-Alhamdulillah... , hatur nuhun juragan,

Muhun mangga kang, wilujeng.



Baktos


Asep oeking-FL






-- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >Nuhun kana waleran Kang Ade. Sapribadoseun mah tangtos, moal 
hoyong kalebet anu pro atanapi kontra, komo jajauheun kana 
ngagorengkeun atanapi silih poyok. Satadina ma hoyong uninga we, 
margi ari aya hal anu ngagere kana otak teh sok teras wae ararateul 
hoyong terang. Tapi ari teu aya anu tiasa nerangkeun kalawan eces, 
atanapi kedah khususon mah teu sawios, moal maksa (satadina mah 
pedah dibuka diruang publik -- susuganan tiasa bruk brak -- margi 
kayakinan atanapi naon oge tiasa dianggap elmu -- minimal kangge 
perbandingan. Insya Alloh, kapayun upami aya waktos, hoyong nganjang 
ka Pasewakan, da numutkeun lalakon mah, pun Aki pge urang Gunung 
Leutik Ciparay, teu patos tebih ti Baru Jati. Janten samentawis mah 
kapanasaran teh seja dipendem wae dina sanubari. 
> 
> Nuhun sareng neda dihapunten kasadayana.
>  
> >
> >-Sampurasuuun..,
> >
> >Haturan Baraya kisunda ....,
> >
> >Kang.., wacana ngeunaan ieu ngawitan ditampi ku mangle teh din 
ping 
> >21-07-2004 dina jam 23;22:... tah ti ngawitan harita seueur pisan 
> >anu baraya sunda anu mairan aya anu pro sareng kontra, mangga di 
> >tinggal di wacana: tanggapan, anu seseueurnamah silih 
> >gorengkeun,silih poyok, silih cerca, silih ejek mun kongangmah 
> >panginten hoyong silih tonjok umpama pahareup-hareupmah.
> >
> >nu katinggal ku pribados, ieu golongan teh kagungan sipat alim 
> >ngagangu da embung di ganggu, alim ngusik da embung di usik, moal 
> >nyarios  di hareupeun umum sok bilih teu ngarti, da can puguh anu 
> >dicariosanana hayangeun ngarti.
> >
> >tah kuring kaleresan saatosna ngontak salah sahiji sesepuh eta 
> >golonngan, aranjeuna muka lawang, mangga bilih ka singsaha bae 
anu 
> >hoyong muka wawasan kanggo ieu ajaran dongkapan bae pupuhuna 
> >taroskeun sagala rupa kapanasaran, tah engke umpama tos kaharti 
teu 
> >kaharti prak buka dina ieu rohangan.
> >da urangmah lain jalma tukang maksa pan, lamun batur alim nyarios 
di 
> >rohangan, dasarebu kali gogorowokan oge da moal aya nu ngajawab.
> >
> >Pupuhu anu kahiji namina: Bp. Rustama di jakarta alamt aya di 
mangle,
> >kadua tiasa ngadongkapan Gedung Pasewakan di Ciparay, taroskeun 
> >pupuhu di ciparay-da tarerangeun.
> >
> >
> >Mangga sakieu heula bae... ti sim kuring
> >
> >
> >Baktos
> >
> >
> >
> >Asep Oeking-FL
> >  
> >
> >
> >
> >
> >-- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >> >Leres pisan, pribados oge sapagodos sanes bade ngocal-ngocal. 
Ieu 
> >mah estuning hoyong terang. Seueur anu nyebatkeun ayana agama 
Sunda, 
> >tapi ari wujudna kumaha? kumaha prak-prakanana? samar keneh wae, 
> >margi teu aya anu nerangkeun kalawan eces. Padahal cenah, mibanda 
> >kaarifan anu luhung.
> >> Nuhun.
> >>  
> >> >Assalaamu'alaikum,
> >> >
> >> >Kahatur baraya sadaya,
> >> >
> >> >Simkuring kuram-kirim naon bae, kaasup nu jadi bahasan di dieu 
> >lain
> >> >maksud rek ngocal-ngocal, ngaganggu kayakinan atawa ageman 
batur. 
> >Taya
> >> >lian, maksud teh pikeun muka wawasan bae, ngeunaan naon nu aya 
di
> >> >sabudeureun urang. Nya tangtuna (kusabab ieu mah milis urang 
> >Sunda)
> >> >kaasup naon (bae) nu jadi ageman urang Sunda, ti sumber mana 
bae 
> >nu
> >> >bisa kasungsi.
> >> >
> >> >Sakitu bae anu kapihatur, mangga lajengkeun!
> >> >
> >> >sikandar
> >> >
> >> >---------- Forwarded message ----------
> >> >Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >> >
> >> >Rahayu Kang....,
> >> >
> >> >Haturan tepang sareng Sim Kuring Asep Oeking, wiwitan ti 
Ciwaruga,
> >> >Bandung, ayeuna nuju Ngalanglan di nageri deungeun-FL,USA.
> >> >
> >> >Langkung ti payun sim kuring bade sanuk2,parantos tumorojog 
tanpa
> >> >rarapan, teu kirang sareng teu langkung bade nyuhunkeun 
dihapunten
> >> >bilih aya luhur bahe carek, dina mairan artikel dina ieu 
rohangan,
> >> >teu aya sanes sim kuring teh hoyong mungkas obrolan perkawis 
ieu 
> >anu
> >> >tos di padungdengkeun ku Kang kumincir, soalna masalah ieumah
> >> >masalah kayakinan ulah rek di parebutkeun, da ujung-ujungnateh 
> >bakal
> >> >lumpat kana kayakinan.
> >> >
> >> >Didunya aya mangratus-ratus kayakinan anu nerap dina 
kahirupanana,
> >> >sumebar di tiap juru dunya ngan sababraha bae anu bisa 
dibedakeun,
> >> >anu niat hade jeung niat teu hade, carana nyebarna bari maksa 
> >jeung
> >> >teu maksa, kayakinan anu sok ngagogoreng kayakinan anu lian 
jeung
> >> >anu tara ngagogoreng, tah... tos ayeunamah urang pungkas bae
> >> >padungdengan ieu obrolan teh, satuju lah,... mangga bae urang 
> >silih
> >> >cepeng kayakinan masing2 kukalakuan nyata anu hade dina 
kahirupan,
> >> >ulah rek silih oleg kana kayakinan anu lian, da ari geus 
waktuna
> >> >rungkad caringin di buruan mah ngan iwal tikalakuan anu hade 
anu
> >> >bisa di andelkeun, iwal ti amal perbuatan, cag.. tutup lawang
> >> >sigotaka.
> >> >
> >> >Hayu urang silaturahmi bae....
> >> >Baktos
> >> >
> >> >Asep-Oeking-FL
> >> >
> >> >
> >> >PENTING..!
> >> >
> >> >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh 
member.
> >> >
> >> >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
> >sanksi berupa pencabutan membership.
> >> >
> >> >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau 
untuk 
> >selalu mengupdate antivirusnya.
> >> > 
> >> >Yahoo! Groups Links
> >> >
> >> >
> >> >
> >> > 
> >> >
> >> >
> >> >
> >> >
> >> Ganjar Kurnia
> >
> >
> >
> >
> >
> >PENTING..!
> >
> >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> >
> >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi berupa pencabutan membership.
> >
> >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu mengupdate antivirusnya.
> > 
> >Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> > 
> >
> >
> >
> >
> Ganjar Kurnia





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke