Ass. wr. wb., Nambihan sakedik (keur raripuh teh).
Islam teh rahmatan lil 'alamin. Oge diutusna Nabi Muhammad saw teh keur ngahadekeun ahlak. Dina praktekna, anu nganut agama Islam teh loba anu parasea kulantaran Islamna ditujukeun keur kelompokna. Pon kitu deui, upama Islam ukur rahmatan lil muslimin, tangtu ummat anu sejen moal kabagean rahmat tina hadirna Islam. Jadi, konsep-konsep kahadean dina Islam kudu ngawengku oge kahadean keur (anu acara formal) non muslim. Hal sejen anu perlu jadi bahan pangemut, nyaeta perkara nepina ajaran agama (Islam) ka manusa anu teu sarua. Aya atawa loba golongan jelema anu teu narima informasi Islam anu sabenerna (dimaksud ku Pangeran). Malah teu saeutik manusa anu narima informasi Islam anu geus kaditorsi (anu geus nyeleweng). Di jihat sejen, tangtu da Pangeran mah Mahaadil, AnjeunNa moal ngadzoliman ka hamba-Na. Kukituna, tangtu aya cara anu sejen (di luar anu diebrehkeun dina Islam formal, sakumaha pangaweruhna sewang-sewangan) pikeun nangtungkeun kaadilan engke dina poean ajegna kaadilan. Eta cara teh sifatna tangtu kudu universal, katarima ku manusa ti golongan mana wae. Al Qur'an - sakumaha anu dipedar ku Kang Eki + Kang Agus - maparinan dadasar pikeun hal ieu. Kaasup konsep "taqwa"-na. Katiluna, kalolobaanana, dimensi anu digunakeun pikeun ngahukuman hiji jelema Islam atawa teu Islam teh nyaeta dimensi ritual. Padahal dina Al Qur'an, dimensi anu pangpentingna teh taya lian ti dimensi sosial. Ayat-ayat anu ngancam ka jelema anu teu aya inisiatif ngurus anak yatim, upamana, kacida kerasna, disebutna oge ngabohongkeun agama. Pon kitu deui, teu aya ibadah anu ancamanana sakitu heurasna salian ti ibadah zakat (anu leuwih gede dimensi sosialna). Pikeun zakat mah parentahna oge: "Cokot zakat (ti anu geus wajib zakat)! jeung ancaman ka anu ninggalkeunana : rajakayana engke jadi seune anu nyiksan diri anu bogana (anu teu zakat). Nilik tina dalil-dalil anu bieu ditataan mah boa-boa loba jelema anu geus ngaku Islam tapi sabenerna mah can Islam atawa ngabohongkeun agamana. Nau'dzubillahi min dzaalik. Kaopatna, dimensi sosial anu jadi dimensi penting dina agama Islam teh atawa dimensi sosial anu dasar eta sifatna universal (teu meunang maling, teu meunang zinah, mere maweh kanu kakurangan, nulungan ka anu susah, ngilangkeun kamiskinan, mayar hutang, jrrd). Hartina, eta dimensi sosial teh kapanggih dina agama naon wae atawa budaya-budaya anu aya atawa kungsi aya dina kahriupan di ieu dunya. Kukituna, gede lolongkrang manusa ngalaksanakeun ibadah sosial anu penting sok sanajan maranehanana teu ngagem agama Islam sacara formal. Kalimana, sagigiren ngutus Nabi anu mawa wahyu, Pangeran oge ngutus "wahyu" sejen ka satiap jelema, kum teu diwiji-wiji. Wahyu anu kadua ieu disebutna akal atawa qolbu. Ku cara ngaunakeun akalna kalawan niat anu beresih, tiap jalma - sok sanajan teu kungsi narima informasi atawa ajaran Islam (anu formal) bisa nepi ka Pangeranana (hartina iman). Dina salah sahiji ayat Al Qur'an disebutkeun syarat dasar kaimanan sakumaha anu ditataan ku Kang Agus. Jadi aya kamungkinan, jelema-jelema anu teu kungsi nganut agama Islam sacara formal oge dina balitungan Pangeran mah kaasup jelema-jelema anu ariman oge upamana maranehanana iman anu minimal (sakumaha ayat anu dipedar kang Agus) tur ngalakukeun amal sholeh/dimensi sosial anu universal oge hade akhlakna. Sok komo lamun dibarengan ku amal sholeh sejenna (manggihan hiji hal anu manfaat keur balarea, jrrd). Rupina sakitu heula ti sim kuring. Pamugi aya manfaatna pikeun diskusi masalah pluralisme. baktos, manAR On 11/9/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alikum Wr Wb, > > Sampurasun... > > hapunten abdi bade ngiring mairan perkawis "Diskriminasi? dan Pluarisme > Agama." > > Sakumaha anu parantos diserat ku kang Eki Kurnia [EMAIL > PROTECTED]<my_eki%40yahoo.com>wrote: > "malah dina qur'an seruan teh kanggo sedaya manusa, Ya ayuhanass! seueur > pan ayat etateh!, da parentah taqwa oge lain keur umat islam wungkul atuh. > keur sakumna jelema (cobi wae tingalian Qs 49 :13 jeung 2:21)". > > Kang Kumincir nyerat : > > "Ari takwana jalma nu teu islam kumaha nya?" > > Sae pisan eta patarosan teh, manawi sareng manawi simkuring bade nyobi > ngutarakeun sapamendak simkuring. > > Ari Taqwana jalma luar ti Islam anu teu ngagem kitab Al-Qur'an, nabina > sanes Muhammad SAW, tiasa salamet Dunya rauh akherat lamun : > > 1. Iman yakin ayana Tuhan Yang Maha Esa Pangeran Sadaya Alam (Robbul > 'Alamin upmi di bahasa Arabkeunnamah). > > 2. Iman/yakin ayana poe akhir dimana yakin yen laku-lampah di dunya hade > goreng bakal aya wawalesna saparantosna hirup di Dunya. > > Sakumaha dauhan Alloh, hapunten terjemah Al-Qur'anna teu disundakeun : > > An-Nisa:124 > > 4:124. Barang siapa yang mengerjakan amal-amal saleh, baik laki-laki > maupun wanita sedang ia orang yang beriman, maka mereka itu masuk ke dalam > surga dan mereka tidak dianiaya walau sedikit pun. > > dikiatkeun deui ku ayat ieu : > > (5:69). Sesungguhnya orang-orang mukmin, orang-orang Yahudi, Shabiin dan > orang-orang Nasrani, siapa saja (di antara mereka) yang benar-benar beriman > kepada Allah, hari kemudian dan beramal saleh, maka tidak ada kekhawatiran > terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati. > > Tina salah sawios hadist Nabi anu nganggo kalimah An-Nasu (manusa > sakabeh), :"Khoiru Nas, yanfa'u Linnasi", "sebaik-baiknya manusia adalah > yang memberikan manfaat kemapada manusia", ieu hadist oge geuning ku urang > sok sering kakuping dina ceramahna Aagym. > > Anu dimaksad "Amal Sholeh" dina surah Al-Maidah:69 sanes sarupaning > ngajalankeun sapertos Solat Lima Waktu, Puasa Bulan Romadhon, Zakat, Haji ka > Baitulloh, solat sunnah jst, namung "Amal Sholeh" anu dimaksad nyaeta anu > loba nyieun jeng mere manfaat ka papada manusa (hablumminannas) sakumaha > hadist di luhur. > > Janten naon wae Label Agamana manusa anu midamel manfaat, kasaean ka > papada manusa, saur Allah :"maka mereka itu masuk ke dalam surga dan mereka > tidak dianiaya walau sedikit pun", teras "maka tidak ada kekhawatiran > terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati". Hartosna bakal > diwales ku Alloh sakumaha amal solehna boh anu dilakukeun ku jalmi > Mukmin(Islam), Yahudi, Shabiin sareng Nasrani sadayana sami teu > diwilah-wilah Rohman sareng Rohimna Alloh kasaha wae teu ngabentenkeun > Label, da puguh geuning ari Labelmah mung ukur kumaha anu nyebut bahasana > masing-masing. > > Pamadegan ieu oge sami sareng pamadegan kang Jalaludin Rahmat salaku > pamimpin IJABI (Ikatan Jemaan Ahlul Baet Indonesia). > > Utamina urang kedah mentingkeun Taqwa-Amal Sholeh hubungan papada manusa, > Alloh ngadauh dina Hadist Qudsi : "Ya bani Adam..idza lam tar'a haqqo > jaarika, kamaa haqqo 'iyaalika, lam Andzur laka, walam Aqbal 'amalika, walam > Astajib du'aika". Hartosna kirang langukung kieu : "Heee bani Adam (turunan > adam/manusa sakabeh).Lamun aranjeun heunteu apik (Lalawora) dina ngajaga > hakna nu jadi tatangga, saperti apikna dina ngajaga hakna kulawarga, Kaula > (Alloh) moal nempo anjeun, Kaula (Alloh) moal narima amalan > (sholat-puasa-haji dst ) anjeun, Kaula (Alloh) moal ngaijabah du'a anjeun". > > Sakitu wae heula, seur anu kedah dipedar deui, mung bilih panjang teuing. > Mugia tiasa katampi kupalawargi, hapunten bilih seueru kalepatan dina > nyeratkeunna. > > Mangga.. > > Wassalamu'alaikum wr wb > > Sampurasun... > > Baktos > > Agus Wirabudiman > > ----- Original Message ----- > > From: kumincir > To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > Sent: Wednesday, November 08, 2006 3:50 PM > Subject: Re: [kisunda] Diskriminasi? dan Pluarisme Agama. > > Ari takwana jalma nu teu islam kumaha nya? > > On 10/31/06, eki kurnia <[EMAIL PROTECTED] <my_eki%40yahoo.com>> wrote: > > > > malah dina qur'an seruan teh kanggo sedaya manusa > > Ya ayuhanass! seueur pan ayat etateh! > > da parentah taqwa oge lain keur umat islam wungkul atuh. > > keur sakumna jelema (cobi wae tingalian Qs 49 :13 jeung 2:21) > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
