji kriteria keur milih lurah teh, nyaeta
> kudu nu bisa ngatur cai solokan kalawan adil. Meureun, kokolot lembur
> baheula, pikeun ngajaga huluwotan cai, supaya teu diganggu ku nu
> deleka, hawek, jeung sajabana, nya dimunculkeun "jurig cai", supaya
> teu sagawayah ngaganggu cai. wallahua'alm.


[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke