Sim kuring sok rajeun curat-coret nyieun rumpaka -- diantawisna aya anu patula-patali sareng maot, anu kaleresan ayeuna tos mangrupa lagu, sanggian Kang Ubun Kubarsyah. Dijudulan Mangsa Kapendak Jawabna atawa Malakal Maot.
Mangsa Kapendak Jawabna Ku : Ganjar Kurnia Naon nu dirasa ku jasad Mangsa malakal maot, Misahkeun nyawa tina raga Tungtunan kecap toyyibah Anak, incu, kulawarga Teuteup kosong, giler soca, keclak cimata Sakapeung dibarung imut Sakapeung bangun muringis Ditutup ku sora nyekleuk Kaahengan nu teu bisa kajawab: Kumaha rasana sakarat Gusti, Mun dugi kana waktosna Dalah mo tiasa kumaha Nyanggakeun sadaya-daya Nyawa kagungan Salira Gusti, Mangsa kapendak jawabna Kuring taya dikieuna. Cigadung, 07/05/2002 >III. Keur naon diajar paẽh? mending diajar >hirup! > >Keur naon diajar paẽh? Mending ge diajar hirup! >Paẽh mah ceuk bẽja ceuk cenah tina qur�an >gẽ bakal, pernah cenah Allah ngadugikeun >ngalangkungan nabina baheula pisan, qullu nafsin >daikatul maot�. Mending diajar hirup, diajar supaya >hirup guna boh keur pribadi boh keur batur bari bisa >amal kahadẽan bekel engkẽ lamun >paẽh! Komo ayeuna jadi urang sunda nu ngan >saukur kẽkẽsẽd batur di tempatna >sorangan kuduna mah tihohat tẽh supaya hirup >mulya paling saeutikna nyaruaan batur lain kalahka >diajar paẽh. Nu sok nyarita kitu mah cirining >kaum inferior nu ẽlẽh bersaing dina hirup >kumbuh nya sok ngalamun ninggalkeun �tantangan� hirup >ka alam khayal, utopia, lamunan atawa nostalgia. > >Eta panalẽk diluhur, heubeul >kadẽngẽ, nu sigana mẽmang bener >pisan ... jang naon diajar paẽh, nu penting mah >diajar hirup nu paling-paling salah sahijina keur >bekel..... engkẽ ... lamun paẽh. > >Tapi...tapi ... cenah nu nyarita kitu tẽh >pohoeun atawa teu arapaleun kana caritaan tina qur�an >anu lainna....nyaẽta, diajar paẽh >tẽh supaya bisa hirup leuwih mulya jeung menang >tuduh nu enya keur kamulyaan hirup...naha enya? > >Kieu geura..... > >Kongas salian ti supaya jadi yakin henteu cangcaya >atawa was was ngeunaan paẽh siga cariosan >Sayidina Ibrahim nuju naroskeun ka Allah supaya >dipasihan terang carana maẽhan jeung >ngahirupkeun deui tẽh, [nu tangtu mun nurut kana >ku caritaan sayidina Ibrahim mungkul mah bakal aya nu >ngajawab..�enya ari kitu tẽa mah tapi ẽta >mah Nabi ..malah bapana para Nabi jeng ulul azmi >deuih...urang mah jalma biasa...urang mah teu perlu... >cukup percaya we kana caritaan cenah tina qur�an da >cenah ti Allah...jeung deui naha bakal bisa?].... bisa >jeung nyaho kana paẽh tẽh diantarana ku >salah sa tilu sabab dihandap ieu: > >Kahiji, >Bisa paẽh tẽh.... supaya bisa nganyahokeun >kayakinan/amal/ageman nu geus dipigawẽ ku >pribadi salila hirup ieu kayaning bener henteuna/alus >henteuna. Lamun alus /bener diteruskeun dihadẽan >lamun goreng/salah dieureunan ditobatan. > >Dina Mushaf Utsmani surat At Takwir Allah ngadawuh >yẽn cenah Karẽk lamun/saenggeus ngalaman >kiyamat (loba cirina tẽh aya kana 11-na) satiap >nafs/jiwa bakal nyaho kana sagala rupa nu geus >dipigawẽna �aliman nafsun maa ahdarat�. > >Jadi... lamun hayang apal pasti kana sagala rupa hal >nu geus dipigawẽ bener henteuna alus >henteuna..boh kayakinan boh ageman boh amal urang kudu > geus kiyamat heula geuning ceuk Allah mah... ari >paẽh tẽh kaasup kiamat leutik..kiamat >gedẽ mah boa moal ngalaman.. > >Jadi... lamun paẽh ngan dianggap engkẽ >urang moal nyaho (ceuk qur�an) naha enya kayakinan >amal katut sakabẽh nu geus dilakukeun ayeuna >tẽh bener henteuna... misalna wae, naha enya nu >geus dilakukeun tẽh bener keur kamajuan pribadi, >kulawarga, kasundaan katut agama? Boa lain... boa >enya. Saperti loba nu ngomong yakin kana nu salila >ieu dicekelna..tapi karẽk ceuk cenah