Aduh geuning aya posting ti Ua Dj,  punten nembe kaaos dinten ieu, numawi
jaringan internet di kantor nuju ngadat parantos dua dinten, janten henteu
muka-muka email.

Perkawis korupsi di Jawa Barat leres pisan, sim kuring oge sering ngadangu
tuduhan ieu teh, matak heneg, terutami perkawis embel-embel pangkorupna di
Indonesia. Ngan saleresna mah kanggo sim kuring pribadi, aya karaguan timana
kenging datana dugi ka Jawa Barat dituduh provinsi pangkorupna di Indonesia?
margi perkara korupsi di Jawa Barat nu naek ka pangadilan, raraosan teh nya
biasa we sapertos di provinsi-provinsi nu sanes. Jumlah artos nu di korupsi
nu dituduhkeun (upami teu lepat mah nu nuduh teh salah sahiji LSM di
Bandung), kedahna dibuktoskeun heula di pangadilan. Margi LSM ieu ge teu
jelas timana nyandak datana. Tuduhan ieu ( Jawa Barat pangkorupna) saleresna
mah ngadamel opini nu akhirna ukur jadi bahan seungseurikeun batur ka urang
Jawa Barat, khususna ka urang Sunda . Sim kuring kantos patorong-torong
jeung rerencangan pangusaha (Sanes urang Sunda) nu teu kabagean proyek ti
Provinsi, manehna sabulang-bentor nyebatkeun Jabar pangkorupna
......kulantaran teu kabagean proyek ............hehehehe. Ngan nu reureug
teh, benten sareng provinsi sanes, Padamel di provinsi Jabar mah, sanajan
mayoritas urang Sunda, tapi seueur oge ti etnis sanes anu sami-sami we
ngiringan "korupsi" ........... hehehehe

Atuh eta hubungan korupsi sareng kasundaan, ari pamendak sim kuring mah teu
tiasa kitu wae dihubung-hubungkeun, istilah "korupsina" wae di "impor" tina
Bahasa
Inggris, nu hartosna teu aya kecap padanana boh dina Bahasa Indonesia
atanapi Basa Sunda. Jadi seleresna mah karuhun Urang Sunda henteu kenal kana
"korupsi" margi istilahna oge henteu aya!. Disebat "korupsi" teh ku ukuran
niley/hukum budaya modern sareng demokratis. Bupati di tatar Sunda kapungkur
ngumpulkeun "upeti" ti rakyatna, tapi ieu henteu dianggap salah margi
ilaharna kitu, malah rakyatna nu ngarasa sugema kaangge/katuang ku menak!.
Tapi keur ukuran urang Walanda eta teh korupsi, sapertos nu ditulis ku
Mutatulli dina novelna Saija jeung Adinda (Max Havellaar). Teras kumaha
muji-mujina urang Walanda ka Pangeran Kornel di Sumedang, anu nolak upeti ti
rakyatna,  nu disebatna bupati anu jujur, padahal panginten kalakuan
panageran Kornel tiasa dianggap "aneh" ku nu sanes, kulantaran teu umum
jeung batur.

Atuh kunaon Walanda cicing wae, padahal ceuk manehna eta teh salah? namina
oge penjajah, nu penting para bupati ieu satia ka Walanda, henteu barontak.
Mutatulli kalahka dipecat tina
jabatanana (asisten residen?) di Banten, kumargi protes ka gubernur Jenderal
di Jakarta soal kalakuan salah saurang Dalem (bupati) di Banten nu cenah
ceuk
Mutatulli mah "meres" rakyatna.

Tapi walanda oge kadieunakeun mah ngadidik para "menak" /birokrat supaya
terang adminsitrasi modern. Kapungkur dina "Intisari" aya ringkesan memoarna
RA Martangara (bupati Bandung) nu nyarioskeun anjeunna ti ngawitan nuju anom
dugi ka janten bupati di Bandung. Dina memoarna (upami sim kuring henteu
lepat, parantos lami teuing) anjeunna nyarioskeun  kumaha anjeunna dididik
keur jadi birokrat, anu hartosna terang administrasi modern. Upami teu lepat
mah anjeunna teh diajarna sasarengan jeung saderekna, Pangeran Suriaatmaja,
Bupati Sumedang anu kawentar tea. Ieu dua urang menak Sumedang teh malah
kantos ngajrek sasarengan diajar ka Raden Saleh, pelukis tea. Duka diajar
naon, tapi tiasa wae diajar "niley-niley" barat margi Raden Saleh teh kantos
ngumbara mangtaun-taun di Eropa.

Waduh .............panjang teuing........engke kapayun disambung deui!


Wassalam,
WALUYA







----- Original Message -----
From: Djatnika <djatnikap>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Sunday, September 26, 2004 5:05 PM
Subject: Re: [kisunda] kasundaan di jabar


> Kang Waluya miwah para wargi sanesna,
> Sim kuring teu hayang ngomentaran polemik ieu, tapi
> hayang ngajukeun kaprihatinan ku disebutna Jawa Barat
> propinsi anu pangkorupna di Indonesia. Matak era
> parada. naon nya sababna ? Aya hubungan henteu jeung
> syartiat Sunda ? Kumaha ketak urang Sunda jeung urang
> Jawa Barat sejenna pikeun ngaleungitkeun sebutan ieu.
>
> Wassalam,
> dj
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke