Kang Yan, Kitu pisan nu kaerong ku kuring oge. Ka para inohong, sesepuh, jawara sarta nu sejenna, kuring miharep supaya elmu kasundaan (kaasup falsapah urang Sunda, penca, wayang, kanuragan, jeung sajabana) teh ulah dikeukeuweuk wae, mangga geura pedar, geura saliarakeun supaya dipikawanoh ku balarea. Kitu deui ka para seniman, sastrawan, tukang nulis novel, tukang nulis komik tong hayoh wae ninggalian teuing ka falsafah kulon, geura toong hazanah nu aya di lembur sorangan. Jigana penca Cimande jeung Cikalong bisa dijadikeun salah sahiji ikon nu bisa dipikareueus ku urang Sunda. Jigana bisa jadi padepokan model "shaolin" nu bisa laku jadi industri. Tong resep teuing "cicirihilan", sabab geus katempo resep teuing "humor" teh ngan ukur jadi pangbeberah samentara sasoranganeun, katinggaleun ku batur nu lumpat tarik. Geus kabuktian, widang usaha katinggaleun ku Cina, widang pulitik katinggaleun ku seler sejen. Salam, MH
sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan Kang MH Satuju pisan upami US ngamel komik Cimande ari caritanamah sa tatar sunda wae, geura disusun eta ti taun ka tukang saacan urang hindu, buda, islam, kristen datang ka tanah sunda pasti aya penca. Sok wae digieun komik pasti seueuer anu meser, tapi kedah mintonkeun penca kasundaan ameh asli teu niron kanu sejen. Ari komikmah kedah ngeunah macana nu maca ibarat urang nu maca keur ngiluan penca dizaman baheula, eusina eta carita seueuer mitos , ritual, fisik, cara latihan, cara ngibing da tiap daerah benten. tujuan komik nya pikeun ngadidik generasi urang nu ka hareup naon euy penca teh.......tinu 3000 milis pasti aya nu leuwih hebat ilmuna, kuringmah nembe diajar. Ari nu nembe diajarmah sok ngaguar (euweuh eusina) da eukeur diajar ngaranana oge, ari nu seueur elmunamah sok tara kaluar seseratan, nyaeta eta hadap asor tea / kapinteranana teu acan dimediakeun......sok atuh baraya urang ngaguar dina kertas janten Komik Cimande, ulah dikeukeuweuk sorangan US tos palay maca, sukur-sukur ngigelkeun penca. Ari dina komik sueur nami- nami jurus anu tos ngakar nepi ka ayeuna gumantung paguronna da sa tatar sunda teh seueur pisan. Hiji jurus anu make ngaran panomeran, aya nau make ngaran sasatoan, aya anu make ngaran anu goib, oge jurus ngaran ti alam ageung jeung alam alit. Panomeran contona jurus hiji nepi ka sabelas, aya oge nepi 33 nomor jurus ngalangkahna. Ari ngaran sasatoanmah tos jelas, pamacan, pamaung, cobra, pamonyet, gagaklumayung. Conto jurus nganggo nami anu goib, ngaran jurus teh misalna madi, wadi, kari.. Conto alam ageung jeung alam alit kalimasada, jembatan sirotol mustakim, halilintar, bablas bumi, centar gelap, guntur, geni, elmu cai jeung sajabana..., sim lam be, alif lam lam he , dat...... Eta elmu-elmu anu ngarana beda-beda aya tradisi anu unik lamun di taliti aya pakait jeung nu sejenna, eh geuning urang ngahiji sa sunda / sa dulur. On Friday, May 27, 2005, at 04:29 US/East-Indiana, mh wrote: > Kang Yan, > Jaman keur budak dilembur (Garut), aya jurus penca nu kawentar, sok > disarebut "jurus Cimande" atawa "jurus Cikalong" cenah. Cing sugan > Kang Yan apal (maklum pandekar, hehehe) laratanana kumaha dongengna > eta dua padepokan teh. Naha kira-kirana eta dua padepokan bisa > diangkat jiga Shaolin di Cina, nu geus jadi industri hiburan? Kuduna > aya pangarang Sunda nu bisa ngangkat padepokan Cimande jeung Cikalong > jadi ikon pikeun kareueus urang Sunda. Jadi carita komik misalna. > > Salam, > MH > > sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Kang Rachmat, > Penca teh cikal bakal budaya sunda anu tos jadi kaulinan balarea di > unggal tempat > tatar sunda. Tina penca tiasa janten ngibing sapertos jaipongan anu di > ulem ku Teteh Nenny, olah raga, olah napas, seni, filsafat hirup , adat > istiadat paguron anu unik di US. > Oge eta penca tiasa ngabeungkeut duduluran keuer saha wae anu resp > ngulip penca, anu rupi-rupi gayana. Sa tatar sunda mani seueur pisan > eta olah gerak seni penca teh. > Urang Eropa , urang Amerika parantos terangan yen penca teh ngandung > elmu anu hirup > jeung goib ayana di tatar sunda anu jadi pusat tradisi penca keur urang > asing anu arek ngabebenah naon hartina penca. > > Aduh abdi mani asa gumbira pisan ngadangu carita Nini Eni, anjeuna teh > tos kasohor > di Eropa mah, anjeuna seureur muridna. Jiganamah aya patula patali > sareng guru abdi Abah Aleh sareng anjeuna, duka enya duka heunteu. > Abdimah palay nepangan Nini Eni bulan July , kumaha baraya aya anu > terang dimana rorompokna. Upami aya mangga di japri wae urang > badanten, sareng abdi urang nyocokkeun waktosna anu pas antara anjeuna, > abdi sareng baraya. > > nuhun > yan nyc > On Thursday, May 26, 2005, at 23:22 US/East-Indiana, MRachmat Rawyani > wrote: > >> Sae upami penca janten salah sahiji bahasan di Kongres >> basa Sunda. Kieu wae atuh, kumaha upami Kusnet >> dipasihan waktos dina eta kongres, aya sababaraha >> topik anu tiasa janten bahasan diantawisna penca >> silatna Kang Yan di USA. Minggu nu klangkung oge >> kuring ningali acara di salah sahiji stasiun televisi, >> aya Nini eni anu yuswana tos 90 taun masih mingpin >> paguron penca silat di wewengkon Garut.Mangga >> dicukcruk ku urang Garut, da kaetang moyan oge, gaduh >> cabangna di mancanagara. >> >> >> baktos, >> >> mrachmatrawyani >> >> --- sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >>> Bade naros ka kang Oman anu bade rapat ageung di >>> Subang ari penca sunda >>> dilebetkeun atuh mugi-mugi didukung pamarentah / >>> Gubernur jrrd ka eta >>> program. Ningali pamarentah China penca jadi produk >>> budaya janten >>> industri oge, malihmah disumbang / disokong >>> kagiatanana. >>> >>> nuhun >>> yan nyc >>> > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
