Baraya,
Seueur oge anu percanten (salah sawiosna sim kuring) yen Prabu Siliwangi
teh mung hiji tapi anjeuna kumelendang salami ratusan taun mingpin
Parahyangan. Kanggo jalmi non-sunda urusan ngahiang teh hiji kamustahilan,
tapi kanggo urang Sunda mah urusan ngahiang teh jadi pilihan anu rek pupus,
naha arek dileungitkeun atawa arek dibeuleugeujeurkeun eta raga teh. Ari
kang Anis mah da sanes urang Sunda asli numawi pantes ngomentaran sapertos
kitu oge, eta mah uwih kana kayakinan sewang-sewangan wae.
ilen kardani
At 09:47 AM 5/20/2005 +0100, you wrote:
>Muhun eta panafsiran SD dina Nyucruk Sajarah Pajajaran & Prabu Siliwangi,
>SIliwangi teh Sri Baduga Maharaja nu mokteng di Rancamaya. Beda jeung
>panafsiran Mang Ayat nu nyebutkeun yen kabeh raja ti Prabu nu mokteng di
>Bubat boga gelaran Siliwangi. Siliwangi terakhir nya nu mokteng di Gn
>Pulasari waktu perang jeung Banten (Ragamulya?).
>Bisa disimpulkeun yen raja pajajaran teh tetep jelema nu maot lain
>ngahyang. Numutkeun abah Anis Djatisunda mah ngahyangna Siliwangi teh ngan
>saukur karangan. Ieu ge kedah ditalungtik kunaon atuh aya karangan nu jadi
>mitos, naon tujuanana.
>
>Tumali jeung dedegan Prabu Siliwangi oge ngamasalahkeun dedegan pakean,
>naha raja pajajaran kawas raja India/Wayang, atawa kawas raja eropa nu
>make makuta atawa kawas kumaha?
>
>Masalah Prabu Siliwangi hiji (SBM) atawa leuwih ti hiji rupina kedah dicek
>deui sumber nu jadi dadasar naha jentre disebutkeun atawa hasil tina
>panafsiran.
>
>salam
>tirta
>
>
>nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Ceuk Saleh Danasasmita pamadegan yen Siliwangi teh leuwih ti hiji teh
>cenah salah anu bener mah Siliwangi teh nyaeta Sri Baduga Maharaja Ratu
>Haji sok disebut oge Jayadewata sok disebut oge Pamanah Rasa. Siliwangi
>teh raja anu disebut dina prasasti batu tulis salaku pangeling - ngeling
>ti anakna nyaeta Surawisesa. Kuburan Siliwangi cenah mah ayana di
>Kabuyutan Rancamaya anu ayeuna jadi real estate. Jadi bohong carita anu
>nyebutkeun Siliwangi ngahiyang tuluy jadi maung di leuweung Sancang teh
>
>dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Tah geuning aya raratanana "yen anu disebat
>prabu siliwangi teh henteu mung hiji" jadi upami aya gambarna gambar prabu
>siliwangi anu mana?
>
>Jeung deuih sakumna urang sunda boga kasempetan kanggo nyepeng eta
>kalungguhan (maqom), kukituna ayeuna mah hayu urang paheula-heula
>ngahontalna......,
>
>gajleng...........!!!
>
>
>
>---------------------------------
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today!
> Download Messenger Now
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/