Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Kangge pangaweruh umum, kasanggakeun Adat Kapapatenan di Conggeang, dicutat
tina Poesaka Soenda Nomer 6 -- Desember -- 1923.
...........................................................................
...........................................................................
Ieu dihandap diserat, kenging nyutat tina buku panglayang Bat.�Gen (duka naon
tah? -- pen), karangan Rad. Karta Winata Djoeragan Patih Soekabumi marhum
(nalika nyepeng damel di Sumedang), bab adat kapapatenan orang desa Bengang,
Kacamatan Buah-dua distrik Conggeang, apdeling Sumedang.
Adat ieu teh ancal-ancalan ayana, ngan kari jelema anu acan sakumaha
kapanjingan agama Islam ba�, nya �ta di anu ngukuhan k�n�h bubuhunan, kitu og�
dina pok-pokokanana mah geus r�a lambonana (Naon pihartoseunana nya? � pen),
campur Sunda, Arab jeung Jawa.
Anu r�k maot keur ngahanju r�k ngaleupaskeun nyawa, lain didikiran atawa
dipangajikeun, tapi dikawihan laguna geus ngabaku cara kawih pantun
atawa cara lagu rongg�ng. Kieu pok-pokan kawihna :
Tobat Allah
Eling-eling kai jisim
Bubuhan ku kakolotan
Tumurub cahyaning Allah
Tobat Allah Wali yullah
Tobat Allah Tuwan Tuban
Nya Tuan Pangeran Isun
Mikalulu sipat wolu
Dikamudi iman tohid
Dibosehan ku maripat
Tihang layar pancer iman
Sukma mulih badan pulang
Nya mulang ti alam dunya
Nya mulih ti dalem bumi
Kulincer di lemah suci
Datangna ka rahmat tullah
Lantas ka jati sampurna
Ya hu, Ya Allah, Ya hu, Ya Allah
.......................................................................................
Dikawihan nepi ka lastarina; Sanggeus les kakara eureun sarta mayit dirurub.
Dina nyiramanana og� aya anu kudu dipapatkeun, kieu pok-pokanana:
Sang Ratu Pangeran Hantarum
Sang Ratu Nur Gaib
Dat ing iman, rat ing iman
M�h mat, Sah mat, Dat Mat
Ret les kang pasti
.......................................................
Babakuna anu ngurusna kudu dukun, sarta sanggeus mayit disiraman bul ki dukun
ngukus, bari teu tinggal ti jampe, kie pokna:
Boel kukus ka nu Agung
Ka nu wugas ka nu ligas
Pangdatangkeun pangdongkapkeun
Ka nagara Tunjung sampurna
Badan sampurna, Sri Tunggal sampurna
Serahkeun ka Malaikat Incer putih
..................................................................
Sanggeus tamat, ki dukun ngaharewos ditompokeun kana ceuli mayit, pokna :
Elaj �elaj, Las �les
Tes putih, tes herang, pulang ka nagara musna
Sanggeus tartib jung mayit dipindahkeun ka tengah imah atawa ka tepas anu akira
lalega tempatna, lain rek disalatkeun.
Tidinya jol aw�w�-aw�w� anu geus tarabah kana kawih ngariung ngalingkung mayit,
ari Ki Dukun di siraheunana, ngong deui ngawih bareng sar�r�a, lagu papantunan
atawa lagu rongg�ng t�a. Kieu minangka babacaanana:
Eling-eling astagah firulah haladim
Astagah firulah haladim
Astagah firulah haladim
Kang latip kabur ka alus
Manurun manuk manurun
Nitih lawang sawerega
Jabarail lagi nangis
Parahu pakuning layar
Juru batu iman tilu
Juru mudi iman tohid
Dibo�han ku maripat
Luk ngaku badan mulia
Mulia badan sampurna
Mulia ku panarima
Astagah firulah haladim
Astagah firulah haladim
Astagah firulah haladim
Mayit digotong ka kubur. Eta aw�w�aw�w� jeung anu tadi ngawih tea, milu
ngiringkeun ka kubur, bari teu r�p�h ngawih bareng sar�r�a cara tadi, minangka
ngadikirinana.
Sanggeus r�ngs� ngurebkeun, boel ki dukun ngukus, sarta bari mapatkeun jamp�,
kieu jamp�na:
.............................................................
Manik soemilar ngaran menyan putih
Kukus putih asup ka cahaya putih
Nyanggakeun sangu putih sapulukan kasi ......................
Tarima jeung panarima, suka suci mulia badan sampurna
..........................................................................................
Sanggeus ngukus ku menyan; tuluy dibanjur ku cai, tuluy ku tipung par�, kie
pok-pokanana:
Isun kongkon ka malaikat Jabaniah
Pangdatangkeun tipung tawar,
Crih putih mulet, mulia rasa, rasa rasul, Rasul lulah
....................................................................................
Sakumaha biasa astanana sok tuluy dibanjur ku cai, eta g� nya kitu, ngan bari
dijamp�an, kieu jamp�na.
Banyu suka banyu suci
Suka suci, mulia basan sampurna
.....................................................
Wur kembang kieu babacaana:
Kembang sekar, bunga kembang, susumping� Baginda Sir, pasihan Nabi.
Tidinya nemb� bubar
Sumedang Oktober 1887
Ganjar Kurnia
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/