Haturan Mh, Ua Djatnika, oge baraya sadaya,
Leres, pangajaran sajarah jaman ayeuna lolobana ukur apal-apalan tanggal
jeung tempat anu dianggap "bersejarah". Arang guru anu ngajarkeun sajarah
nyoko kana falsafah yen sajarah ibarat bagilirna mangsa/usum anu
opat (panas, gugur, dingin, semi), sakumaha ceuk Toynbe.
Leuwih langka deui guru anu sapertos Ibu Pipih, ngaguar sajarah nyoko kana
falsafah sajarah kabehdieunakeun ti Max I Dimont. Yen sakumaha basajanna
hiji bangsa anu kungsi hadir (exist), komo masih keneh aya dikieuna mah,
mibanda ajen-inajen pokok (budaya) kahirupanana. Ajen inajen poko ieu
lamun luwes dina ngamaknaan ubuh-obahna masyarakat/jaman dina konteks
sajarah, baris bisa diandelkeun pikeun ngahudangkeun deui eta bangsa
nyangking kajayaanana pikeun sajajar - mun henteu ngunggulan oge -
jeung bangsa-bangsa sejen. Sanajan Dimont teh urang yahudi, tapi pangemutna
dina lebah falsafah sajarah ieu kacida manfaatna.
Ua Djatnika oge baraya sadaya,
Revitalisasi kabudayaan bisa digarap ngaliwatan dunya internet. Jeung, si
kuring yakin, sabagean ti antarana, Insya Alloh, ayeuna ngawitan aya
dulur-dulur urang anu nuju ngagarapanana sok sanajan - bisa disebutkeun -
bari rerencepan atawa sakurang-kurangna gawe voluntir (kalayan
teu nyapirakeun garapan-garapan sarupa anu diluluguan ku Pamarentah). Pamugi
wae garapan-garapan dulur-dulur urang teh kalebet kana panaratas budaya
literal ngamanfaatkeun kamajuan IT, neraskeun garapan-garapan entragan
sateuacanna anu diluluguan ku Kang Ajip Rosidi.
Pikeun neruskeun padungdengan jejer "kasadaran sajarah jeung budaya literal"
ieu, aya saena urang ngadamel jejer khusus. Upamana wae eta jejer engkena
ngaguar prak-prakanana revitalisasi budaya (anu numutkeun Kang Chaedar Al
Wasilah ti UPI Bandung, aya 3 lengkah). Saterusna, ngalangkungan ramat
lancah, hasil-hasilna ti ngawitan pamahaman anu jero kana sajarah dugi ka
nuwuhkeun kasadaran, perencanaan sosial (kalebet usaha-usaha nyalabarkeun
hasil dina internet jeung gunem caturna) dugi ka kreativitas budayana urang
wujudkeun boh di pakotaan atawa padesaan. Upamana wae, tina kasadaran yen
urang perlu nuwuhkeun budaya baca diteruskeun kana pabukon; tina
padungdengan "kabuyutan" laju dipraktekkeun dina sosialisasi tata ruang DAS
Citarum Hulu ngalangkungan budaya (ngukuhkeun kabuyutan Citarum); tina
kasadaran perluna dokumentasi, diamalkeun jadi garapan digitalisasi
pustaka Sunda, jst.
Ua Djatnika sareng baraya sadaya,
Ngeunaan sajarah "Nagara Pasundan" (kalabet falsafahna tea meureun), aya
hiji seratan anu sae yasana Kang Edi S. Ekajati alm waktos anjeunna
dikukuhkeun salaku guru besar Unpad. dina orasi ilmiah anjeunna anu
dijudulan: "Sunda, Nusantara, dan Indonesia". Ieu buku ipis namung munel
nuju dicobi dialihkeun kana wangun digital (mung kulantaran voluntir, nepi
ka ayeuna teu acan rengse wae, ke manawi saminggguan deui).
Mataholang guaran anjeunna ngeunaan "Nagara Pasunda" netelakeun yen sabab
musabab ngadegna atawa mucunghulna ideu ngadegkeun Nagara Pasunda teh teu
tiasa digeneralisir janten hiji perkara. Aya sababaraha sabab, kaasup sabab
anu ku Ua sebatkeun yen aya sagolongan menak Sunda anu ngarasa urang harita
can siap merdeka tur masih merlukeun iketan jeung Walanda. Sabab sejenna,
diantaran: ka-teusugemaan ka Pamarentah puseur Indonesia, kaperluan
pikeun ngajaga kahirupan ekonomi jeung sosial US sorangan anu harita
kaluli-luli alatan kaayan nagara Indonesia anu leuwih condong ngurusanan
politik tinimbang ekonomi, jst. Namung, anu sakedahna
digurata-badagan kanyataan, yen US harita henteu neungtreung dina kahayangna
ngadegkeun Nagara Pasundan.
Saba'da dielingan ku Pamarentah Pusat, ngaliwatan sababaraha sawala,
pamustunganana para menak, gegeden, inohong jeung rahayat Sunda sadar, yen
ideu ngadegkeun nagara Pasundan teh teu kudu diteruskeun. Kitu manawi anu
kacangking tina seratanana Kang Edi alm. Langkung tegesna mah Insya Alloh
engke tiasa diaos dina bukuna anu ayeuna nuju dialihformatkeun kana file
digital.
Ua Djatnika sareng baraya sadaya,
Pakait kana jejer sajarah ngadegna "Nagara Pasunda", ti payun Kang Ganjar
kungsi nyabit-nyabit. Anjeunna kalintan nyimpen perhatosan anu ageung kana
eta jejer dumeh aya hal-hal anu mataholangna mangsa kiwari saleresna mah
nembongan deui, nyaeta mataholang masalah desentralisasi vs
sentralisasi sistem pamarentahan. Kang Ganjar nalatahan, meungpeung araya
keneh saksi-saksi sajarah kajadian Nagara Pasundan, kudu aya sawatara US anu
nalungtik hal eta ku cara ngawawancara eta para saksi sajarah, disagigireun
studi literatur sakumaha ilaharna. Manawi atuh Ua tiasa nuturusan ieu
garapan anu sanes pagawean memeh mumuluk. Insya Alloh abdi sareng ramat
lancah, boh di alam maya atanapi di darat, bade neraskeun lajuninglakuna.
Baktos,
manAR
On 8/17/06, Djatnika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang mh, ulah kaget upama mireng rendahna kasadaran
> masyarakat urang kana sajarah, margi ampir henteu aya
> nu ngajarkeun sajarah sakumaha kedahna. Mangga geura
> emutan ti ngawitan SD keneh urang teh dikenalkeun ka
> sajarah teh sina ngapalkeun kana taun kajadian. Perang
> Diponegoro taun 1825 - 1830, serangan Sultan Agung ka
> Batavia taun 1628, Malaka nyerah ka Portugis taun 1511
> jrrd.
> Nu matak kacida nganuhunkeun ka Ibu Pipih guru sajarah
> di SMP X kapungkur nu nerangkeun sajarah sacara
> lengkep. Masih kacipta wakos anjeunna nerangkeun ketak
> Darius, Kaisar Persia, nu ngaluruk Yunani. Ampir
> kasoran ku kuatna pasukan Sparta di Thermophilea, tapi
> akhirna unggul lantaran aya nu hianat tega ngaguar
> rusiah jalan ka Thermophilea. Akhirna 300 urang
> Spartan, katut rajana, perlaya di medan laga.
> Lain ngan di urang wae nu teu ngahargaan sajarah.
> Tingali Hitler ge pan teu ngahargaan sajarah, buktina
> sakitu jelas Napoleon kasoran di pangperangan teh
> sabada ngaranjah Rusia, naha atuh bet diturutan
> nyerang Rusia. Antukna Jerman kasoran.
> Eh kalah ngalantur. Mun balik deui ka sajarah Jawa
> Barat, manawi aya nu tiasa nerangkeun kunaon urang
> Sunda aya nu kersa ngadegkeun Nagara Pasundan ? Aya nu
> kantos nerangkeun yen Nagara Pasundan ngadeg lantaran
> diluluguan ku para amtenaar urang Sunda nu nganggap
> urang can siap merdika sarta hayang tetep kuat iketan
> jeung Nagri Walanda. Naha leres kitu ?
> Kang Oman, Ua Sas nyanggakeun, manawi kagungan
> catetanana. Hatur nuhun.
>
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Rendah, Kesadaran Akan Sejarah
> >
> > RENDAHNYA kesadaran masyarakat Jawa Barat terhadap
> > pendokumentasian sejarah daerahnya telah menyebabkan
> > terkuburnya sejumlah fakta historis pemerintahan
> > Jabar
> > semasa Perang Kemerdekaan. Padahal, melalui
> > catatan-catatan sejarah itulah, kita dapat
> > mengetahui
> > ritme kehidupan di masa lalu.
> >
> >
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/