Hatur nuhun ka Kang Waluya anu masihan pendapat/opini. Sateuacana neraskeun ngabahas punten ti sim kuring engke lamun ngagunakeun bahasa sunda campur (abdi sok seueur huleng neangan istilah sunda, poekkeun undak usuk basa). Balik deui ka masalah tuduhan pangkorupna, ari keur sim kuring mah tibatan ngupayakeun jeung merkarakeun tuduhan eta, mending nyekel eta tuduhan keur hanca gawe nu nyata (starting point?). Insya Allah nga"berantas" kasus-kasus korupsi bisa dihanca ti mimiti nyeri hate (?) terus dijieun daftar kasus-kasus nu aya di Jabar. Tidinya piraku teu bisa ngamimitian tarekahan nu "fokus" jeung "sistematis" supaya kapetik hasilna. Keun we hasil gawe nu ngabantah tuduhan nu nyenyeri hate teh. Ari perkawis nyidik jeung merkarakeun kasus korupsi tangtosna oge penegak hukum (pulisi, jaksa, hakim). Ngan keur sim kuring mah nu "menarik" teh ieu lingkungan/ dorongan ti masyarakat sigana mah alus pisan (kondusif) nepi ka penegak hukum bisa digawe bener!! Tah palebah dieu sim kuring nanya ka diri sorangan nepi ka mana urang bisa mere "kontribusi" supaya gawe penegak hukum bisa maksimal, tuntas. Ekstrim na mah mun penegak hukum di Sumbar dimutasikeun ke Jabar tangtu kudu diperhatikeun kumaha carana supaya bisa gawe maksimal. Mugi bae engke di Jabar aya bupati/walikota/gubernur anu nyabet "award" anti korupsi. Amin. GK? Mudah-mudahan masyarakat umum sapamadegan sareng masyarakat nu marilihna, sarua dipikadeudeuhna kawas ka Pak Sarwono jeung Kang Erry HP. Kitu bae "opini" sim kuring. Mugi Kang Waluya sareng baraya-baraya tiasa "kontribusi" kana ieu diskusi. Cag ah TCW Catetan: 1. Naon atuh basa sundana "kontribusi"? 2. Aya deui hiji topik nu sabenerna hayang dihanca/bahas ku urang sarerea: "sinisme" ka urang Sunda.
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- In [EMAIL PROTECTED], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ka baraya-baraya kumaha mun urang tingal ti sisi & gigir sejen. Keun we heula masalah otentik henteuna data korupsi di Jawa Barat. Ngan sigana mah aya hadena mun urang ngeunteung yen "uang kadeudeuh, uang cendol" teh ayeuna jadi istilah nu sering digunakeun ku koran- koran nasional. Pan kuurang ge kasaksian tindaklanjut "uang kadeudeuh" teh ngabelekbek, kitu oge masalah anggaran DPRD Garut. Aya oge nu reugreug kasus di Ciamis anu maju terus, ngan asa kirang pisan bewarana. Teu leupas ti kaayaan nasional, geuning ari urang Sumatera Barat mah bisa jeung boga wawanen ngabongkar "korupsi" di maranehna. Atuh kitu mah asa jadi jomplang tarekah jeung hasil ngabereskeun korupsi di Jawa Barat dibanding daerah sejenna. > WALUYA: Nya ari kang Tirta satuju ka provinsi jabar pangkorupna mah mangga teh teuing, ngan ari kuring mah moal neluh maneh, komo deui ku ngan saukur pedah eta kecap uang kadeudeuh jadi kacapangan dina media nasional. Ceuk kuring mah jadi kacapangan soteh pedah we kulantaran deukeut jeung jakarta jeung ditambahan deuih ku "sinisme" ka urang Sunda. Soal istilah "urang sumbar gede wawanen ngabongkar korupsi di maranehna", saleresna henteu tepat, margi nu nangani soal korupsi mah Pulisi, kajaksaan jeung pangadilan anu henteu diotonomikeun alias para pajabat pulisi, kajaksaaan jeung hakim di daerah sadayana oge ditunjuk ku pusat, tiasa ditukeur-tukeur/dimutasi. Hakim nu ngadili kasus di Sumbar kitu oge jaksa anu nuntut acan tantos maranehna urang Sumbar, jeung bisa wae hiji waktu manehna dipindahkeun ka Ciamis atawa ka Bandung. Kedah diemut anu ngahukum anggota DPRD di Sumbar teh hakim, sanes rakyat Sumbar! > Ayeuna oge aya masalah keur sim kuring nu ngaganjel, nyaeta tokoh urang sunda nu ayeuna di DPD. Pihak lain mah masih ngamasalahkeun anjeunna. Ngan hanjakalna (ceuk sim kuring) teu aya proses hukum nu "tuntas", nu bisa ngajentrekeun bener henteuna. Tah kulantaran ieu tokoh teh mamawa bandera kisunda atuh konsekuensina lamun batur pada nunjuk urang sunda/Jawa Barat memang teu bisa lesot tina kasus korupsi. > WALUYA : Juragan GK parantos dipilih ku rakyat Jabar kalawan demokratis. Nya bade dikumahakeun deui atuh da geuning buktosna diparilih, mana diparilih oge panginten dianggap bersih kunu milihna mah. salam, WALUYA PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