ceuk >agama.... naon yakinna ari euceuk mah? ....kumaha >lamun salila ieu si euceuk tẽh salah ?..Tangtu >bakal aya nu nyarita ....Ah da ieu mah euceuk gẽ >lain sambarangan euceuk...ieu mah euceuk qur�an nu >cenah.... ceuk batur bener...hẽ..hẽ.. Heug >atuh ari kitu waẽ mah arẽk cukup percaya >ka euceuk mah kumaha dinya tapi... pan ẽta nu >dipercaya tẽh (Qur�an) nyebutkeun kudu >paẽh (kiamat leutik) heula ari hayang �aliman >nafsun maa ahdaraat� mah. Piraku Allah bohong? Cik >rẽk kumaha? > >...Lamun geus bisa paẽh (heula) pan ceuk Allah >bisa nganyahokeun kana naon nu geus dipigawe... urang >bisa intropeksi sorangan ku sorangan di sorangan... >keur kahareup nu leuwih alus salila Hirup engke...ti >nimbang di intropeksi ku batur...lah... sok teu >ngeunah ku batur mah > >...Lamun paẽh ngan dianggap engkẽ >waẽ lamun waktuna paẽh ceuk umum... >hasilna kayakinan tẽh masih teuing bener >henteuna alus henteuna... da pan karẽk pasti >nyaho lamun geus paẽh (kiamat) >tẽa....Lamun urang mamawa kateuing di akhir >meureun dimana mulyana. Ayeuna gẽ di dunya nu >sagala teuing mah tara kapakẽ... sorangana >gẽ bangbaungeun...rumahuh...engkẽna >tẽh can asak kaburu bẽak. > >Kadua, >bisa paẽh tẽh sugan engkẽ >kabẽrẽ Nur (Sunda) ti Allah eukeur bekel >kumelendang leuwih mulya di dunya. > >Tina qur�an deui Gusti Allah cenah baheula kantos >ngadawuh: > >Naha sarua jalma nu geus paẽh terus ku kami >dihirupan terus ku kami dibẽrẽ Nur (sunda) >nu ku kitu tẽh maranẽhna kumelendang di >dunya ...jeung [jalma] nu poẽk lolong bonconong? >(QS, 6:122) � ieu tẽh bari langsung >dibandingkeun/aya hubunganna jeung para pamingpin jjrd >dian ayat satuluyna > >Tah ieu maksudna kudu bisa paẽh heula tẽh, >ku cara diajar paẽh, sabab lamun geus ngalaman >paẽh..kapasihan Nur (sunda) ti Allah >...pan kongas Iman ogẽ lain pamẽrẽ >guru/ulama/nabi/rasul atawa manẽhna ngaku geus >iman hayang asup kaom mukminin tapi...Iman nu ku urang >ditẽangan hayang boga tẽh mangrupa Nur >(sunda) ti Allah (Qs 42:52). Ari iman tẽh lain >nikmat nu panggedẽgedẽna ?? jeung pan ku >modal Sunda ieu tẽh jadi bekel urang nanjeur >heubeul jaya di buana boga dangiang sunda (Nur) caang >lain jadi kẽkẽsẽd deungeun >waẽ!!!!. >Pan kongas dina musthaf utsmani disebutkeun... kitab >gẽ mangrupa Nur (sunda) (42:52) lain mangrupa >tulisan dina kertas...sabab lamun kitab tẽh >mangrupa tulisan dina kertas bakal rẽa nu >nganggap mangrupa sihir... (QS 6:7) jrrd..jrrd >KASUNDAAN nu ngan khusus bacaeun ahli waris ambiya. > >Katiluna, >Lamun geus apal kana paẽh, prosesna, cara cara >na nu jadi cecekelan nana....meureun engkẽ dina >waktuna ninggalkeun ieu alam tẽh lugina >pisan...moal ngahẽsẽkeun batur jeung >pribadina...da lain kakara....paẽh na gẽ >geus unggal usik. Ayeuna keur hirup gẽ naon >lebarkeuneunana. Siga aya caritaan kampung lamun aya >urang kota maot sok nyarita kieu... EULEUH EUY KARUNYA >TEUING MANGKANING MAOTNA KAKARA !!! untung teu >kadarẽngẽeun ku kulawargana...da lamun >kadẽngẽeun mah tangtu disebut kurang >ajar...atawa disebut heureuy ...padahal ceuk nu surti >mah enya karunya lamun kakara bari teu apal mah...saha >nu ngeunah ngalaman sagala lupa nu kakara komo >sakarat. Cacak ka tempat anyar gẽ ti kota ka >kampung ngarumas komo deui pindah ti dunya ka >ahẽrat. > >Sapertos biasa lamun pareng engkẽ bagian >sanẽsna urang kintunkeun. Cag > > >--------- >IV. Kumaha carana diajar paẽh teh ? tong sok >kalahka omong mungkul..... > > > > > >__________________________________ >Do you Yahoo!? >Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. >http://promotions.yahoo.com/new_mail > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa >pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
