Assalamu'alikum Wr Wb

Sampurasun.para wargi sadaya, hapunten ngiring mairan deui.

Maksud jeng tujuan ayana pamahaman Islam kana hal Pruralisme Agama, pamendak 
simkuring sanes mung ukur diterapkeun dina laku lampah sapopoe, sapertos anu 
parantos di dugikeun ku Kang Agus Pakusarakan :

      "nuk hade jeng kudu di jalanan dina pluarisme

  1.. silih anjangan
  2.. silih bantuan
  3.. silih pikanyaah ".
tah heunteu mung ukur dugi kadinya panginten., tapi kedah dugi ka ngajantenkeun 
Undang-Undang anu saadil-adilna, sareng janten payung hukum anu Islami (islam 
anu diamalkeun).

 

Kumargi mayoritas di Indonesia ngagem Islam tangtos kedah masihan, nembongkeun, 
produktif dina ngarumuskeun hukum perundang-undangan anu Islami, ti hal ieu 
salah sawios wadahna nyaeta ku ayana Partei Islam tea.

Mung upami ningal kana idiologi Islamna nyalira benten-benten, ieu teu leupas 
tina sajarah Islam, Kakholifahan Islam, dina hadist-hadist Ghadirkhum, kajadian 
di Saqifah, Wafatna Imam Hasan-Imam Husen anu teu aya pertagungjawabanna. 
Katambih deui dugi ka ayeuna Makam bojona Saidina Ali nyaeta Siti Fatimah putra 
Nabi Muhammad SAW teu aya nu terang dimana ayana.

Atuh nilik deui di antawis Sabahat Nabi anu seueur ngariwayatkeun hadist duga 
ka +/- 400 rebuan hadist anu aya dina Bukhori-Muslim nyaeta Abu Hurairoh 
(hartosna Bapakna Ucing) saha jenengan Aslina?, saha Ibu-Ramana? Sabara lami 
sasarengan sareng Kanjeng Nabi SAW dugi ka sakitu seueurna ngariwayatkeun 
hadist, Abu Hurairoh ngajabat naon nalika Kholifah Mu'awiyah dina waktos harita 
cucu Nabi SAW di teukteuk jeung diabring-abring Mastakana ngurilingan kota 
padahal eta anu mateni jeung anu ngabring-ngabringkeun Mastaka cucu Nabi SAW 
teh ngaku Islam (Muslim)/pasukan tentara Islam jst.ngeri.ngeri..

 

Cobi ningal di Nagara urang nyalira kantos kajantenan dimana aya kelompok 
masyarakat anu ngangkeun ti PPI (Persatuan Pelajar Islam) nyerang ka Pasewakan 
di Ciparay, Bandung anu ngakibatkeun +/- 22 urang ngalepaskeun nyawana boh di 
parang/anu diduruk. [Sumber : buku "Teologi Kebatinan Sunda"] Abdul Rozak.

 

Kalakuan eta, anu ngankeun nami Islam teh teu leupas tina pamahaman sareng 
doktrin dina Islamna nyalira.

 

Ku ayana pamahaman Islam kana hal Pluralisme Agama ieu nembongkeun, nerangkeun, 
ngajelaskeun pikeun Ummat Islam supaya ngajalankeun Islam kalawan Kaffah (ulah 
sawareh-sawareh dina ngajalankeun Ayat-ayat Al-Qur'anna), margi Al-Qur'an 
sareng Hadist parantos eces/jelas nerangkeun yen anu lain Mukmin oge sarua bisa 
asup sorga/salamet dunya rauh akheratna sakumaha anu parantos di pedar tipayun. 
Janten anu disebat Kafir saestunamah nyaeta anu jahat Tekadna, jahat Ucapna, 
jahat Lakuna.

Salah sawios ayat anu nadeskeun jalma Kafir dina surat Al-Imron, hapunten 
hartosna teu di sundakeun :

3:21. Sesungguhnya orang-orang yang kafir kepada ayat-ayat Allah dan membunuh 
para nabi yang memang tidak dibenarkan dan membunuh orang-orang yang menyuruh 
manusia berbuat adil, maka gembirakanlah mereka bahwa mereka akan menerima 
siksa yang pedih.

Saestuna anu Kafir teh :

1.      ingkarna kana ayat-ayat Alloh sedengkeun Jalma eta teh Iman ka Alloh 
jeng Nabina (surah Al-Imron salah sawios suroh anu dilungsurkeun di Madinah, 
mangga tingal dina As-Babunnuzul/sabab jeng musababna turunna ayat Al-Qur'an).

2.      anu mateni para Nabi.

3.      anu mateni Jalma, dimana jalama anu di patenina teh Jalma anu 
najeurkeun, ngadorong ka papada manusa supaya laku adil.

Saterasna dina perkawis najeurkeun kaadilan salahswiosna dina surah Al-Maidah 
5:8

hapunten oge teu disundakeun :

Hartosna "Hai orang-orang yang beriman, hendaklah kamu jadi orang-orang yang 
selalu menegakkan (kebenaran) karena Allah, menjadi saksi dengan adil. Dan 
janganlah sekali-kali kebencianmu terhadap sesuatu kaum, mendorong kamu untuk 
berlaku tidak adil.  Berlaku adillah, karena adil itu lebih dekat kepada takwa. 
Dan bertakwalah kepada Allah, sesungguhnya Allah Maha Mengetahui apa yang kamu 
kerjakan".

 

Kalimat anu digunakeun dina surah Al-Maidah ayat 8, ieu teu ngagunakeun kalimat 
An-Nasu sapertos Ya-Ayyuhannas (he manusa), tapi langkung khusus pikeun ummat 
Islam Ya-Ayyuhalladziina Amanuu (he jalma anu ariman) supaya :

  1.. jadi saksi kalawan Adil, conto sakedik: "aya sabagean kelompok Islam anu 
nyieun karuksakan, mateni sakahayangna ngalanggar hukum", kulantaran eta 
kelompok teh mawa ngaran Islam jeng Agamana oge agama Islam tuluy dirojong, 
didukung da pedah sarua ngagem dina Islamna padahal can tangtu benerna, maka 
urang sorangan teu jadi saksi kalawan adil.
  2.. Kakeuheul, Kangewa kupedah beda ka salasahiji Kaom, Suku, Bangsa, Agama 
anu luar ti Islam ulah ngajadikeun ummat Islam boga laku diluar kamanusaan 
kantenan dugi ka mateni jalma mah.
  3.. Saeutik teu ngalakukeun Kaadilan, tangtos tebih kana netepan kalimat 
Taqwa anu sabener-benerna Taqwa.
Mangga manawi kersa ngalenyepannana.



Perkawis Aqidah, sakedik simkuring ngutarakeun khotbah Imam Ali, "Awwalu dini 
ma'rifatu bihi", mimiti ngalokon din (Ageman) teh, wanoh ka Gustina/ma'rifat 
heula tipayun. Aya deui kalimatna "Awwalu Wajibun Linnaasi, Ma'rifatubillahi", 
hartosna "Mimiti parentah wajib ka Manusa teh, ma'rifat ka Pangerannana". 
Tidieu neras kana Nyaksikeun nyaeta Syahadat. Bade sholat madep kasaha, upami 
Sholatna urang teu kalawan ma'rifat jeung saterusna.

 

Ayeuna kumaha jalana kanggo Ma'rifat teh?, tiantawisna aya keterangan :

"Man'arofa nafsahu, faqod 'arofa robbahu, waman 'arofa robbahu faqod 
jahilannafsahu". Hartosna "Sing saha jalma nganyahokeun kana dirina, pasti 
nyaho kapangerannana (ma'rifat), Jeung sing saha jalma anu ngangkeun nyaho ka 
Pangerannana maka pasti bodo dirina".

 

 Kang Oman Abdurahman nyerat :

"Kalimana, sagigiren ngutus Nabi anu mawa wahyu, Pangeran oge ngutus "wahyu"
sejen ka satiap jelema, kum teu diwiji-wiji. Wahyu anu kadua ieu disebutna
akal atawa qolbu. Ku cara ngagunakeun akalna kalawan niat anu beresih, tiap
jalma - sok sanajan teu kungsi narima informasi atawa ajaran Islam (anu
formal) bisa nepi ka Pangeranana (hartina iman)".

 

Upami nilik ajaran Luluhur Urang Sunda mah , "Nyungsi diri, nyuai badan angelo 
paesan Tunggal". Salah sahiji konsep dina nganyahokeun jeng ngayakinkeun ka 
Pangeran Sadaya Alam (Robbul'alamin dibahasa arabkeunnanamah) nyaeta Nyugsi 
diri, nganyahokeun diri.



Tinangtos moal unggut kalinduan, moal gedag ka anginan upami Aqidah urang 
parantos ma'rifat billah mah.

 

Aduh panjang teuing, da kitu geuning dipanjangkeun tiasa panjang, dipondokeun 
tiasa pondok, kumaha kersa sareng pangersa diri urang keneh anu parantos 
dipaparin Kersa sareng Pangersana ti Gusti anu Maha Suci.

 

Hapunten anu kasuhun bilih aya seratan anu pondok nyogok, panjang nyugak

Wassalamu'alaikum Wr wb

Rampes

Baktos

Agus Wirabudiman


  ----- Original Message ----- 
  From: Agus K "PAKUSARAKAN" 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, November 09, 2006 5:39 PM
  Subject: Re: [kisunda] Diskriminasi? dan Pluarisme Agama.


  Ass Wr Wb

  emm di ilik2 beki rame... aya anu sami emutan nana aya anu hanteu...
  ceuk kuring.. masalah iyeu lain dina rahmatan lilalamin nu jadi uga
  namun saupami urang urang islam mah.. ulah hilap kana naon anu disebat
  Iman, mu'min, mukhlis, ikhsan, oge ikhlas
  panginten kang oman oge kang agus wb tinangong tiasa ngajarbarkeun eta anu di 
sebut ku simkuring
  ceuk kuring mun hirup teu dumasar kana anu 5 iyeu pasti baris patepung jeung 
silih salahkeun silih temlehkeun
  lumpat kana masalah pluarsime agama. tah iyeu anu lepat.. dupia pluarisme teh 
sanes pencampuran tea kitu?
  tah iyeu urang kedah gaduh 2 tetenggeur
  1. ulah gara2 kudu pluarisme terus ngorbankeun akidah
  2. nyakitu sabalikna gara2 akidah ulah saling musuhan tapi kudu saling wanohan

  pan aya basa moal nyaah mun teu wanoh

  ceuk kuring keneh, pluarisme anu salah nyaeta
  1. kawin campur beda agama (dijabarkeun bakal panjang)
  2. ngajual akidah keun bae teu boga akidah asal pluarisme

  nuk hade jeng kudu di jalanan dina pluarisme
  1. silih anjangan
  2. silih bantuan
  3. silih pikanyaah

  tah..ceuk kuring nu penting pisan mah iyeu
  "LAMUN DINA MU'AMALAH (IBADAH GHOER MAHDOH)IYEU YAKIN KUDU PLUARISME"
  "MUN DINA IBADAH MAHDOH MAH TEU BISA DI PLUARISME"

  Sakitu heula
  upami lepat eta datangna ti al fakir
  upami leres eta datangna di Alloh swt

  salam baktos


  oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Ass. wr. wb.,

  Nambihan sakedik (keur raripuh teh).

  Islam teh rahmatan lil 'alamin. Oge diutusna Nabi Muhammad saw teh keur
  ngahadekeun ahlak. Dina praktekna, anu nganut agama Islam teh loba anu
  parasea kulantaran Islamna ditujukeun keur kelompokna. Pon kitu deui, upama
  Islam ukur rahmatan lil muslimin, tangtu ummat anu sejen moal kabagean
  rahmat tina hadirna Islam. Jadi, konsep-konsep kahadean dina Islam kudu
  ngawengku oge kahadean keur (anu acara formal) non muslim.

  Hal sejen anu perlu jadi bahan pangemut, nyaeta perkara nepina ajaran agama
  (Islam) ka manusa anu teu sarua. Aya atawa loba golongan jelema anu teu
  narima informasi Islam anu sabenerna (dimaksud ku Pangeran). Malah teu
  saeutik manusa anu narima informasi Islam anu geus kaditorsi (anu geus
  nyeleweng). Di jihat sejen, tangtu da Pangeran mah Mahaadil, AnjeunNa moal
  ngadzoliman ka hamba-Na. Kukituna, tangtu aya cara anu sejen (di
  luar anu diebrehkeun dina Islam formal, sakumaha
  pangaweruhna sewang-sewangan) pikeun nangtungkeun kaadilan engke dina
  poean ajegna kaadilan. Eta cara teh sifatna tangtu kudu universal, katarima
  ku manusa ti golongan mana wae. Al Qur'an - sakumaha anu dipedar ku Kang Eki
  + Kang Agus - maparinan dadasar pikeun hal ieu. Kaasup konsep "taqwa"-na.

  Katiluna, kalolobaanana, dimensi anu digunakeun pikeun ngahukuman hiji
  jelema Islam atawa teu Islam teh nyaeta dimensi ritual. Padahal dina Al
  Qur'an, dimensi anu pangpentingna teh taya lian ti dimensi sosial. Ayat-ayat
  anu ngancam ka jelema anu teu aya inisiatif ngurus anak yatim, upamana,
  kacida kerasna, disebutna oge ngabohongkeun agama. Pon kitu deui, teu aya
  ibadah anu ancamanana sakitu heurasna salian ti ibadah zakat (anu leuwih
  gede dimensi sosialna). Pikeun zakat mah parentahna oge: "Cokot zakat (ti
  anu geus wajib zakat)! jeung ancaman ka anu ninggalkeunana : rajakayana
  engke jadi seune anu nyiksan diri anu bogana (anu teu zakat). Nilik tina
  dalil-dalil anu bieu ditataan mah boa-boa loba jelema anu geus ngaku Islam
  tapi sabenerna mah can Islam atawa ngabohongkeun agamana. Nau'dzubillahi min
  dzaalik.

  Kaopatna, dimensi sosial anu jadi dimensi penting dina agama Islam teh atawa
  dimensi sosial anu dasar eta sifatna universal (teu meunang maling, teu
  meunang zinah, mere maweh kanu kakurangan, nulungan ka anu susah,
  ngilangkeun kamiskinan, mayar hutang, jrrd). Hartina, eta dimensi sosial teh
  kapanggih dina agama naon wae atawa budaya-budaya anu aya atawa kungsi aya
  dina kahriupan di ieu dunya. Kukituna, gede lolongkrang manusa
  ngalaksanakeun ibadah sosial anu penting sok sanajan maranehanana teu ngagem
  agama Islam sacara formal.

  Kalimana, sagigiren ngutus Nabi anu mawa wahyu, Pangeran oge ngutus "wahyu"
  sejen ka satiap jelema, kum teu diwiji-wiji. Wahyu anu kadua ieu disebutna
  akal atawa qolbu. Ku cara ngaunakeun akalna kalawan niat anu beresih, tiap
  jalma - sok sanajan teu kungsi narima informasi atawa ajaran Islam (anu
  formal) bisa nepi ka Pangeranana (hartina iman). Dina salah sahiji ayat Al
  Qur'an disebutkeun syarat dasar kaimanan sakumaha anu ditataan ku Kang Agus.
  Jadi aya kamungkinan, jelema-jelema anu teu kungsi nganut agama Islam sacara
  formal oge dina balitungan Pangeran mah kaasup jelema-jelema anu ariman oge
  upamana maranehanana iman anu minimal (sakumaha ayat anu dipedar kang Agus)
  tur ngalakukeun amal sholeh/dimensi sosial anu universal oge hade akhlakna.
  Sok komo lamun dibarengan ku amal sholeh sejenna (manggihan hiji hal anu
  manfaat keur balarea, jrrd).

  Rupina sakitu heula ti sim kuring. Pamugi aya manfaatna pikeun diskusi
  masalah pluralisme.

  baktos,
  manAR

  On 11/9/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Assalamu'alikum Wr Wb,
  >
  > Sampurasun...
  >
  > hapunten abdi bade ngiring mairan perkawis "Diskriminasi? dan Pluarisme
  > Agama."
  >
  > Sakumaha anu parantos diserat ku kang Eki Kurnia [EMAIL 
PROTECTED]<my_eki%40yahoo.com>wrote:
  > "malah dina qur'an seruan teh kanggo sedaya manusa, Ya ayuhanass! seueur
  > pan ayat etateh!, da parentah taqwa oge lain keur umat islam wungkul atuh.
  > keur sakumna jelema (cobi wae tingalian Qs 49 :13 jeung 2:21)".
  >
  > Kang Kumincir nyerat :
  >
  > "Ari takwana jalma nu teu islam kumaha nya?"
  >
  > Sae pisan eta patarosan teh, manawi sareng manawi simkuring bade nyobi
  > ngutarakeun sapamendak simkuring.
  >
  > Ari Taqwana jalma luar ti Islam anu teu ngagem kitab Al-Qur'an, nabina
  > sanes Muhammad SAW, tiasa salamet Dunya rauh akherat lamun :
  >
  > 1. Iman yakin ayana Tuhan Yang Maha Esa Pangeran Sadaya Alam (Robbul
  > 'Alamin upmi di bahasa Arabkeunnamah).
  >
  > 2. Iman/yakin ayana poe akhir dimana yakin yen laku-lampah di dunya hade
  > goreng bakal aya wawalesna saparantosna hirup di Dunya.
  >
  > Sakumaha dauhan Alloh, hapunten terjemah Al-Qur'anna teu disundakeun :
  >
  > An-Nisa:124
  >
  > 4:124. Barang siapa yang mengerjakan amal-amal saleh, baik laki-laki
  > maupun wanita sedang ia orang yang beriman, maka mereka itu masuk ke dalam
  > surga dan mereka tidak dianiaya walau sedikit pun.
  >
  > dikiatkeun deui ku ayat ieu :
  >
  > (5:69). Sesungguhnya orang-orang mukmin, orang-orang Yahudi, Shabiin dan
  > orang-orang Nasrani, siapa saja (di antara mereka) yang benar-benar beriman
  > kepada Allah, hari kemudian dan beramal saleh, maka tidak ada kekhawatiran
  > terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati.
  >
  > Tina salah sawios hadist Nabi anu nganggo kalimah An-Nasu (manusa
  > sakabeh), :"Khoiru Nas, yanfa'u Linnasi", "sebaik-baiknya manusia adalah
  > yang memberikan manfaat kemapada manusia", ieu hadist oge geuning ku urang
  > sok sering kakuping dina ceramahna Aagym.
  >
  > Anu dimaksad "Amal Sholeh" dina surah Al-Maidah:69 sanes sarupaning
  > ngajalankeun sapertos Solat Lima Waktu, Puasa Bulan Romadhon, Zakat, Haji ka
  > Baitulloh, solat sunnah jst, namung "Amal Sholeh" anu dimaksad nyaeta anu
  > loba nyieun jeng mere manfaat ka papada manusa (hablumminannas) sakumaha
  > hadist di luhur.
  >
  > Janten naon wae Label Agamana manusa anu midamel manfaat, kasaean ka
  > papada manusa, saur Allah :"maka mereka itu masuk ke dalam surga dan mereka
  > tidak dianiaya walau sedikit pun", teras "maka tidak ada kekhawatiran
  > terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati". Hartosna bakal
  > diwales ku Alloh sakumaha amal solehna boh anu dilakukeun ku jalmi
  > Mukmin(Islam), Yahudi, Shabiin sareng Nasrani sadayana sami teu
  > diwilah-wilah Rohman sareng Rohimna Alloh kasaha wae teu ngabentenkeun
  > Label, da puguh geuning ari Labelmah mung ukur kumaha anu nyebut bahasana
  > masing-masing.
  >
  > Pamadegan ieu oge sami sareng pamadegan kang Jalaludin Rahmat salaku
  > pamimpin IJABI (Ikatan Jemaan Ahlul Baet Indonesia).
  >
  > Utamina urang kedah mentingkeun Taqwa-Amal Sholeh hubungan papada manusa,
  > Alloh ngadauh dina Hadist Qudsi : "Ya bani Adam..idza lam tar'a haqqo
  > jaarika, kamaa haqqo 'iyaalika, lam Andzur laka, walam Aqbal 'amalika, walam
  > Astajib du'aika". Hartosna kirang langukung kieu : "Heee bani Adam (turunan
  > adam/manusa sakabeh).Lamun aranjeun heunteu apik (Lalawora) dina ngajaga
  > hakna nu jadi tatangga, saperti apikna dina ngajaga hakna kulawarga, Kaula
  > (Alloh) moal nempo anjeun, Kaula (Alloh) moal narima amalan
  > (sholat-puasa-haji dst ) anjeun, Kaula (Alloh) moal ngaijabah du'a anjeun".
  >
  > Sakitu wae heula, seur anu kedah dipedar deui, mung bilih panjang teuing.
  > Mugia tiasa katampi kupalawargi, hapunten bilih seueru kalepatan dina
  > nyeratkeunna.
  >
  > Mangga..
  >
  > Wassalamu'alaikum wr wb
  >
  > Sampurasun...
  >
  > Baktos
  >
  > Agus Wirabudiman
  >
  > ----- Original Message -----
  >
  > From: kumincir
  > To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
  > Sent: Wednesday, November 08, 2006 3:50 PM
  > Subject: Re: [kisunda] Diskriminasi? dan Pluarisme Agama.
  >
  > Ari takwana jalma nu teu islam kumaha nya?
  >
  > On 10/31/06, eki kurnia <[EMAIL PROTECTED] <my_eki%40yahoo.com>> wrote:
  > >
  > > malah dina qur'an seruan teh kanggo sedaya manusa
  > > Ya ayuhanass! seueur pan ayat etateh!
  > > da parentah taqwa oge lain keur umat islam wungkul atuh.
  > > keur sakumna jelema (cobi wae tingalian Qs 49 :13 jeung 2:21)
  > >
  >
  > [Non-text portions of this message have been removed]
  >
  > [Non-text portions of this message have been removed]
  >
  > 
  >

  [Non-text portions of this message have been removed]

  ----------------------------------------------------------
  AGUS PAKUSARAKAN
  (Kang AZZOMAN)
  02193264068
  08128377662
  ----------------------------------------------------------
  http://aguspakusarakan.blogspot.com/
  http://geocities.com/prabu_siliwangi
  http://geocities.com/lodaya_9
  http://azzoman.indonetwork.co.id/
  http://siliwangi.blogs.friendster.com
  http://inkas.wordpress.com

  ---------------------------------
  Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

  [Non-text portions of this message have been removed]



   


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke