wa'alaikumsalam kang agus, eta patarosan akang nyababkeun uing panasaranm (ngan pasti ari kang agus mah geus terang pan?).. nyobaan nanya jalema nu dianggap uing leuwih nyaho cenah kieu.. ngaran abu hurairoh sabab manehna resep pisan ucing di imahna loba pisan ngingu ucing ku deudeuh deudeuhna ka ucing cenah dimana si ucing sare di pangsarean manehna teu wani ngahudangkeun... nu ieu mah hasil lalayaran dina internet ngaran aslina saencan asup islam abdu shams* *(pelayan panonpoe) aya nu nyebut urang arab aya oge nu nyebut manehna yahudi. budak yatim nu teu boga dulur iwal ti indungna. jadi muslim ngaliwatan amr al dausi. geus jadi muslim ngaranna diganti jadi abdu rahman.* *cenah abu hurairah dibere kaleuwihan dina daya ingetna... kuring can manggih ari saha ngaran indungbapana jeung sabaraha taun pastina reureujeungan jeung rasul mah... ngan nalika muawiyah jadi khalifah hurairah jadi gupernur madinah ngan (deui-deui) teu kapanggih hubunganna jeung kajadian dipancungna incu nabi nu mastakana di abring-abring mah ... saencanna hurairah oge pernah jadi guperbur di bahrain keur jaman umar...
abu hurairah keur suni mah kapercaya pisan... hadist-hadist loba pisan nu nyutat riwayat manehna.. tapi ari keur syiah mah hurairah teh teu kapercaya... sumber: http://en.wikipedia.org/wiki/Abu_Huraira http://www.anwary-islam.com/companion/s_abu-hurayrah.htm http://www.allaahuakbar.net/shiites/in_defense_of_abu_hurairah.htm siuing nu teu nyaho nanaon tapi hayang nyaho nanaon kudu ku naon nya? ku neon kitu hehe dh On 11/11/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alikum Wr Wb > > > Atuh nilik deui di antawis Sabahat Nabi anu seueur ngariwayatkeun hadist > duga ka +/- 400 rebuan hadist anu aya dina Bukhori-Muslim nyaeta Abu > Hurairoh (hartosna Bapakna Ucing) saha jenengan Aslina?, saha Ibu-Ramana? > Sabara lami sasarengan sareng Kanjeng Nabi SAW dugi ka sakitu seueurna > ngariwayatkeun hadist, Abu Hurairoh ngajabat naon nalika Kholifah Mu'awiyah > dina waktos harita cucu Nabi SAW di teukteuk jeung diabring-abring Mastakana > ngurilingan kota padahal eta anu mateni jeung anu ngabring-ngabringkeun > Mastaka cucu Nabi SAW teh ngaku Islam (Muslim)/pasukan tentara Islam > jst.ngeri.ngeri.. > > > -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.lembur deudeuh.: http://banjarasih.blogsome.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
