> Yudi Rosandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Numutkeun pamendak abdi, ari porno mah dimana-mana
> ge sami wae. Ngan nu benten teh reaksina ti
> tiap-tiap jalmi. Punten ieu mah kaleresan we
> diparengkeun tiasa mengamati ti kacaketan, di
jerman.

Tah kaleresan yeuh aya urang sunda di jerman (sanes
jl. jendral sudirman pan !).
Hanjakal sim kuring teu acan kantos mancalaputra
mancalaputri ka luar nagri, janten nembe nguping beja
jeung beja wungkul.
Upami di emutan sareng dilenyepan, naha bet
benten-benten reaksi ti tiap-tiap jalmi(kanu parno) ?

kahiji, faktor yuswa , upami ditingali mah sepertos
grafik parabola terbalik, puncak-puncakna nuju anom
antawis yuswa 17 tug dugi ka 40, mung aya wae ari
kekecualianmah,kamahiwalan.

kadua, jender, beda "terangsangnya"(naon atuh bhs
sundana?) wanoja  sareng pameget. Lalakimah teu kaur
ningali samping wanoja nyingsat, mata teh langsung
ngabelesat. gleks, si "imin" resah, komo mun
nyingsatna pisan, tereh kana poko.
ari wanoja, saurnamah(duka tah kedah diklarifikasi)
kumaha "terangsang"na kawitna tina ningali raray
pameget, teras kana bulu dada. Kantos pan kajantenan
wanoja-wanoja anu histeris ku alatan nongton elvis
presley nyanyi, teras aya anu ngalungkeun acingan jero
(maksadnamah celana dalam/CD), bakat ku resep tur
kabongroy ku raray sareng bulu dada elvis presley,
bari jejeritan geuning !.

katilu, sigana tina musim atanapi cuaca, muhum pan di
inggris misalna, aya opat musim, "semi,winter, summer,
spring". Na kumaha tiasa aya pengaruh. Saeur
rerencangan nu nuju sakola S3 di menchester, upami
nuju usum "summer", eta seueur urang inggris anu
bubulucunan di taman, aya bagja ceunah manggih
panonpoe anu moncorong. Kulantaran aya opat musim eta,
jadi jalma-jalma bisa nempatkeun maneh, iraha jeung
keur kumaha wayahna bubulucunan jeung teu bubulucunan.
Sok bandingkeun jeung di arab (bari kuring oge can
pernah indit ka ieu tempat), kuanon sababna dibaraju
anu baruni pisan? Sababna lantaran loba pisan pasir
jeung kebul anu haliber!. Apan ngarana oge padang
pasir, jeung deui jiganamah angina oge tarik...
(euceuk dina filem mah). Duka tah upami di imahna
orang arab sewang-sewangan, duka bubulucunan duka
heunteu di jero imahnamah.

kaopat, siganamah tina kadaharan, apan sidik
beda-beda, ari di urangmah loba dahar kejo jeung nu
hararejo, di baratmah keju lain? terus di arab mah
korma jeung roti kadet jeung daging onta.
tah siganamah tina kadaharan ieu mangaruhan kana raga
badag, khususon aksi jeung reaksi raga vital.

tah kitu, opat wae heula, bilih aya nu bade nambihan
mangga teh teuing, Ku sabab jaman ayeuna jaman
globalisasi, jaman anu teu aya wates nu jelas, padahal
sidik di luhur tiap-tiap daerah boga adat jeung
istiadat sareng reaksina oge beda-beda, nu jadi matak
ramena ieu dunya.

Kumaha lamun di jeung undang-2 anti pronograpi sareng
pronoaksi?
Bisa wae gampang ari nyieun aturanmah, malihan di
urangmah asanateh lieur jeung pinuh pisan aturan, mung
nu sesahmah ngalaksanakeun nana. 

janten kedah kumaha atuh? kumaha mun kieu, pornograpi
jeung pornoaksi meunang asal di tempat nu buni jeung
ekeur anu geus baraleg/dewasa.

Hayuuu...Sunda Hudang ! ( sagemblengna )
:)
mz
hesenya, jiga korupsi wae, korupsi meunang asal teu
kapanggih.
lamun korupsina berjamaah kumaha?, tewak wae heula
imamna, terus ma'mumna. Bus wae asupkeun kapenjara. 



> Yudi Rosandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Teteh-teteh katut akang-akang
> 
> Leres geuning eta majalah teh langkung haneut ti
> baso. (hehehe)
> 
> Eh naon tadi teh? Oh muhun bade ngabandingkeun
> urusan ukuran porno bangsa barat sareng bangsa
> urang. 
> Numutkeun pamendak abdi, ari porno mah dimana-mana
> ge sami wae. Ngan nu benten teh reaksina ti
> tiap-tiap jalmi. Punten ieu mah kaleresan we
> diparengkeun tiasa mengamati ti kacaketan, di
jerman.
> 
> Urang barat upami ningali nu kararitu, sami we upami
> nambut istilah kang Maman mah "hudang". Ngan
> maranehna mah hudang teh nya terang-terangan we. Da
> nganggap yen eta mah alamiah. Sababaraha jalmi nya
> aya oge anu nyebat nu kitu teh "poison" cenah. Mirip
> lah siga di urang.
> 
> Umumna ngaranggap nu kitu teh wajar wae, da sipatna
> manusa cenah (upami teu disebat rada ka sato-satoan
> mah). Ceuk urang dieu upami aya nu kitu nya
> dinikmati we ku soca. Tara dibarengan ku suit suit
> sagala. 
> 
> Baktos,
> 
> Yudi


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke