sampurasun kang Dikki, sami simkuring ge asa nembe nguping perkara sikep panganut Ahmadiyah dugi ka kitu, benten sareng pangalaman simkuring waktos kungsi babarengan ngariung gunem catur di Pasantren Cipasung (Tasikmalaya) sareng waktos aya padungdengan di Kanwil DEPAG Jawa Barat di Jl. Sudirman Bandung nu diluluguan ku kelompok LSM PAKUAN. Da nyatana nu kasaksi jeung karasa maranehna teh estu someah, sabar, hade tutur hade catur sapertos hasna urang Sunda, malahan ngondang ka simkuring pikeun datang ka komunitasna. Oge sakur kidulur nu pernah nyaksian dialog di televisi nu dipandu ku Salim Said nu ngahadirkeun MUI jeung pangurus Ahmadiyah katiten sabarna eta pangurus sok sanajan keur dikekesek, estuning teu katingal aya rasa kasinggung sumawonna ambek.... Bet asa patebih sareng nu dicaturkeun ku kang Gin. Ke... ke..ke.. Naha leres eta teh pangalaman kang Gun (mugi dijelaskeun panaros ti kang Dikki), atanapi dumasar kana beja jeung cenah??, Punten sanes simkuring teu percanten, mungkin bae pangalaman kang Gun leres kitu, mung nu dipikahariwang teh simkuring mah inggis jeung bisi eta cariosan teh teu dumasar tina pangalaman nu kasaksi jeung karasa, rempan bisi kalebet kana perkara nu kasebat "fitnah" anu apan sakitu dilarangna ku ajaran Islam teh, malah apan aya paribasa Fitnah leuwih kejem tinimbang maehan. Hal ieu sanes teu aya alesan, margi upami ngabandungan kahirupan di dunya, teu sakedik jalma nu mikaresep natalepakeun atawa nyebar-nyebarkeun cenah jeung beja teh bari jeung sok ngadon terus ditambahan jeung dirarangkenan supaya leuwih "heboh" jeung "dramatis". Dina nampa beja/ cenah boh liwat ucap oge tulisan, oge umumna urang sok langsung yakin jeung percaya sok sanajan teu nyaksi teu ngarasa, komo lamun kana perkara nu panuju jeung kahayang atawa sapamadegan, di lebah dieu biasana kajembaran disapirakeun. Palebah dieu saleresna urang kudu jembar, sabab teu saeutik tulisan atawa beja ngahaja disebarkeun dibewarakeun pikeun ngawangun citra luyu jeung nu dipikayang malah mungkin ngandung muatan pulitik, saperti Amerika liwat film-filmna, ngahaja ngagambarkeun urang Indian teh mangrupa hiji bangsa nu biadab, kejem jeung primitif, kukituna waktu diserang jeung dimusnahkeun ku koboy-koboy, pamireung teh teu nyalahkeun, malah ngeprokan panuju jeung nganggap si koboy teh pahlawan jagoan. Teu beda walanda ngahaja ngawangun citra yen luluhur urang memeh agama ti luar arabus ka Nusantara digambarkeun biadab teu mibanda budaya, agamana ge primitif, nyembah roh nenek moyang liwat patung/batu, tatangkalan jeung tempat-tempat karamat. Ieu memang ngandung muatan pulitik sangkan bangsa nu dijajahna boga kayakinan nepi ka "dibawah sadarna" (dicuci-otak), jadi : teu ngabogaan rasa percaya diri, teu boga kareueus ka luluhur jeung budayana, teu micinta ka lemah-cai jeung bangsana, Bangsa ti wewengkon Kulon (bangsa kulit putih)leuwih luhur darajatna tinimbang bangsa wewengkon wetan (Asia), nganggap sagala nu datang ti luar bangsana mibanda ajen nu adiluhung, nu tinangtu nguntungkeun pikeun penjajahan. Tah citra/gambaran kitu teh masih keneh narerempel di bangsa urang kiwari. Mana pantes Walanda nu lega nagarina jeung jumlah wargana jauh leuwih leutik tinimbang P.Jawa bisa mampu ngajajah nagara urang tepi ka 350 taun (sapuluh generasi leuwih), malah tepi ka kiwari mun nyanghareupan basa Kulit Putih umumna bangsa urang masih keneh sumuhun dawuh, eleh pamor teu aya komara, sabab panjajahan umumna lian ti panjajahan nu sifatna fisik, oge dibarung ngagunakeun pendekatan budaya pikeun ngarobah pola pikir jalma (brain image).
Tah ku gambaran ieu, kuring umajak ka dulur-dulur, naon bae kayakinan agamana, hayu urang nanjeurkeun deui ajen-tinajen Kasundaan nu didumasaran kana Kamanusaan. Percaya jeung yakin ka nu aya jeung karasa, teu ngagugulung kana cenah jeung beja. Hirup kumbuh miheulakeun laku lampah nu didumasaran welas asih, sabab urang geus rumasa kasifatan ku welas-asih Gusti Nu maha Suci cag heula. Rampes, --- Dikki <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > : dihapus : > > Kang Gun... kumaha perkawis Nabi Isa nu nuju diantos > lungsur di akhir jaman tea ? > Naha moal disebat Nabi ? > Pami disebat Nabi, naha bakal disebat Nabi sateuacan > Nabi Muhammad, atanapi nabi saparantosna ? > Teras naha engke pami urang tos tepang sareng Nabi > Isa nu bakal lungsur teh, urang kedah ngangken umat > nabi Muhammad atanapi umat Nabi Isa ? > Atanapi kumaha atuh kedahna teh ? > Nyuhungkeun "pencerahan" kumaha atuh nu disebat teu > aya deui Nabi saparantos Nabi Muhammad teh, kaitanna > sareng lungsurna Nabi Isa di akhir jaman... > > Perkawis shalat di masjid na ahmadiyah, asa nembe > nguping wartos dugi ka kitu mah... di masjid > ahmadiyah nu mana harita kang Gun ngiring shalat ? > Naha aya bentenna islam nu biasa sareng nu ahmadiyah > ? Maksadna pami nuju shalat di masjid nu sami ? > Atanapi lebet ka masjid ahmadiyahna ge tos kedah > ngangge absen/kartu anggota ? > > Perkawis nu katilu, kumaha atuh urang ahmadiyah di > lingkungan masyarakatna, panginten pami kasumpingan > ketua RT, RW atanapi nu sanes teh teras "beberesih" > di bumina masing-masing nya pami kitu mah cara nampi > tamu na... :) > Boa-boa pami urang ka bumi urang ahmadiyah mah teu > di waler kitu salam na oge pami tea mah urang > ngucapkeun assalamu'alaikum... > Naha kang Gun kantos ngalaman kajantenan "namu" ka > bumi urang ahmadiyah teras teu di waler "salam"na > sapertos kitu ? > > Nuhun. > > Baktos, > Dikki (nu nuju milari "pencerahan") > > > ahmadiyah, naha ahmadiyah oge toleran, arif , ka > non ahmadiyah ?, kiwari aya > > sababaraha ajaran ahmadiyah nu nyieun umat islam > ngamuk : > > 1. Jemaat Ahmadiyah ngaku Nabi, saparantos nabi > Muhammad, bari jeung ngaku > > umat islam keneh, lain halna upami teu ngaken umat > Nabi Muhammad (Islam) > > 2. Umat Islam non ahmadiyah teu kenging shalat di > jero masigit ahmadiyah, > > alesanana umat islam non-ahmadiyah dianggep > "najis", sanajan mandi 7 poe 7 > > peuting tetep bae diangggep najis, kenging shalat > di masigit ahmadiyah upami > > ngiring jemaat ahmadiyah, padahal masigit teh keur > sarana shalat umat islam > > dimana bae, naha ieu tiasa disebat "pemaksaan" ? > > 3. Aya oge sabagian jamaat ahmadiyah, saupami > kadongkapan umat islam non > > ahmadiyah di tempatna (rorompok), tilas calik non > ahmadiyah baris > > dikumbah/disebor/dibersihan, alesanana aya najis, > tah naha daek kidulur > > dianggep saperi kitu ?, kuring oge saupami > kadongkapan non-muslim di > > rorompok abdi teu kitu-kitu teuing, kacuali upami > aya sato asup ka rorompok, > > saperti hayam, embe, jrrd, tangtuna bakal > dibersihan, margina bilih aya > > najis nu kasisa, tah ki dulur naha daek dianggep > kos "sato" ? > > ----- Original Message ----- > > From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> > > To: "kisunda" <[email protected]>; > <[email protected]>; > > <[email protected]> > > Sent: Monday, August 22, 2005 9:23 PM > > Subject: [kisunda] "Kearifan lokal" urang Sunda > geus leungit? > > > >> Wartos tina detik.com, perkawis jamaah Akhmadiyah > nu diserebu jeung nu > >> kasieunan diserebu. Anu menarik tina wartos ieu, > nyaeta ucapan sekertaris > >> Komisi A DPRD Jawa Barat, Syaiful Huda Syafii, nu > nyebatkeun "Kearifan > >> lokal' Jawa Barat parantos leungit,. Lengkepna > kieu cenah ceuk anjeunna > > teh > >> : > >> "Ahmadiyah juga warga negara Indonesia. Mereka > harus dilindungi. Kearifan > >> lokal di Jawa Barat sudah tidak ada lagi. Soal > SKB tersebut harus > > dikritisi, > >> jangan dibiarkan terus terjadi. SKB itu harus > digugat. Sudah cukup MUI > > saja > >> yang salah" > >> > >> Kumaha tah baraya? naha leres kaarifan lokal > urang sunda teh parantos > > punah? > >> jeung naon nu dimaksud "kaarifan lokal" didieu > teh? > >> > >> Dihandap ieu wartos ti detik.com : > >> > >> Merasa Terancam, Jemaat Ahmadiyah Cirebon > Mengungsi > >> > >> Ahmadiyah telah difatwakan oleh Majelis Ulama > Indonesia (MUI) sebagai > >> ajaran yang sesat. Pasca terbitnya fatwa itu, > sejumlah aksi kekerasan > >> menimpa sebagian Jemaat Ahmadiyah di berbagai > daerah. > >> > >> Jumat (19/8/2005) lalu, masjid Istiqomah, yang > menjadi markas kegiatan > >> jemaat Ahmadiyah di Desa Sadasari, Kecamaran > Argapura, Kabupaten > > Majalengka > >> dirusak oleh sekelompok massa. Tindakan anarkis > ini juga membuat jemaat > >> Ahmadiyah di Cirebon merasa terancam. Mereka > khawatir terjadi kekerasan > > pada > >> diri mereka. Karena itu, tidak sedikit dari > mereka yang kini mengungsi > > dari > >> tempat tinggalnya. > >> Informasi ini disampaikan pengurus Jemaat > Ahmadiyah Jawa Barat, Entang > >> Rasyid kepada detikcom, Senin (22/8/2005). Entang > menyesalkan sikap > > anarkis > >> yang menimpa para jemaat Ahmadiyah di beberapa di > Jawa Barat. > >> > >> "Kondisinya sudah begini. Susah diantisipasi. > Kita tawakal saja. Yang kita > >> perlukan saat ini adalah pengamanan oleh aparat > kepolisian . Kita sendiri > >> akan menghindari perlawanan," ungkap Entang. > >> > >> Menurut dia, jumlah jemaat Ahmadiyah di > Majalengka dan Cirebon cukup > > banyak. > >> Diperkirakan ada sekitar 3.000 hingga 4.000 > orang. "Sekarang pengamanan > >> untuk masjid masih dilakukan. Tolong, jangan > "Ahmadiyah juga warga negara > >> Indonesia. Mereka harus dilindungi. Kearifan > lokal di Jawa Barat sudah > > tidak > >> ada lagi. Soal SKB tersebut harus dikritisi, > jangan dibiarkan terus > > terjadi. > >> SKB itu harus digugat. Sudah cukup MUI saja yang > salah,"lagi aksi > >> kekerasan," pinta dia. > >> > >> Kekerasan yang mengancam jemaat Ahmadiyah di Jawa > Barat bermunculan > > setelah > >> keluarnya beberapa surat pernyataan. Antara lain, > surat pernyataan yang > >> dinamakan Surat Kesepakatan Bersama atau SKB. > Surat ini ditandatangi oleh > >> pimpinan daerah dari mulai tingkat kejaksaan, > pemerintahan daerah, > >> kepolisian, komandan militer hingga pimpinan > dewan. > >> > >> Beberapa daerah di Jawa Barat yang telah > mengeluarkan SKB tersebut, antara > >> lain Cianjur, Majalengka, Tasikmalaya, Cirebon, > Bandung, Bogor, dan > > Cimahi. > >> Lima daerah yang sudah pernah terjadi kekerasan > terhadap Ahmadiyah terjadi > >> di Bogor, Cirebon, Majalengka, Kuningan, dan > Cimahi. > >> > >> Menanggapi hal ini, Sekretaris Komisi A DPRD > Provinsi Jawa Barat, Syaiful > >> Huda Syafii menyesalkan aksi kekerasan ini. Dia > meminta Presiden SBY > > segera > >> dengan tegas memutuskan keberadaan Ahmadiyah dan > menghentikan upaya > >> kekerasan tersebut. Mahkamah Agung (MA) juga > didesak segera mengambil > > sikap > >> atas status dari SKB tersebut'. > >> > >> Isi SKB itu menyangkut status tiap daerah > terhadap keberadaan Jemaat > >> Ahmadiyah. Dari ketujuh daerah yang sudah > mengeluarkan === message truncated === ____________________________________________________ Start your day with Yahoo! - make it your home page http://www.yahoo.com/r/hs ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
