Teteh-teteh katut akang-akang

Leres geuning eta majalah teh langkung haneut ti baso. (hehehe)

Ieu janten kaemutan. Upami urang banding-banding sareng bangsa barat ayeuna, 
katingalina rada sesah oge. Nu kahiji, da geuning tolok ukurna oge benten pisan.
Bangsa barat teh pangalamanna, upami ngetang waktos, sababaraha kali lipet ti 
pangalaman urang. Paling henteu pangalaman nu kacatet dina sajarah.
Upami teu lepat, sajarah indonesia nu kacatet mah geuning ti sakitar abad ka 2 
masehi. Tapi duka ieu mah, seueur nu langkung paos panginten di milis ieu 
perkawis eta mah. 
Saleresna sababaraha puluh/ratus taun ka pengker mah kondisi eropah teh ya teu 
tebih-tebih teuing sareng di urang. Malih mah langkung kacau ti urang cenah. 
Candak we contona amerika sanajan sanes eropah oge. Ningali tina hiji pilem 
mah, kantos hiji waktos nilai-nilai kajalmian (kemanusiaan) teh teu dipalire 
pisan. Si A ngarampok si B, si C diperkosa di D, sareng sajabina.

Ngan geuningan, pengaruh hiji pamingpin teh ageung pisan dina nangtoskeun  
pisan nasib nagara kapayunna. Ku idealisme sareng tujuan nu jelas hiji 
pamingpin tiasa ngalelempeng masarakatna.
Aeeh naha janten siga masihan kuliah. Ah sok mamatahan ngojay ka meri. Hapunten 
hapunten....

Eh naon tadi teh? Oh muhun bade ngabandingkeun urusan ukuran porno bangsa barat 
sareng bangsa urang. 
Numutkeun pamendak abdi, ari porno mah dimana-mana ge sami wae. Ngan nu benten 
teh reaksina ti tiap-tiap jalmi. Punten ieu mah kaleresan we diparengkeun tiasa 
mengamati ti kacaketan, di jerman.

Urang barat upami ningali nu kararitu, sami we upami nambut istilah kang Maman 
mah "hudang". Ngan maranehna mah hudang teh nya terang-terangan we. Da nganggap 
yen eta mah alamiah. Sababaraha jalmi nya aya oge anu nyebat nu kitu teh 
"poison" cenah. Mirip lah siga di urang.

Umumna ngaranggap nu kitu teh wajar wae, da sipatna manusa cenah (upami teu 
disebat rada ka sato-satoan mah). Ceuk urang dieu upami aya nu kitu nya 
dinikmati we ku soca. Tara dibarengan ku suit suit sagala. Upami kajantenan 
"sesuatu yang diinginkan" nya etamah dianggap alamiah tea. Wajar da manusa, 
cenah. Teu aya larangan, atanapi kontrol moral siga di urang, da memang dina 
aturan agamana oge teu eksplisit ngalarang siga agama urang.

Ari di urang kumaha? Tah geuning di urang mah rada aneh. Tong waka nu kabuka 
kitu, nu ditutup-tutup ge dikeprokan diheotan disuitan. Bari sakapeung sok 
ceuceuleuweungan ti tukangeun bari meumpeun carang.  Siga namah eta teh pedah 
bangsa urang mah rada isinan. Wantun soteh upami teu katingali raray, atanapi 
upami katingali oge asal rame-rame. Ari nyalira mah teu kiat ku ratug 
tutunggulan.

Bahayana nu kieu teh nyaeta pas aya kasempetan anu rada kabuka, sok ngaburudul 
teu katahan tea. Kumargi sagala oge upami tos pinuh teras ditahan-tahan, aya 
bocor sakedik teh muncrat kamana-mana. Nu kieu teh tingkah laku masarakat 
"tanggung" tea panginten.

Ah punten yeuh, rada kapameng urang teraskeun we. Mugi sing sabar ngaosna.

Kumaha atuh ari masalah moral? Cenah mah di nagri urang moral nu siga korupsi 
kitu teh mahabu pisan. Naha ari di nagara-nagara barat henteu?
Pendapat abdi mah, eta teh teu leupas tina pangalaman bangsa sareng idealisme 
pamingpin tadi. 
Di dieu, sanes teu aya nu resep korupsi teh. Nanging kasempetanna anu 
di"eliminasi" ku aya aturan anu jelas jeung manusiawi, sareng oge didukung ku 
tatanan birokrasi anu simple sareng rapih teu bulat beulit.

Naon maksadna manusiawi? Kieu kang/euceu, ieu mah pangalaman we kapungkur abdi 
kantos kengen dana alit ti pamarentah urang, cenah mah kanggo penelitian. Tapi 
dina proposal teu kenging aya komponen honor, sagalana kedah seep ku meser 
barang/bahan penelitian.
Tah nu kieu aturan teu manusiawi teh. Naha saha kitu nu barang damel bari teu 
aya ongkos jang ngadamelna? Leuheung mun gajih aya langkung. Da boro-boro 
deuih. Nya tungtungna mah teu pararuguh we. Da maeunya atuh ari administrasi 
"motong" ari kuring nu gawe teu meunang sakeclak-keclak acan. Tapi pas 
ditaroskeun nu leres, naha waleranna teh: "Yaa diatur-atur aja Pak"
Beu! Lieur pan?

Abdi oge nguping cenah, aya anu kengen proyek pembangunan milyaran, tapi anu 
ngelola eta proyek ngan kabayar 500 rebu perak, "RESMI"na. Tah ieu ge aturan 
teu manusiawi, atuda ngurus duit teh lieur, maenya ari honor teu cekap kanggo 
ongkos-ongkos acan. Teu acan deui upami ngalereskeun nanaon teh bulat beulit 
bari siga diulinkeun ku birokrasi.

Ah seueur sigana ari conto mah, sanajan ngan cenah wungkul ge.

Tah nu kieu nu teu aya di nagara batur teh. Geuning didieu mah sagala ge 
aturanna jelas, sareng ngahindar tina pabaliut birokrasi. Aturan teh dirancang 
supados nulungan ka masarakat. 

Ceuk surpey mah indonesia teh paling pabeulit cenah birokrasina.
 Duka kunaon atuh nya ari di nagara urang? Da ari ningali-ningali mah anu 
ngadamel aturan-aturan teh sanes jalmi jore-jore. Pasti jalmi palinter eta teh, 
Tapi naha seueur pisan aturan nu teu manusiawi anu ngakibatkeun bibit-bibit 
korupsi tea, nu ahirna ngarusak mental bangsa ampir di sagala tingkatan.
Siganamah birokrasi di urang nganut palsapah, "Selama bisa dipersulit, buat apa 
dipermudah". Mulai ti nyieun ktp, sim, dugi ka paspor, kedah bulat beulit, clek 
sarebu rebu ka meja hiji, clek limarebu kameja dua. 
Nu ahirna masihan "peluang" ka urang jang nyogok ngarah gampil. Da 
dietang-etang mah geuning biaya nu dikaluarkeun ditambih kacape hate mayunan 
petugas loket nu jamedud teh sami wae. 
 
Ah abdi mah rek ngusap dada we. Dada nyalira maksad teh. Keun we da eta mah 
batur ieuh. Asal urang sareng kulawarga urang salamet, insyaallah.
Atuh majalah Playboy rek medal moal meuli, teu medal komo deui moal meuli.

Meuningan bisnis beurit we, siganama moal aya nu daekeun korupsi didinya mah. 
Kumaha Kang Waluya? Dijadikeun yeuh ekspor beurit teh?


Baktos,

Yudi


Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Ah leres pisan eta teh, Teh Ika, nu 
"nyirian" teh lain  nu "samanea" tapi 
 pulisi Federal  Amerika alias FBI. Amerika nuduh Indonesia gudangna 
 pornografi ....hehehehe margi ukuran "porno"na beda. Nu disebut porno ceuk 
 Amarika mah seks ka budak, bisnis jual beuli awewe (perbudakan awewe) nu 
 marak di urang mah, kaasup oge  TKW !. Saha nu ngajamin TKW teu 
 "didagangkeun" dinagara tujuanana?
 
 Teh Ika, kuring kantos maca di milis sabeulah posting ti istri nu sering 
 angkat-angkatan ka luar negeri. Ceuk manehna manehna leuwih wani sosorangan 
 indit ka kota-kota di Jepang, Eropa Barat atawa Amerika da aman, teu sieun 
 "dinanaon" contona lamun kapeutingan di jalan. Tapi manehna teu wani 
 indit-nditan sosorangan ti peuting di Jakarta da sok sieun ku itu jeung ieu. 
 Tah lamun leres dongeng si istri balantrak ieu, teu nyambung deui wae logika 
 "gambar awewe bubulucun" bakal nambah perkaosan ............eh perkosaan 
 ...... da faktana malah patulang tonggong.
 
 Atawa meureun leres ceuk Kang Maman, lalaki urang Melayu mah gampang 
 "hudang" tinimbang lalaki ti nagara-nagara maju .....hehehehe. Aya deui nu 
 matak helok teh, eta papatah ti nu sok "nyanyahoanan" kanu rek munggah Haji. 
 Kieu cenah, lamun naek taksi di Arab, ulah awewe heula nu asup kana mobil, 
 tapi lalaki ti heula, sabab lamun awewe ti heula, bisi dibawa kabur ku supir 
 taksi. Beu ...........kacida eta mah papatah mani suudzon kitu ka urang Arab 
 teh .........eh supir taxi, da tiasa wae supir taksina lain urang ARab tapi 
 urang bangla Desh atanapi urang Mesir.
 
 Baktos,
 WALUYA
 (Satuju Playboy teu kudu medal di Indonesia)
 
 ----- Original Message ----- 
 From: "ika mardiah" <[EMAIL PROTECTED]>
 To: <[email protected]>
 Sent: Thursday, January 26, 2006 8:52 PM
 Subject: Re: [kisunda] Pornoaksi, majalah playboy, jeung tukang baso
 
 
 > Cenah mah Indonesia teh dina widang pornografi nomer hiji sadunya. Jadi 
 > dibandingkan nagara-nagara sejen tos panghebatna Indonesia teh dina widang 
 > ieu teh. Naon ukuranna, mangga tingal tayangan TV sareng tabloid oge 
 > majalah. Janten upami Playboy terbit teh ngalengkepan wungkul.
 >
 >  Baktos,
 >  ika
 
      

  PENTING..!
 
 attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
 
 dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.
 
 terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
  

              

        SPONSORED LINKS   
                                                    Culture                     
                  Bahasa indonesia                                       Sunda  
                                                               
      
---------------------------------
   YAHOO! GROUPS LINKS 
 
    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
 
    
---------------------------------
 
 
     


                        
---------------------------------
 Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new 
and used cars.

[Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke