Katingalna nu pro sareng nu kontra sami-sami padegeng-degeng. Ciri demokrasi
panginten nya, teu maen susulumputan deui. Mung sigana mah playboy jsb.na rek
murudul da kieu meureun jamanna, nahan cai na kamalir ku ramo, tetep we cai teh
teu kabendung. Asa jadi beuki lieur....keur dina kaayaan bangsa nu prihatin der
deui nambah masalah.....
Tapi nya tadi tea ieu teh ciri demokrasi, ekses demokrasi? boa-boa teu ngarti
demokrasi jadi kumaha uing (nu boga modal).
tirta
S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Meni semarak nya ngabahas ieu teh, da di urang mah tong boro aya majalah
playboy can aya wae geuningan ancur kieu moral teh teu saeutik ningali dina
berita aya bapa ngareuneuhan anak kandungna, aki-aki nguah budak dibawah umur,
jrrd. Matak tanpa datangna geus kieu kaayaan teh komo mun dibebaskeun asup di
urang kumaha pijadieunna, tapi beda deui jeung di nagara produksina mah ayana
majalah eta teh henteu matak ngajadikeun ancur malah leuwih maju.
Sugan we majalah playboy di urang mah gambarna ucing, kelenci, gajah, jsb.
Pan eta oge sami pada teu di baraju. Sakitu heula ti sim kuring hapunten bilih
kurang merenah.
Sampurasun.
Yudi Rosandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teteh-teteh katut akang-akang
Leres geuning eta majalah teh langkung haneut ti baso. (hehehe)
Ieu janten kaemutan. Upami urang banding-banding sareng bangsa barat ayeuna,
katingalina rada sesah oge. Nu kahiji, da geuning tolok ukurna oge benten pisan.
Bangsa barat teh pangalamanna, upami ngetang waktos, sababaraha kali lipet ti
pangalaman urang. Paling henteu pangalaman nu kacatet dina sajarah.
Upami teu lepat, sajarah indonesia nu kacatet mah geuning ti sakitar abad ka 2
masehi. Tapi duka ieu mah, seueur nu langkung paos panginten di milis ieu
perkawis eta mah.
Saleresna sababaraha puluh/ratus taun ka pengker mah kondisi eropah teh ya teu
tebih-tebih teuing sareng di urang. Malih mah langkung kacau ti urang cenah.
Candak we contona amerika sanajan sanes eropah oge. Ningali tina hiji pilem
mah, kantos hiji waktos nilai-nilai kajalmian (kemanusiaan) teh teu dipalire
pisan. Si A ngarampok si B, si C diperkosa di D, sareng sajabina.
Ngan geuningan, pengaruh hiji pamingpin teh ageung pisan dina nangtoskeun
pisan nasib nagara kapayunna. Ku idealisme sareng tujuan nu jelas hiji
pamingpin tiasa ngalelempeng masarakatna.
Aeeh naha janten siga masihan kuliah. Ah sok mamatahan ngojay ka meri. Hapunten
hapunten....
Eh naon tadi teh? Oh muhun bade ngabandingkeun urusan ukuran porno bangsa barat
sareng bangsa urang.
Numutkeun pamendak abdi, ari porno mah dimana-mana ge sami wae. Ngan nu benten
teh reaksina ti tiap-tiap jalmi. Punten ieu mah kaleresan we diparengkeun tiasa
mengamati ti kacaketan, di jerman.
Urang barat upami ningali nu kararitu, sami we upami nambut istilah kang Maman
mah "hudang". Ngan maranehna mah hudang teh nya terang-terangan we. Da nganggap
yen eta mah alamiah. Sababaraha jalmi nya aya oge anu nyebat nu kitu teh
"poison" cenah. Mirip lah siga di urang.
Umumna ngaranggap nu kitu teh wajar wae, da sipatna manusa cenah (upami teu
disebat rada ka sato-satoan mah). Ceuk urang dieu upami aya nu kitu nya
dinikmati we ku soca. Tara dibarengan ku suit suit sagala. Upami kajantenan
"sesuatu yang diinginkan" nya etamah dianggap alamiah tea. Wajar da manusa,
cenah. Teu aya larangan, atanapi kontrol moral siga di urang, da memang dina
aturan agamana oge teu eksplisit ngalarang siga agama urang.
Ari di urang kumaha? Tah geuning di urang mah rada aneh. Tong waka nu kabuka
kitu, nu ditutup-tutup ge dikeprokan diheotan disuitan. Bari sakapeung sok
ceuceuleuweungan ti tukangeun bari meumpeun carang. Siga namah eta teh pedah
bangsa urang mah rada isinan. Wantun soteh upami teu katingali raray, atanapi
upami katingali oge asal rame-rame. Ari nyalira mah teu kiat ku ratug
tutunggulan.
Bahayana nu kieu teh nyaeta pas aya kasempetan anu rada kabuka, sok ngaburudul
teu katahan tea. Kumargi sagala oge upami tos pinuh teras ditahan-tahan, aya
bocor sakedik teh muncrat kamana-mana. Nu kieu teh tingkah laku masarakat
"tanggung" tea panginten.
Ah punten yeuh, rada kapameng urang teraskeun we. Mugi sing sabar ngaosna.
Kumaha atuh ari masalah moral? Cenah mah di nagri urang moral nu siga korupsi
kitu teh mahabu pisan. Naha ari di nagara-nagara barat henteu?
Pendapat abdi mah, eta teh teu leupas tina pangalaman bangsa sareng idealisme
pamingpin tadi.
Di dieu, sanes teu aya nu resep korupsi teh. Nanging kasempetanna anu
di"eliminasi" ku aya aturan anu jelas jeung manusiawi, sareng oge didukung ku
tatanan birokrasi anu simple sareng rapih teu bulat beulit.
Naon maksadna manusiawi? Kieu kang/euceu, ieu mah pangalaman we kapungkur abdi
kantos kengen dana alit ti pamarentah urang, cenah mah kanggo penelitian. Tapi
dina proposal teu kenging aya komponen honor, sagalana kedah seep ku meser
barang/bahan penelitian.
Tah nu kieu aturan teu manusiawi teh. Naha saha kitu nu barang damel bari teu
aya ongkos jang ngadamelna? Leuheung mun gajih aya langkung. Da boro-boro
deuih. Nya tungtungna mah teu pararuguh we. Da maeunya atuh ari administrasi
"motong" ari kuring nu gawe teu meunang sakeclak-keclak acan. Tapi pas
ditaroskeun nu leres, naha waleranna teh: "Yaa diatur-atur aja Pak"
Beu! Lieur pan?
Abdi oge nguping cenah, aya anu kengen proyek pembangunan milyaran, tapi anu
ngelola eta proyek ngan kabayar 500 rebu perak, "RESMI"na. Tah ieu ge aturan
teu manusiawi, atuda ngurus duit teh lieur, maenya ari honor teu cekap kanggo
ongkos-ongkos acan. Teu acan deui upami ngalereskeun nanaon teh bulat beulit
bari siga diulinkeun ku birokrasi.
Ah seueur sigana ari conto mah, sanajan ngan cenah wungkul ge.
Tah nu kieu nu teu aya di nagara batur teh. Geuning didieu mah sagala ge
aturanna jelas, sareng ngahindar tina pabaliut birokrasi. Aturan teh dirancang
supados nulungan ka masarakat.
Ceuk surpey mah indonesia teh paling pabeulit cenah birokrasina.
Duka kunaon atuh nya ari di nagara urang? Da ari ningali-ningali mah anu
ngadamel aturan-aturan teh sanes jalmi jore-jore. Pasti jalmi palinter eta teh,
Tapi naha seueur pisan aturan nu teu manusiawi anu ngakibatkeun bibit-bibit
korupsi tea, nu ahirna ngarusak mental bangsa ampir di sagala tingkatan.
Siganamah birokrasi di urang nganut palsapah, "Selama bisa dipersulit, buat apa
dipermudah". Mulai ti nyieun ktp, sim, dugi ka paspor, kedah bulat beulit, clek
sarebu rebu ka meja hiji, clek limarebu kameja dua.
Nu ahirna masihan "peluang" ka urang jang nyogok ngarah gampil. Da
dietang-etang mah geuning biaya nu dikaluarkeun ditambih kacape hate mayunan
petugas loket nu jamedud teh sami wae.
Ah abdi mah rek ngusap dada we. Dada nyalira maksad teh. Keun we da eta mah
batur ieuh. Asal urang sareng kulawarga urang salamet, insyaallah.
Atuh majalah Playboy rek medal moal meuli, teu medal komo deui moal meuli.
Meuningan bisnis beurit we, siganama moal aya nu daekeun korupsi didinya mah.
Kumaha Kang Waluya? Dijadikeun yeuh ekspor beurit teh?
Baktos,
Yudi
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ah leres pisan eta teh, Teh Ika, nu
"nyirian" teh lain nu "samanea" tapi
pulisi Federal Amerika alias FBI. Amerika nuduh Indonesia gudangna
pornografi ....hehehehe margi ukuran "porno"na beda. Nu disebut porno ceuk
Amarika mah seks ka budak, bisnis jual beuli awewe (perbudakan awewe) nu
marak di urang mah, kaasup oge TKW !. Saha nu ngajamin TKW teu
"didagangkeun" dinagara tujuanana?
Teh Ika, kuring kantos maca di milis sabeulah posting ti istri nu sering
angkat-angkatan ka luar negeri. Ceuk manehna manehna leuwih wani sosorangan
indit ka kota-kota di Jepang, Eropa Barat atawa Amerika da aman, teu sieun
"dinanaon" contona lamun kapeutingan di jalan. Tapi manehna teu wani
indit-nditan sosorangan ti peuting di Jakarta da sok sieun ku itu jeung ieu.
Tah lamun leres dongeng si istri balantrak ieu, teu nyambung deui wae logika
"gambar awewe bubulucun" bakal nambah perkaosan ............eh perkosaan
...... da faktana malah patulang tonggong.
Atawa meureun leres ceuk Kang Maman, lalaki urang Melayu mah gampang
"hudang" tinimbang lalaki ti nagara-nagara maju .....hehehehe. Aya deui nu
matak helok teh, eta papatah ti nu sok "nyanyahoanan" kanu rek munggah Haji.
Kieu cenah, lamun naek taksi di Arab, ulah awewe heula nu asup kana mobil,
tapi lalaki ti heula, sabab lamun awewe ti heula, bisi dibawa kabur ku supir
taksi. Beu ...........kacida eta mah papatah mani suudzon kitu ka urang Arab
teh .........eh supir taxi, da tiasa wae supir taksina lain urang ARab tapi
urang bangla Desh atanapi urang Mesir.
Baktos,
WALUYA
(Satuju Playboy teu kudu medal di Indonesia)
----- Original Message -----
From: "ika mardiah" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, January 26, 2006 8:52 PM
Subject: Re: [kisunda] Pornoaksi, majalah playboy, jeung tukang baso
> Cenah mah Indonesia teh dina widang pornografi nomer hiji sadunya. Jadi
> dibandingkan nagara-nagara sejen tos panghebatna Indonesia teh dina widang
> ieu teh. Naon ukuranna, mangga tingal tayangan TV sareng tabloid oge
> majalah. Janten upami Playboy terbit teh ngalengkepan wungkul.
>
> Baktos,
> ika
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
SPONSORED LINKS
Culture
Bahasa indonesia Sunda
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and
used cars.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
SPONSORED LINKS
Culture Bahasa indonesia Sunda
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/