Haturan Kang Iyan, kumaha damang, bingah pisan tiasa ditepangkeun sareng
akang, iraha Akang bade ka Banten ?, pami bade ka Baduy, insya Allah ku abdi
bade dibantos, ayeuna di pentas nasional sohor pendekar banten, sohor dina
premanisme, pulitik, jrrd, nanging nu jawara nu asli na mah tara pamer
pangabisa
----- Original Message -----
From: "sastranegara" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, August 04, 2005 11:54 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] buku sunda wiwitan


> Kang ManR kumaha damang?
> Geuning hese pisan nepangan akang  di Bandung teh, sibuk nya kang? Abdi
> sms sababaraha kali teu aya waleran maksadna bade
> bade napak tilas ka hiji tempat Prabu Siliwangi. Wah untuk kapendak di
> pos US di Baranang Siang sareng teh Nenny sareng nu liana. Kitu oge
> tepang di darat di bumi teh Imas di Jakarta, nya tepang sareng Kang
> Rahmat, Kang Tirta, Kang Man /gatra, Kang Ikmal oge nu liana.
> Mani resep pisan geuning seueur pisan  US nu ngarora nu gaduh cita-cita
> ngahudangkeun budaya US anu erek leungit, ku saha deui atuh budaya US
> bisa ka beungkeut jiga sapu nyere lamun teu ku ku US.
>
> Saparantos riset penca di Cimande / Tarikolot /Bogor,Bandung,
> Tasik,.Ari ka Garut mah geuning pependak Ibu Enie  di Padepokan TMMI
> sihorengAbah Aleh teh  Bapak ibu Ennie anu tos 90 tahun, Abah Aleh guru
> kuring di Bandung utara keur kuring umur 3-4 tahun diajar tepak tilu
> ngibing, ngigel nganggo kendang.
>
> Sakantenan aya panataran penca di Padepokan TMII kirang langkung 2
> minggu anu dikokojoan ku pak Eddy M Nalapraya sareng
> Pak Probowo. Nya ningali Aa Gym caramah mani resep pisan eta dawahna,
> Kiayi Aa Gym oge menca bari ngigel teras masihan karohanian ka para
> pendekar silat sa Indonesia. Ari kuringmah dianggap tamu ti USA  (team
> USA juara penca dunia di Jogya), oge aya ti UK, Perancis, Belanda
> seueurlah jaradi tamu .
>
>
> > Kang ManR upami tiasa abdi nyuhunkeun di japri wae eta "ujukan sanesna
> > ngeunaan Urang Baduy (dilebetna tiasa diaos oge ngeunaan Sunda
> > Wiwitan)"
>
> Sa teu acanna nuhun pisan.
>
> Kang Yan atos ngadarat  selamat di New York City
>
>
> On Wednesday, Aug 3, 2005, at 21:49 US/East-Indiana, oman abdurahman
> wrote:
>
> > Sunda wiwitan, sapalih tos diserat ku MJ, hatur nuhun. Rujukan sanesna
> > tiasa
> > diantosan pedaranana Kang Engkus atawa Kang Indra, mangga dihaturanan.
> > Rujukan sanesna ngeunaan Urang Baduy (dilebetna tiasa diaos oge
> > ngeunaan
> > Sunda Wiwitan) tiasa dipilarian dina buku "Orang Baduy", seratanana
> > Kang
> > Yudistira Garna (hapunten upami lepat nyerat namina), dosen antropologi
> > Univ. kebangsaan Malaysia, lulusan UNPAD, muridna Dr. Kusnaka
> > Admihardja.
> > Ieu buku anu dipedalkeun tina thesis Kang Garna di perpustakaan Unpad
> > rupina
> > sayogi.
> >   Baktos
> > manAR
> >
> >  On 8/4/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >>
> >> IEU kuring boga arsip ngeunaan sunda wiwitan. Nyanggakeun. Ari
> >> bukunamah kuring teu terang.
> >>
> >>
> >> From: mj
> >> To:
> >> Subject: [UrangSunda] AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
> >> Date: Tuesday, December 16, 2003 10:43 AM
> >>
> >> AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
> >>
> >>
> >> Nu ngagem:
> >> Urang Sunda Kanekes (ngaran topna: Baduy). Kanekes teh ngaran hiji
> >> tempat
> >> di Banten.
> >>
> >> Ngaran Agama & Kapercayaan:
> >> Sunda Wiwitan. Wiwitan teh hartina mimiti, asal, poko, jati. Ngaran
> >> sejen:
> >> Sunda Asli, Jatisunda (jati, sanes mahoni)
> >>
> >> Ngaran Pangeran:
> >> Sang Hiyang Keresa (Nu Maha Kuasa), Nu ngersakeun (Yang Maha
> >> Menghendaki).
> >>
> >> Sebutan sejen:
> >> Batara Tunggal (Tuhan Yang Maha Esa),
> >> Batara Jagat (Tuhan Penguasa Alam)
> >> Batara Seda Niskala (Tuhan Yang Maha Gaib)
> >>
> >> Tempat Pangeran:
> >> Buana Nyungcung
> >>
> >> Kabeh dewa dina konsep agama Hindu (Brahmana, Syiwa, Wisnu, Indra,
> >> Yama,
> >> jrrd) tunduk ka Batara Seda Niskala.
> >>
> >> Konsep Alam ceuk 'mitologi' atawa 'kosmologi' urang Kanekes aya tilu:
> >> 1. Buana Nyungcung, tempat linggih Sang Hiyang Keresa, pangluhurna
> >> 2. Buana Panca Tengah, tempat jelema, sato, tatangkalan (kaasup
> >> tangkal
> >> jengkol jeung peuteuy) jeung sadaya mahluk sejena (sireum, tongo,
> >> tumbila,
> >> jeung sajabana)
> >> 3. Buana Larang , naraka. Panghandapna.
> >>
> >> Antara Buana Nyungcung jeung Buana Panca Tengah, aya 18 lapisan
> >> (langit
> >> tea meureun). Lapisan pangluhurna, ngarana Buana Suci Alam Padang, nu
> >> ceuk
> >> koropak 630 (sigana nomer lomari paranti nunda naskah kuno di Arsip
> >> Nasional Jakarta) disebut Alam Kahiyangan atawa Mandala Hiyang, tempat
> >> linggihna Nyi Pohaci Sanghiyang Asri jeung Sunan Ambu. (Sunan Ambu ieu
> >> ayeuna dijadikeun ngaran gedong teater di Sekolah Tinggi Seni
> >> Indonesia
> >> Bandung (STSI) Buah Batu.
> >>
> >> Sang Hiyang Keresa nurunkeun tujuh batara di Sasaka Pusaka Buana. Nu
> >> pangkolotna, Batara Cikal, dianggap karuhun urang Kanekes (Baduy).
> >> Turunan
> >> batara sejenna marentah di daerah Karang, Jampang, Sajra, Jasinga,
> >> Bongbang, Banten.
> >>
> >> Kapangaruhan Hindu Saeutik
> >> Mun noong ngaran2 batara ('utusan' Sang Hiyang Keresa: Wisawara,
> >> Wisnu,
> >> Brahma), tetela aya pangaruh ti Hindu kana ieu sistem kapercayaan
> >> urang
> >> Kanekes. Tapi kapercayaan Urang Kanekes ieu lain Hindu.
> >>
> >> Buana Panca Tengah
> >> Ieu wilayah jelema jeung mahluk sejenna, dibagi numutkeun tingkat
> >> kasucianana:
> >> 1. Sasaka Pusaka Buana, dianggap paling suci, ampir ngarendeng jeung
> >> Sasaka Domas (atawa Salaka Domas). Ieu pusat dunya.
> >> 2. Kampung Jero, Pusat lingkungan Desa Kanekes
> >> 3. Kampung Luar/panamping/penyangga/bumper, Desa Kanekes, jadi pusat
> >> Banten
> >> 4. Banten, jadi pusat Sunda
> >> 5. Tanah Sunda
> >> 6. Luar Tanah Sunda
> >>
> >> Aturan Hirup:
> >> Titahan jeung Pamali (basa urang dinya, Buyut) ti karuhun. Kabuyutan,
> >> tempat nu ngandung rupa-rupa pamali. (Teu meunang anu, teu meunang anu
> >> tea-.)
> >>
> >> Ritual/Upacara:
> >> ngukus,
> >> muja,
> >> ngawalu,
> >> ngalaksa.
> >>
> >> Muja
> >> Muja diayakeun di Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas dina waktu nu
> >> beda. Di Sasaka Pusaka Buana sataun sakali, lilana tilu poe, tiap
> >> tanggal
> >> 16, 17, 18 bulan Kawolu (bulan kalima numutkeun sistim kalender Urang
> >> Kanekes. US boga sistem kalender sorangan tah!). Muja dipingpin ku
> >> Puun
> >> (sigana sarupaning kepala adat) Cikeusik, jeung jalma2 kapercayaanana
> >> (baris kolot-sesepuh meureun). Poe kahiji, rombongan upacara angkat ka
> >> ranggon (Talahab- saung). Ngendong di dinya. Isukna, mandi jeung
> >> karamas,
> >> terus angkat ka ka Sasaka Pusaka Buana ti arah kaler. Upacara muja
> >> dilakukeun di undakan kahiji, ngadep ka pasir/bukit SPB, nepi ka
> >> tengah
> >> poe. Terus mersihan salira, bari memeres palataran undakan. Beres
> >> kitu,
> >> ngumbah leungeun jeung suku ti batu Sang Hiyang Pangumbahan. Terus
> >> naek ka
> >> puncak pasir/bukit. Di dinya rombongan ngala lukut nu napel dina batu.
> >> Lukut (lumut) eta disebut komala (permata), dibawa mulang jeung
> >> dipercaya
> >> bisa ngadatangkeun berkah jang nu merlukeun.
> >>
> >> Buyut/Pamali
> >> Aya dua jinis:
> >> 1. Buyut Adam Tunggal, pamali nalian urang Tangtu (warga kampung
> >> jero).
> >> Buyut ieu pamali nu nalian hal poko jeung nu sejenna/rinci
> >> 2. Buyut Nuhun, pamali nu berlaku jang orang Panamping jeung Dangka
> >> (warga
> >> Kanekes Luar). Buyut ieu mah ngan jang nu poko. Jadi nu di Panamping
> >> atawa
> >> Dangka kaci dilakukeun, tapi di daerah Tangtu/Kampung Jero mah teu
> >> kaci.
> >>
> >> Pamali bin buyut ieu ngandung udagan:
> >> a. melindungi kasucian jeung kamurnian suka manusa
> >> b. melindungi kamurnian mandala/tempat cicing
> >> c. melindungi tradisi
> >>
> >> Buyut atawa pamali (tabu) diayakeun bisa jadi jang melindungi mandala
> >> Kanekes, karena ti samet Karajaan Sunda ancur (1579 Masehi), teu aya
> >> deui
> >> karajaan nu ngalindungi. Malah sok aya pertentangan kapentingan antara
> >> urang Kanekes jeung Kasultanan Banten oge pamarentah kolonial. Tah,
> >> ceunah, cara jang melindungi diri sendiri teh make eta pamali atawa
> >> buyut!
> >> Teu kawasa, ucapan nu kaluar mun kudu ngarempak buyut.
> >>
> >> Hukuman atawa sanksi jang nu ngarempag buyut: di
> >> kaluarkeun/dipiceun/ditamping ti lingkungan asal dina jangka waktu nu
> >> tangtu, biasana 40 poe. Upacara pelaksanaan hukuman disebut Panyapuan.
> >>
> >> Konsep Daur Hirup
> >> Sukma atawa roh jelema asalna ti Kahiyangan, mun hirup di Buana Panca
> >> Tengah angges, sukma balik deui ka Kahiyangan (ngahiyang tea
> >> meureun!).
> >> Waktu sukma turun ti Kahiyangan ka Buana Panca Tengah, kondisina
> >> rahayu,
> >> alus, balik oge kudu kitu. Mun henteu beresih tapi kotor alatan loba
> >> buyut/pamali nu dirempag, nya ka naraka. Alus gorengna sukma waktu rek
> >> mulang gumantung kana amal perbuatan di Buana Panca Tengah saluyu
> >> jeung
> >> tugas hidup masing2. Dina raraga mancen tugas, sukma dibekelan 10
> >> indra.
> >> Enyaan, sapuluh, lain salah nulis!
> >>
> >> Geus ah, cape euy!
> >> -------------------------
> >> Catetan:
> >> Meunang niron ti Edi S. Ekadjati, Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan
> >> Sejarah), Pustaka Jaya, 1995. (Bukuna meunang nginjem ti Arie Kusuma
> >> Argadipa, urut mahasiswa si kuring, teu kaburu dibalikeun, da si eta
> >> na
> >> geus lulus manten, hehe-)
> >>
> >>
> >> mj
> >> geocities.com/mangjamal <http://geocities.com/mangjamal>
> >>
> >>
> >>
> >> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
> >>
> >>
> >>
> >> Thursday, August 4, 2005, 7:54:11 AM, you wrote:
> >>
> >>> Punten numawi aya anu gaduh buku atanapi artikel ngeunaan SUNDA
> >>> WIWITAN.
> >> --
> >> Best regards,
> >> durahman mailto:[EMAIL PROTECTED]
> >>
> >>
> >>
> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >>
> >> Yahoo! Groups Links
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>
> >
> >
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
> >
> >
> > PENTING..!
> >
> > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> >
> > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> > berupa pencabutan membership.
> >
> > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
> > selalu mengupdate antivirusnya.
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> Please visit
> http://www.silatbooks.com/
> http://www.silatpdusa.com/
> Please write
> [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke