Bagea Kang Dudi...kumaha damang kaulanun? wartosna nuju "napakeun" garapan ? 
Mangga lajeungkeun...Kasuhun, aya waktos mah dina sela-selana, pamugi heunteu 
petot ngalongokan ieu milist. Hatur nuhun, tutungkusan anu ieu katampi ku asta 
kalih.
 
Numbu catur bari noongan ku panemu luang ti anu sanes, anu parantos ngantosan 
di barisan payun, urang pulungan buahna bae da nyakitu, lebet kana 
programmingna mah urang teh, khususna sorangan, tuna pisan ku kaayaan.
 
Numutkeun Al Gozhali dina "Al Ihya", pikeun anu tos darugi mah, anu disebut 
"nyawa, otak jeung hate (malah ditambihan ku : "jiwa") teh nya eta-eta keneh, 
anu sohor ku istilah "roh" tea. Rupina, pikeun aranjeunna, 4A teh tos aya dina 
lebet rohna, hetana, jiwana, oge pangaweruhna. Kukituna, nganjang ka alam 
pageto atawa balik ka alam tukang, pikeun aranjeuna mah tos teu aya pamengan 
naon-naon, da buleudanana parantos siga jalan ka cai, kakurilingan unggal 
waktu. Oge pikeun aranjeunna, tos teu aya deui bebedaan antara agama atawa jero 
madzhab-madzhab dina hiji agama. Da nyakitu, syare'atna tos dilakonan, 
tarekatna salawasna dicumponan, atuh hakekatna nya sami kasaksian, da ari 
hakekat mah tunggal tea.
 
Tarekat anu teu kudu pabentar paham pikeun sadaya manusa teh, numutkeun 
kasauran ahli tasawuf, anu jejer ageungna mah bawiraos dina sadaya jalan oge 
sami, nyaeta anu 3 tea: ngosongkeun, ngahias, sareng ebreh (takholli, tahalli, 
sareng tajalli: dina huruf arab, huruf awal ieu tilu nkecap wangunna sami, mung 
benten panambih titik sareng tempatna titik: "kho" (dina "takholli"), "ha" 
(dina "tahalli", sareng "jim" dina "tajalli"). Ngosongkeun, dina harti 
ngosongkeun diri tina laku dosa, tegesna meresihan heula hate (kalebet 
midamelan kawajiban anu poko). Ngahias dilakukeun sanggeus hate/diri beresih, 
ku rupa-rupa amalan sunnah atawa added value. Ari ebreh atawa tajalli mah 
implikasi langsung upama diri geus beresih jeung dihiasan ku laku anu 
kayungyun, anu heunteu sadaya manusa tiasa ngalakukeunana.
 
Laku ngosongkeun, kalan-kalan kacida pikaseunggaheunana, sabab siga jalan anu 
nanjak netek tur rumpil. Geuningan....."naha kunaon anjeun heunteu nyorang 
jalan anu nanjak netek tur rumpil?", "naha anjeun heunteu eungeuh kana jalan 
anu nanjak netek tur rumpil"?, "(eta) ngabebaskeun panindesan (perbudakan), 
atawa maparinanan kadaharan dina mangsa kalaparan ka  budak yatim kulawadet 
atawa golongan anu mariskin anu pohara fakirna tea"...jst (Al Balad). Ngiberan, 
yen "baldatun thoyibatun..." anu diarep-arep teh moal kahontal masing kalah ka 
kumaha bae oge upama ieu jalan anu netek tur rumpil teh heunteu disorang.
 
Laku "ngosongkeun" ngabejaan, yen satiap agama, awalna kudu dimimitian ku 
"heunteu". "Heunteu aya Pangeran, anging Alloh", "heunteu arek nyorang atawa 
nyekel agama upama agama teh ukur dijadikeun alat", "heunteu arek ngahias heula 
ku rupa-rupa laku sunnah atawa anu keur ngatop di masyarakat, upama hal-hal 
pokok (anu netek tur rumpil tea) teu acan dilakonan (komo upama beaya keur hal 
eta teh kudu beunang ngorood hak anu lian mah",..jst. 
 
Ceuk dina sunnah, upama ngahias tos dilakonan...kalawan tangtu samemehna geus 
beberesih heula, mangka...."Panonna, nya panon Kami, pangrunguna nya pangrungu 
Kami, panangana nya panangan Kami, sampeana nya sampean Kami...". Atuh nya 
tangtu bae 4A teh kaideran sadayana, iraha bae sakahayangna. Teu rek kitu 
kumaha, da hamba teh ayeuna mah geus jadi co-creator.
 
Pon kitu deui da geus tajalli tea akhirna....alias gunung egona geus serah 
bongkokan, ngajelegur bitu, sujud payuneun anu hak mibanda ego, sakumaha geus 
ancurna pasir Tursina waktos tajalli-Na di dinya....ngalambangkeun egona Musa 
wawakil kamanusaan sagemblengna anu sumerah di payuneun Maha Agung, nya 
co-creator teh tos kumerot....hoyong mulang ka asalna. Teu matak heran, upama 
aranjeunna mah terang kana iraha waktuna mulang. 
 
(diri jadi kasindirian, pajar cenah hayang mulang, tapi geuning teu apal 
waktuna mulang. Leuheung ari ukur teu apal waktuna, da masih keneh aya kahayang 
mulang. Ari ieu, dalah mulang teh teu dipiharep, da masih betah tea).
 
Kukituna, nya meureun antara pangaweruh jeung panyakseni kana 4A jeung apal 
kana waktu mulang, sakurang-kurangna mikahayang mulang, eta teh kacida raketna. 
Nya eta tea, tandana anu nyangking agama, agama naon bae formalna mah. Siga di 
US, apan aya elmu tilem sareng ngahiyang. Peupeujeuh, ngahiyang teh lain elmu 
akon-akon ti anu eleh, tapi nyata, pangaweruh anu universal, aya dina satiap 
agama, upama kahomntal mah.
 
Tapi oge, aya pancen-pancen anu tinangtu, anu matak sababaraha jiwa heunteu 
milih mulang ayeuna-ayeuna ieu sanajan geus apal carana. Atawa, anu geus tarepi 
teh baralik deui (diantarana: tilem), oge naritis deui (ari netes mah geus 
ilahar, kajaba upama heunteu narikah). Sakumaha pedaranana juragan Shadra dina 
4 lalampahan jiwa. Pamimpin anu sajati, kudu balik deui kana kahirupan anu 
ilahar pikeun ngaheuyeuk manusa, milampah jalan anu kungsi disorangna....jalan 
patepungna anu keur ngumbara ka asalna, atawa jalan ngaleupaskeun anu kahengker 
ku kurungna tea. Ngan, balikna deui kana kailharana teh kudu disorang sanggeus 
lalampahan jiwa anu kaopat kahontal kalawan disarengan ku anu nugaskeunana.
 
Jadi heunteu matak ngarandeg kahirupan, atawa teu kudu nyepikeun diri...da 
lalampahan jiwa anu kaopat mah nya bari prak tea sagulung-sagalang jeung 
kalolobaan, nyumput di nu caang atawa "sabuni-bunina tatapa eta tatapa di nu 
caang" atawa "ikhfaul zuhdi" tea. Nya kitu tea, nyorang jalan anu netek tur 
rumpil, diantarana. 
 
Cag heula. Ningan beurat ari ukur nepikeun beja mah, rumasa tacan ngalakonan. 
Jeung deui, bisi jauh teuing ngacaprukna.
 
Baktosna,
manAR 
 


dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Kang Maman, Kang Hasan, Kang Oman oge baraya sadayana...., 

Kaleresan sim kuring gaduh hanca koredeun sakedik dikebon janten dinten sabtu 
ieu tiasa nempoan baraya di lebak cawene tea. Perkawis 4A tea pangemut sim 
kuring mah mangrupi dasar tina hirup kumargi didinya pisan urang aya jeung 
diayakeun, didieu elmu hirup teh dibedakeun jadi 2 (dua) nyatanya ayana "diri 
urang" tiasa individu, kulawargi, komunitas (sapertos kumunitas sunda), tiasa 
lembaga/organisasi, nagara jrrd. Ieu manawi anu kasebet dunya alit teh, sateu 
acan urang ngokolakeunana urang kedah wanoh heula kana diri urang sorangan boh 
salaku individu atanapi komunitas. Candak bae contona diri urang sorangan, dina 
diri urang aya instrumen naon bae atuh anu tiasa dikokolakeun ngarah urang 
tiasa survive (tingkat dasar hirup). 

Wassalam.
dudi_ss 

  ----- Original Message ----- 
  From: Kang Maman 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, March 18, 2005 3:51 PM
  Subject: Re: [kisunda] Alam Alit Alam Ageung (A4) =>B U K U pro Kang Dudi S.S.



  --- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Posting tadi ti Kang Maman mah
  > raraosan loncat langsung kana conto Alam Ageung,
  > janten teu ka teureuy eung... he... he... 

    Raos luncat langsung ti nu Alam Ageung Kang Dudi,
    margi kitu syareatna urang hirup teh dinu A Ageung.


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Make Yahoo! your home page   

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke