Sampurasun kang Maman, nuhun kana komentarna.

Hapunten kang Maman, mudah-mudan tos damang teu lieur
deui. Simkuring ge satadina rada asa-asa ngadugikeun
(forward) eta topik teh, margi panjang, sareng geuning
sarengsena simkuring ngadugikeun geuning diunggal
baris teh aya tanda ">" nu tangtos ngagangguna dina
ngalenyepan eta seratan. Namung nya mudah-mudahan aya
gunana kangge nambih-nambih wawasan dan ngolah sareng
nyandak kacindekana mah gumantung ka masing-masing
pribadina sewang-sewangan.

Hanjakal oge simkuring teu ngiring ngabandungan
perkawis gunem caturna kang Jalal sareng Setiawan
Djodi, namung pangemut simkuring oge pami kacindekanna
yen pamikiran hirup sareng kahirupan kedah cocog
sareng budaya lokal (kaarifan lokal) nya sapagodos
oge, margi tumuwuhna budaya diunggal bangsa teu leupas
tina kudrat/kersaning alam tempat gumelar sareng hirup
kumbuhna eta bangsa kalayan tangtos oge mangrupikeun
kersaning Nu Maha Kawasa, anu hartosna alam lingkungan
nu ngabentuk budaya bangsa pangeusi alam (nu ngeusian
dunya), geuning nyatana alam nu ramah tur subur mamur
ngabentuk karakter jalmina nu ramah tamah kalayan
halus parasaanana,langkung ngautamakeun sifat
"kebersamaan" tinimbang sifat "individual", oge
tumuwuh budaya nu langkung ngaggugulukeun (orientasi)
kana olah rasa nu ngalahirkeun spiritual, namung
kalemahanana kirang dina daya juangna kumargi alam tos
ngamanjakeun, namung jalmi-jalmi nu dilahirkeun di
wewengkon nu keras alam lingkunganna sareng sumberdaya
alamna terbatas tangtos ngalahirkeun karakter jalmi nu
oge kirang ramah, watekna keras, sifatna langkung
"individual", ngagaduhan daya juang kiat, sareng pami
dianggap perlu nindes/ngarogahala nu lian supados
tiasa "survive" atanapi demi kapentinganana, oge
ngalahirkeun budaya nu orientasina kana olah pikir nu
ngalahirkeun teknologi. Pon kitu deui pamikiran hirup
sareng perwujudan dina kahirupan bangsa tangtos luyu
sareng karakter alam lingkungan hirupna. Nyatana di
dunya gede ieu tumuwuh mancawarna budaya sareng
pamikiran hirup sewang-sewangan numutkeun bangsa
sareng lemah caina, geuning aya bangsa cina nu
ngagaduhan budaya, pemikiran hirup sareng kayakinan
Cina, aya bangsa Jepang nu oge lengkep sareng
pamikiran hirup sareng budaya Jepang, pon kitu deui
bangsa India, bangsa Arab, bangsa Eropah sareng bangsa
lianna, eta oge tangtos mangrupi kudrat/kersa ti Nu
Maha Kawasa, da upami sanes kersaNa mah, naha teu
diciptakeun alam nu saragam sareng mung sahiji bangsa
.

Janten ayana pamikiran atanapi usaha nu hoyong
maksakeun penyeragaman pamikiran hirup, norma budaya
sareng kayakinan jalmi di dunya ieu sami sareng
hartosna bade ngarobih kudrat/kersa ning alam sareng
kudrat/kersa ning Nu maha Kawasa, anu tangtos bakal
nimbulkeun pagetreng atanapi kateu"stabilan" nu tebih
kana katentreman hirup. Tah rupina dumasar kana
pamikiran ieu para bapa bangsa urang tos langkung
waspaos dina netepkeun dadasar ieu nagara teh ku
Pancasila nu ngajamin pabedaan pikeun karukunan hirup
babarengan sauyunan. Sanes kitu kang?.
Punten bilih teu sapagodos, oge ka baraya nu sanes
hapunten.

Rampes.

  

--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Mamang Engkus... lieur maca sisipanna he..he..
> 
> Tadi wengi kaleresan pribados ngabandungan siaran di
> global tivi,acara "Kantata Institute", Jalaludin
> Rahmat sareng Setiawan Djodi.
> 
> Intina soal "Syariat Islam".
> Numutkeun Setiawan Djodi, syariat eta ngandung
> hartos
> pemikiran hirup jeung kahirupan, anu "basis"na
> Al-Quran tekstual. Sapagodos sareng Kang Jalal, anu
> ngaku kapungkurna PALING ANTI PANCASILA.
> Pamikiran hirup jeung kahirupan teh kedah cocok
> sareng
> budaya lokal(kearifan setempat). 
> Lah panjang dongengnamah.
> 
> Sakitu anu kapihatur.
> 
> --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Sampurasun,
> > Bagea baraya kisunda sareng urangsunda
> yahoogroups,
> > sok sanaos simkuring teu acan tiasa ngiring
> ulubiung
> > dina gunem catur, namung masih satia noongan
> milist
> > kisunda sareng milist-milist sanesnya. Simkuring
> > mendakan ieu topik dina bahasa Indonesia nu
> pangemut
> > simkuring peryogi oge diaji, pikeun nambihan
> wawasan
> > urang, luyu sareng harenghengna kaayaan sosial
> > pulitik
> > sareng kaagamaan di nagara urang.
> > Happunten bilih teu sapagodos.
> > 
> > Rampes,
> > 
> > pun engkus
> > Mangga dilenyepan 
> > 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke