Duh, janten garetek hoyong ulubiung perkawis murid lalaki di pisahkeun kelas na ti murid nu awewe. Muhun kang Edwin, barudak ayeuna mah memang (sigana) rada sesah diwarah nya?! Geura manga we tingal, beuki seueur wae anu narkoba, pergaulan bebas, jsb. Matak araringis (untung sim kuring mah tos nini-nini, teu barudak deui, hehe)..
Pamisahan kelas memang moal ngajamin tiasa ngarobih akhlak atanapi moral barudak janten langkung sae. Komo deui (punten) anu ngadamel aturanna oge kantos diwartakeun ngalakukeun penyimpangan tinu akhlak nu sae. Atanapi panginten aturan eta di tetepkeun teh, ngarah laku lampah pa bupati anu miring tea, teu di tarurutan kunu ngarora di Pandeglang :) Memang pamisahan kelas oge sanes teu sae, mung kedah disarengan ku pendidikan akhlak anu di tingkatkeun.. Kanu janten sepuh oge (panginten) sok baringung kedah kumaha ngawarahna. Supados barudak teh, bageur dipayuneun anu janten sepuh, oge bageur di lingkungan luar kulawargana. Pendidikan agama di sakola oge tangtos kedah di tingkatkeun. Sanes ngan ukur teori jeung teori wungkul. Tapi kedah diterapkeun dina laku lampah sadidinten. Urang sami-sami ngadu'a ka Gusti Anu Maha Suci, mudah-mudahan turunan urang sadaya mah, sing di paparinan jalan anu caang, anu di pikarido ku manten-Na, di tangtayungan ku Alloh SWT, supados teu kabawa ku sakaba-kaba tea.. Sakitu ti sim kuring mah.. Was, devi --- Muhammad Edhu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Abdi satuju kana perkaos nu dipalih handap ieu, mung > saleresna mah sanes kedah di pisahkeun kelasna nu > sakeudahna mah dididik nu leres moral sareng ahlakna > ku guru sareng orang tua muridna da percuma upami > kelasna dipisahkeun tapi moral sareng ahlakna masih > kirang didikan ti guru sareng orang tuana. > Ayeuna aya conto: murang kalih mulih sakola da > sanes ka rorompokna heula malahan nyimpang ka mall > mall nu caket bari jeung nyandak anggean gentos ti > rorompokna janjian sareng nu sanesna. > Tah kumargi kitu pan sakeudahna mah kedah > diawaskeun ku orang tuana naha bet nyandak anggean > salin sagala sareng sakedahna mah rajia tiap dinten > di eta sakolaannana. > Bilih aya kecap anu nyugak kana raraosan anjeun > saya, bilih aya tulisan nu tipeleset, abdi > nyuhungkeun di hapunteun. > Sakitu wae ti sim kuring > > Salam baktos, > edwin > > > Mr rido olala <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > satuju... emang kedahna kitu atuh... > > --- waluya56 wrote: > > > Wartos dua-tilu minggu kapengker tina Radar > Banten, > > perkawis "policy" > > Bupati Pandeglang, nu ngadamel aturan misahkeun > > murid awewe sareng > > lalaki, teu kenging sakelas. Cenah mah ngarah > > moralna > > sae ....hehehehe. > > > > Wartosna nyanggakeun: > > > > > > Pisah Kelas Akan Diperdakan > > *Dimyati: Saya Pecat Kepsek Yang Tak Menurut > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada > seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini > akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > --------------------------------- > Apakah Anda Yahoo!? > Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
