(punten ngiringan) DATA? Anu kedah milarian DATA mah polisi (da digajih) sanes masyarakat upami aya masyarakat milarian data etamah pedah kukacidana cinta ka nagara jeung ka jawa barat Sakapeungmah mun aya data oge upami tiasamah pan dipindingan TC
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Aduh geuning aya posting ti Ua Dj, punten nembe kaaos dinten ieu, numawi jaringan internet di kantor nuju ngadat parantos dua dinten, janten henteu muka-muka email. Perkawis korupsi di Jawa Barat leres pisan, sim kuring oge sering ngadangu tuduhan ieu teh, matak heneg, terutami perkawis embel-embel pangkorupna di Indonesia. Ngan saleresna mah kanggo sim kuring pribadi, aya karaguan timana kenging datana dugi ka Jawa Barat dituduh provinsi pangkorupna di Indonesia? margi perkara korupsi di Jawa Barat nu naek ka pangadilan, raraosan teh nya biasa we sapertos di provinsi-provinsi nu sanes. Jumlah artos nu di korupsi nu dituduhkeun (upami teu lepat mah nu nuduh teh salah sahiji LSM di Bandung), kedahna dibuktoskeun heula di pangadilan. Margi LSM ieu ge teu jelas timana nyandak datana. Tuduhan ieu ( Jawa Barat pangkorupna) saleresna mah ngadamel opini nu akhirna ukur jadi bahan seungseurikeun batur ka urang Jawa Barat, khususna ka urang Sunda . Sim kuring kantos patorong-torong jeung rerencangan pangusaha (Sanes urang Sunda) nu teu kabagean proyek ti Provinsi, manehna sabulang-bentor nyebatkeun Jabar pangkorupna ......kulantaran teu kabagean proyek ............hehehehe. Ngan nu reureug teh, benten sareng provinsi sanes, Padamel di provinsi Jabar mah, sanajan mayoritas urang Sunda, tapi seueur oge ti etnis sanes anu sami-sami we ngiringan "korupsi" ........... hehehehe Atuh eta hubungan korupsi sareng kasundaan, ari pamendak sim kuring mah teu tiasa kitu wae dihubung-hubungkeun, istilah "korupsina" wae di "impor" tina Bahasa Inggris, nu hartosna teu aya kecap padanana boh dina Bahasa Indonesia atanapi Basa Sunda. Jadi seleresna mah karuhun Urang Sunda henteu kenal kana "korupsi" margi istilahna oge henteu aya!. Disebat "korupsi" teh ku ukuran niley/hukum budaya modern sareng demokratis. Bupati di tatar Sunda kapungkur ngumpulkeun "upeti" ti rakyatna, tapi ieu henteu dianggap salah margi ilaharna kitu, malah rakyatna nu ngarasa sugema kaangge/katuang ku menak!. Tapi keur ukuran urang Walanda eta teh korupsi, sapertos nu ditulis ku Mutatulli dina novelna Saija jeung Adinda (Max Havellaar). Teras kumaha muji-mujina urang Walanda ka Pangeran Kornel di Sumedang, anu nolak upeti ti rakyatna, nu disebatna bupati anu jujur, padahal panginten kalakuan panageran Kornel tiasa dianggap "aneh" ku nu sanes, kulantaran teu umum jeung batur. Atuh kunaon Walanda cicing wae, padahal ceuk manehna eta teh salah? namina oge penjajah, nu penting para bupati ieu satia ka Walanda, henteu barontak. Mutatulli kalahka dipecat tina jabatanana (asisten residen?) di Banten, kumargi protes ka gubernur Jenderal di Jakarta soal kalakuan salah saurang Dalem (bupati) di Banten nu cenah ceuk Mutatulli mah "meres" rakyatna. Tapi walanda oge kadieunakeun mah ngadidik para "menak" /birokrat supaya terang adminsitrasi modern. Kapungkur dina "Intisari" aya ringkesan memoarna RA Martangara (bupati Bandung) nu nyarioskeun anjeunna ti ngawitan nuju anom dugi ka janten bupati di Bandung. Dina memoarna (upami sim kuring henteu lepat, parantos lami teuing) anjeunna nyarioskeun kumaha anjeunna dididik keur jadi birokrat, anu hartosna terang administrasi modern. Upami teu lepat mah anjeunna teh diajarna sasarengan jeung saderekna, Pangeran Suriaatmaja, Bupati Sumedang anu kawentar tea. Ieu dua urang menak Sumedang teh malah kantos ngajrek sasarengan diajar ka Raden Saleh, pelukis tea. Duka diajar naon, tapi tiasa wae diajar "niley-niley" barat margi Raden Saleh teh kantos ngumbara mangtaun-taun di Eropa. Waduh .............panjang teuing........engke kapayun disambung deui! Wassalam, WALUYA ----- Original Message ----- From: Djatnika <djatnikap> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Sunday, September 26, 2004 5:05 PM Subject: Re: [kisunda] kasundaan di jabar > Kang Waluya miwah para wargi sanesna, > Sim kuring teu hayang ngomentaran polemik ieu, tapi > hayang ngajukeun kaprihatinan ku disebutna Jawa Barat > propinsi anu pangkorupna di Indonesia. Matak era > parada. naon nya sababna ? Aya hubungan henteu jeung > syartiat Sunda ? Kumaha ketak urang Sunda jeung urang > Jawa Barat sejenna pikeun ngaleungitkeun sebutan ieu. > > Wassalam, > dj > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
