Ah leres pisan eta teh, Teh Ika, nu "nyirian" teh lain nu "samanea" tapi pulisi Federal Amerika alias FBI. Amerika nuduh Indonesia gudangna pornografi ....hehehehe margi ukuran "porno"na beda. Nu disebut porno ceuk Amarika mah seks ka budak, bisnis jual beuli awewe (perbudakan awewe) nu marak di urang mah, kaasup oge TKW !. Saha nu ngajamin TKW teu "didagangkeun" dinagara tujuanana?
Teh Ika, kuring kantos maca di milis sabeulah posting ti istri nu sering angkat-angkatan ka luar negeri. Ceuk manehna manehna leuwih wani sosorangan indit ka kota-kota di Jepang, Eropa Barat atawa Amerika da aman, teu sieun "dinanaon" contona lamun kapeutingan di jalan. Tapi manehna teu wani indit-nditan sosorangan ti peuting di Jakarta da sok sieun ku itu jeung ieu. Tah lamun leres dongeng si istri balantrak ieu, teu nyambung deui wae logika "gambar awewe bubulucun" bakal nambah perkaosan ............eh perkosaan ...... da faktana malah patulang tonggong. Atawa meureun leres ceuk Kang Maman, lalaki urang Melayu mah gampang "hudang" tinimbang lalaki ti nagara-nagara maju .....hehehehe. Aya deui nu matak helok teh, eta papatah ti nu sok "nyanyahoanan" kanu rek munggah Haji. Kieu cenah, lamun naek taksi di Arab, ulah awewe heula nu asup kana mobil, tapi lalaki ti heula, sabab lamun awewe ti heula, bisi dibawa kabur ku supir taksi. Beu ...........kacida eta mah papatah mani suudzon kitu ka urang Arab teh .........eh supir taxi, da tiasa wae supir taksina lain urang ARab tapi urang bangla Desh atanapi urang Mesir. Baktos, WALUYA (Satuju Playboy teu kudu medal di Indonesia) ----- Original Message ----- From: "ika mardiah" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, January 26, 2006 8:52 PM Subject: Re: [kisunda] Pornoaksi, majalah playboy, jeung tukang baso > Cenah mah Indonesia teh dina widang pornografi nomer hiji sadunya. Jadi > dibandingkan nagara-nagara sejen tos panghebatna Indonesia teh dina widang > ieu teh. Naon ukuranna, mangga tingal tayangan TV sareng tabloid oge > majalah. Janten upami Playboy terbit teh ngalengkepan wungkul. > > Baktos, > ika PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
