bah willy: "Kang, sabenerna aslina di umumna urang Sunda nu disebut babu teh euweuh, aya oge adi/dulur nu boga imah, mantuan digawe di imah lanceukna atawa dulur kapilanceukna. Nu matak PRT sok disarebut "Bibi". Sebutan "Bibi" ieu ngandung harti yen nu babantu di imah teh sabenerna dianggap kulawarga. Kulantaran kulawarga, tangtu aya etikana, dununganana kudu tanggung jawab ka
"bibi"na barudak ieu." ----- bah willy, sainget kuring kecap 'babu' teh justru basa sunda 'pisan'. malah dina kosakata basa sunda, salian kecap 'babu' aya kecap sejen nu ngarujuk kana harti nu ampir sarua. jiga kecap 'lanjang', 'bujang', 'jongos', jeung 'badega'. cenah 'jongos' mah asalna tina basa walanda. salam, mh [Non-text portions of this message have been removed]
