Sapuk lah Teh Nenen, abdimah pusing ngadangu na ge.., ti baheula ngan 
masalahkeun nukararitu wae, ngucapkeun natal ulah, valentine ulah, halloween 
ulah, sagala nu ti barat ulah.., atuh sakalian we ulah make internet oge.., 
jempling sigana..hehehe..


  ----- Original Message ----- 
  From: Nenen 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, February 15, 2007 1:58 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Poe "Valentine"


  Teh Maria, asa pabaliut ngabandungannana padahal mah masalah valentine
  ulah dijadikeun masalah berat, keun bae anu erek ngarayakeun valentine
  atuh mangga, anu moal oge mangga, bebas, anu penting mah ulah
  ngarayakeun perang, teror, ngebom... 

  Ari kata-kata kasih dan sayang kapirengna raos, tinimbang perang,
  atanapi ngebom gedung-gedung maehan jalma anu teu dosa.

  Ari valentine mah artina umum nyaeta kasih sayang, saha bae oge gaduh
  perasaan kasih sayang, teu aya hubunganna jeung agama. Atuh contohna
  urang Afganistan dikerudung ngucapkeun "Happy Valentine" kamari.
  Padahal mah abdi & Wayne teu mikir-mikir ngucapkeun happy valentine
  kamanehna. 

  Aya saena kanggo peluang bisnis produk-produk valentine, nyiptakeun
  lapangan kerja, biasana mah produk rumah industri saperti ngadamel
  lilin berbentuk ati, ngadamel kembang ros, kartu ucapan buatan tangan
  sendiri, kaos, topi, buku dll... , janteun tiasa ngajak tatangga
  damel, atuh tiasa kanggo nambah penghasilan ngabantu suami/istri,
  biarpun kecil anu penting mah daya kreatif tinggi, atanapi mungkin
  kanggo para remaja anu kreatif tiasa jadi masukan penghasilan, atuh
  lumayan tiasa kanggo meser buku pelajaran sakola. 

  Atuh positifna dihari kasih sayang anu tos mampu tiasa ngundang kaum
  miskin bagi-bagi sembako/pakean/ vitamin-vitamin. Ari hari valentine
  sanes kanggo para pasangan wungkul, tapi kanggo sadaya umat manusia,
  termasuk hewan, intina mah kanggo perdamaian. 

  Tapi seueur oge di hari valentine dijadikeun salah kaprah, wah...
  matak sedih, sagala oge balik deui kasifat jeung pandangan manusa. 
  Ari abdi pribadi mah "hari kasih sayang" diartikeun sami sebagai hari
  perdamaian, cinta kasih, cinta damai kanggo sadaya umat manusa,
  atanapi hewan didunia.

  Baktos,
  Nn



   


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke