Haturan wargi sunda sadayana. "Pendekatan" politik anu dibenjerbeaskeun ku Mang Engkus, mangrupakeun hiji "pendekatan" anu nyandak arah ti handap ka luhur.
Upami nalungtik politik ti luhur ka handap urang tiasa ningal tina sejarahna, yen jaman kapungkur aya hiji pamadegan yen kakawasaan teh asalna ti NuMahaKawasa turun ka Raja, nya aya sebutan Titah Raja taya sanes Sabda NuMahaKawasa. Sagala bobogaan (pemilikan) eta kagungan Raja, utamina taneuh, dugi ka sagala naon wae anu nyicingan eta taneuh, jadi rakyat sipatna nyewa taneuh kudu mayar pajak ka Raja. Ieu anu disebut sistem kakawasaan absolut tea. Ku ayana Repulusi Industri di Inggris, terus Repulusi Prancis, kakawasaan absolut raja diganti ku kakawasaan rakyat (sora nu pangseueurna) nyaeta demokrasi tea. Raja ngan ukur jadi simbol nagara. Nagara urang ayeuna, oge nganut demokrasi. Jadi pikeun hayang jadi panguasa negara teorina mah gampang, asal bisa ngumpulkeun Sora ti rakyat saloba-lobana, boh arek hayang jadi panguasa daerah atanapi pusat. Ku teori dasar ieu, jadi konci pikeun urang sunda jaya di buana di taneuh sunda sorangan, lamun seug urang sunda na ngahiji jeung bisa ngahijikeun, Sora Sunda. Sakitu heula anu kapihatur. Wassalam mz --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nambihan oge kang, > > Pami teu lepat pulitik teh nyaeta mangrupakeun seni > pikeun ngahontal tujuan nu tangtosna ngagunakeun > sagala pangawasa nu aya dina diri (kanggo pribadi) > atanapi pangawasa/kakuatan bangsa (kanggo nagara). > Sakaterang simkuring ajen tinajen kaSundaan dina > ngokolakeun nagara teu benten sareng ngokolakeun > diri, geuning aya istilah memeh nata nagara (dunya > gede) kudu bisa nata naraga heula (dunya leutik), > kantun nanya naon atuh nu jadi tujuan dina ngeuyeuk > dayeuh ngolah nagara teh. Urang sunda dina nerapkeun > ajen tinajen/pamikiran hirup jeung pulitik hirupna > dumasar > kana hasil nyungsi diri nyuay badan nu teu leupas > sareng alam gede. > > Hasil panalungtikan diri netelakeun geuning diri nu > dipake pikeun nganteur kahayang ingsun teh asal tina > opat unsur nyaeta tina sari/aci ning seuneu nu > nyagara > di panonpoe (ngalangkungan sagala asakan) lambangna > warna beureum, acining cai nu nyagara ka lautan > (tina > sagala leueuteun) lambangna warna bodas, acining > taneuh nu nyagara di bumi (sagala tuangeun)lambangna > warna hideung, sareng acining angin nu nyagara di > langit (ngalangkungan napas)lambangna warna koneng, > tah asaling diri ieu nu sok disilokakeun kana > parupuyan/kukus nu kudu diseungitan pake menyan (ku > laku lampah nu hade). Opat asaling diri siaji > geuning > panonpoe geus ngalaksanakeun darmana pikeun nyaangan > dunya kabeh kabagen teu ngabeda-bedakeun wewengkon > oge > ngasakeun sarupaning nu dipasak boh langsung ku > seuneu > pon kitu deui nu ku panonpoe, cai memeh mulang ka > lautan oge geus mere jeung babagi ngahirupan manusa, > sato jeung tutuwuhan, angin sareng bumi pon kitu > deui > geus ngahirupan sagala mahluk di alam ieu teu > ngabeda-bedakeun. Seuneu-cai-angin-bumi mah estuning > geus ngajalankeun darmana luyu jeung kudratna, tah > ari > manusa kumaha naha tos ngalaksanakeun darma luyu > sareng kudratna ku jalan ngalaksanakeun kamanusaan > ngagunakeun sagala pangawasa nu asal ti Nu Maha > Kawasa. Upama lumpat deui kana diri lamun urang > hoyong > tuang geuning sagala pangawa boh maningalna, boh > gerak > tanganna, boh langkah sampeanna, boh angseuna, > pangrasana jeung sajabana ti eta rukun sauyunan > numutkeun tugas sareng fungsina masing-masing pikeun > ngahontal kaperluan diri supaya katedunan > pangabutuhna, tiasa dibayangkeun pami anggahota > badan > teu rukun mawa karep sewang-sewangan. Tah dina > ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara oge teu benten. Urang > Sunda gaduh kayakinan yen dunya teh milik sarerea > (sabanda)nu kedah diurus ku sarerea (sariksa) > numutkeun hak sabangsana/sanagarana atanapi tugas > sareng fungsina sewang-sewangan (sapariboga) pikeun > ngudag karukunan hirup sauyunan. Ajen tinajen urang > Sunda tos nganggo tatanan hirup nu disebat > demokratis, > teu ngenal tingkatan harkat nu dumasar kana titel > saren ras, margi tos ngartos yen manusa teh saasal > jeung sabakal, teu orientasi kana kakawasaan namung > orientasi kana bagi tugas/fungsi nu ngarah ka tujuan > hirup sarerea (mangga tengetan sistim nu diangge ku > masyarakat Kankes). Tah kumargi kitu pantes pami tea > mah nitenan wangsit nu cenah waktos Prabu Siliwangi > bewara bade undur diri ka rahayatna, dikawitan ku > ucapan "Kami geus teu pantes jadi raja lamun somahna > sangsara jeung balangsak ...jst", nu hartosna tos > teu > tiasa ngajalankeun tugas sareng fungsina. > > Tah ku pangemut simkuring sistim ieu nu kedah > dikembangkeun deui dina raraga ngokolakeun nagara > teh. > Garis keras teu dikenal dina kasundaan, namung nu > diperyogikeun nyaeta kukuh-pengkuh dina ngudag > tujuan > karaharjaan bersama jeung karukunan hirup sauyunan, > ulah gedag kaanginan, ulah laas ku hujan (luyu > sareng > sifat nu dilambangkeun bumi-tetap). > > Kumaha tegesna sistim kanagaraan nu cocog > diterapkeun > kisunda, nya hayu urang pada nalungtik kumaha saena, > sistim nu dianggo di masyarakat Kanekes nu tos > kabuktian tiasa "survive" dina ngigelan jaman, > mungkin > tiasa dijantenkeun salah sahiji bahan pikeun diaji. > > Punten kang ieu ge mung pandangan/pangemut > simkuring, > duga luyu henteuna mah sareng akang hususna, oge > baraya kisunda umumna. > > cag, rampes. > > pun Engkus > > --- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Mamang Engkus... lieur ah maca sisipanna he..he.. > > > > Tadi wengi kaleresan pribados ngabandungan siaran > di > > global tivi,acara "Kantata Institute", Jalaludin > > Rahmat sareng Setiawan Djodi. > > > > Intina soal "Syariat Islam". > > Numutkeun Setiawan Djodi, syariat eta ngandung > > hartos > > pemikiran hirup jeung kahirupan, anu "basis"na > > Al-Quran tekstual. Sapagodos sareng Kang Jalal, > anu > > ngaku kapungkurna teh PALING ANTI PANCASILA, > ayeuna > > ngadukung pisan. > > Pamikiran hirup jeung kahirupan teh kedah cocok > > sareng > > budaya lokal(kearifan setempat), kasauran S.Djodi. > > > > > Lah panjang dongengnamah. > > > > Aya terasna sakedik, numutkeun pamadengan Kang > > Jalal, > > dipenganut Agama Islam, aya dua kutub ekstrim, > hiji > > anu aliran pluralis hiji deui anu garis keras. > > Aya oge pembagean numutkeun pamadengan > > "Karajaan"(arab > > saudi)/wahabi sareng "demokratis"(iran)/syiah > > intinamah soal kekuasaan sereng pembagian > > kakuasaanna. > > > > > > Dupi sistem kakuasaan(politik) urang sunda kumaha > > jeung bade kumaha? > > > > Sakitu anu kapihatur. > > > > --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > > Sampurasun, > > > Bagea baraya kisunda sareng urangsunda > > yahoogroups, > > > sok sanaos simkuring teu acan tiasa ngiring > > ulubiung > > > dina gunem catur, namung masih satia noongan > > milist > > > kisunda sareng milist-milist sanesnya. Simkuring > > > mendakan ieu topik dina bahasa Indonesia nu > > pangemut > > > simkuring peryogi oge diaji, pikeun nambihan > > wawasan > > > urang, luyu sareng harenghengna kaayaan sosial > > > pulitik > > > sareng kaagamaan di nagara urang. > > > Happunten bilih teu sapagodos. > > > > > > Rampes, > > > > > > pun engkus > > > Mangga dilenyepan > > > > > > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > > protection around > > http://mail.yahoo.com > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
