Wa Djatnika damang ?
Ieu tea anu kasebatna hasil atanapi "produk Jaman". Generasi teu gaduh
kasadaran sajarah eta teh produk jaman. prosesna aya di sakola. pami di sakola
kurikulumna ngarah ka kesadaran sajarah, pasti aya oge hasilna. Bubuhan jujutan
dina widang kurikulum teu nyayogikeun jadi we generasi "Penghapal".
Teu sadayana ngajarkeun tahun-tahun Wa Djat, aya oge anu ngajar "anu kedahna
sajarah te .........". Tapi nya teu tiasa teras-terasan, sabab tuntutan
kurikulum, anu didamel ku nagara, teu nepi palebah dinya. Anu aya nilai ...
nilai .... nilai. Teu aya kumaha sngkan "Value" dugi ka siswa. Upami Value tos
nepi, insya allah frase "BANGSA YANG BESAR ADALAH BANGSA ......" moal saukur
pepesan kosong.
Cag heula ah
akank Nana. nuju aya di Batawi
Djatnika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang mh, ulah kaget upama mireng rendahna kasadaran
masyarakat urang kana sajarah, margi ampir henteu aya
nu ngajarkeun sajarah sakumaha kedahna. Mangga geura
emutan ti ngawitan SD keneh urang teh dikenalkeun ka
sajarah teh sina ngapalkeun kana taun kajadian. Perang
Diponegoro taun 1825 - 1830, serangan Sultan Agung ka
Batavia taun 1628, Malaka nyerah ka Portugis taun 1511
jrrd.
Nu matak kacida nganuhunkeun ka Ibu Pipih guru sajarah
di SMP X kapungkur nu nerangkeun sajarah sacara
lengkep. Masih kacipta wakos anjeunna nerangkeun ketak
Darius, Kaisar Persia, nu ngaluruk Yunani. Ampir
kasoran ku kuatna pasukan Sparta di Thermophilea, tapi
akhirna unggul lantaran aya nu hianat tega ngaguar
rusiah jalan ka Thermophilea. Akhirna 300 urang
Spartan, katut rajana, perlaya di medan laga.
Lain ngan di urang wae nu teu ngahargaan sajarah.
Tingali Hitler ge pan teu ngahargaan sajarah, buktina
sakitu jelas Napoleon kasoran di pangperangan teh
sabada ngaranjah Rusia, naha atuh bet diturutan
nyerang Rusia. Antukna Jerman kasoran.
Eh kalah ngalantur. Mun balik deui ka sajarah Jawa
Barat, manawi aya nu tiasa nerangkeun kunaon urang
Sunda aya nu kersa ngadegkeun Nagara Pasundan ? Aya nu
kantos nerangkeun yen Nagara Pasundan ngadeg lantaran
diluluguan ku para amtenaar urang Sunda nu nganggap
urang can siap merdika sarta hayang tetep kuat iketan
jeung Nagri Walanda. Naha leres kitu ?
Kang Oman, Ua Sas nyanggakeun, manawi kagungan
catetanana. Hatur nuhun.
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Rendah, Kesadaran Akan Sejarah
>
> RENDAHNYA kesadaran masyarakat Jawa Barat terhadap
> pendokumentasian sejarah daerahnya telah menyebabkan
> terkuburnya sejumlah fakta historis pemerintahan
> Jabar
> semasa Perang Kemerdekaan. Padahal, melalui
> catatan-catatan sejarah itulah, kita dapat
> mengetahui
> ritme kehidupan di masa lalu.
>
> Sebagai contoh, melalui sejumlah dokumentasi
> sejarahlah kita mengetahui alotnya perjuangan yang
> dilakukan Pangeran Diponegoro pada masa penjajahan
> Belanda. Karena itu, pengabaian terhadap fakta
> historis hanya akan menyebabkan masyarakat
> terasingkan
> dari sejarahnya sendiri.
>
> Hal ini pula yang terjadi di Jabar, di mana
> masyarakatnya cenderung tidak peduli dengan fakta
> historis daerahnya, khususnya mengenai sejarah
> pemerintahan Provinsi Jabar di era Perang
> Kemerdekaan.
> Rektor Universitas Widyatama Mame Sutoko
> mengungkapkan
> hal itu saat ditemui PR di kantornya, Jln.
> Cikutra,
> Bandung, Kamis (11/8).
>
> Menurut Mame yang juga putra alm. Brigjen Sutoko,
> lemahnya dokumentasi sejarah pemerintahan Jabar
> inilah
> yang menjadi salah satu penyebab kaburnya sejarah
> pemerintahan Jabar pada era Perang Kemerdekaan.
>
> Karakter masyarakat yang abai terhadap dokumentasi
> sejarah itu pula yang telah mengakibatkan sejarah
> pemerintahan Jabar teralienasikan dari pemiliknya,
> yaitu warga Jabar. Sebagai contoh, banyak masyarakat
> Jabar yang tidak mengetahui pada masa pemerintahan
> Gubernur Jabar Mas Sewaka (1947-1952), ibu kota
> Jabar
> pernah dipindahkan dari Bandung ke Lebaksiuh (70 km
> selatan Tasikmalaya) pada tahun 1947 - 1948.
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/