Leres kang Waluya, ari abi mah resep kana sepak bola teh (nonton
bola), waktos di Surabaya oge abi pernah nonton langsung distadion
Tambak Sari, antara Persebaya Vs Persija, harita teh abi sareng
wartawan tiradio susana, tadina mah abi teh hoyong janten reporter
sepak bola di radio atanapi di Tv ngan kalah milih Canada he..he..

Muhun abi teh alona Nunu (Nugraha besus), anjeunna teh sering wangsul
ka Kuningan ari acara arisan kaluwarga atanapi Lebaran, ngan abi mah
tara pendak, soalna jauh sorangan, sareng sigana mah Pak Nunu teh teu
patos apaleun ka abi, pernah hiji waktu abi wangsul kalembur
(kuningan) harita teh barang dongkap ka bumi pun raka nuju rapat
kanggo kampanye, mani seueur jalmi dibumi teh, barang ningali abi teh
mereka bertanya-tanya ka pun raka, "saha eta teh?".
tuh pan teu apaleun maklum jarang dilembur !!!!

Kadang abi mah sok ngalamun ningali kesebelasan Indonesia ngiring di
Piala Dunia he..he..he...

Baktos
Nenen Gunadi





--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In [email protected], "Nenen" <nn4wjr@> wrote:
> >
> > Ari pun rama mah sanes mantan bupati, ngan aya hubunganna sareng
> > Nugraha Besus SEKUM PSSI, Nugraha Besus teh paman abi. Ngan anu 
> terjun
> > ka politik teh pun raka, janten anggota dewan di Kuningan. Ngan abi
> > mah jarang patepung sareng Nugraha, upami pun rama sareng raka abi
> > sering patepung, sering diskusi kadang-kadang debat sareng pun raka.
> > Dukanya kang Waluya, abi mah teu gaduh bakat kana politik teh. 
> 
> WALUYA : Aduh punten Teh Nenen, manawi teh, Teh Nenen teh putrana Pa 
> Gunadi nu kantos janten Walikota (bupati?) Bogor. Da namina sami 
> Gunadi sareng lamun teu lepat mah Pak Gunadi nu mantan walikota Bogor 
> oge kawitna ti Kuningan. Oh janten Teh Nenen teh alona Pa Nugraha 
> Besus, sumuhun kuring oge terang atuh ka Pa Nugraha Besus mah, 
> terangna ti koran sareng TV ...hehehe. Paingan atuh Teh Nenen naros-
> naros Piala Dunya sagala ka Kang RH, da panginten aya "teureuh" maen 
> bal. Kuring oge resep lalajo maen bal teh, tapi dina TV we. Kantos 
> sakali lalajo Persib di Senayan, kapok moal sakali-sakali deui, eta 
> atuda nu nonton teh kacida pisan, moal enya cipapang diwadahkan ku 
> plastik, belewer dibalangkeun .....ampir keuna ka kuring, keuna kanu 
> gigireun, atuh ripuh ....rancucut ku caipapang. 
>  
> > Ngiring berduka cita atas wafatnya Mang Uyat. 
> > Kang Waluya, ari Mang Uyat teh saha ? punteun abi mah teu terang 
> Mang
> > Uyat, panginteun abi mah jarang dilembur, tiaalit oge tos ngalalana.
> > 
> 
> WALUYA : Sanes Mang Uyat, Mang Ayat, Teh. Tapi ayeuna mah panginten 
> atos terang, da aya posting ti kang RH perkawis Prof. Dr. Ayat 
> Rohaedi.
> 
> BAKTOS
> Waluya
>






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke