Geuning beuki dieu beuki ribut. Meh di unggal milis nu diposting teh
soal "poligami".

Dikorehan, digali jero-jero sugan we aya nu bau-bau. Tah engke sababarah
minggu posting soal bauna tea, cenah mah bau kieu, bau kitu, padahal mah
teu bau-bau acan.  Tah nu kieu cenah jelema-jelema nu  ngaku Agama
Islam.  Dai Kondang,  ngawayuh.."menurunkan harkat wanita"......anggota
DPR ti Partey Islam divedeo keur "taeun", henteu menurunkan harkat awewe
mah da jeung ungkluk.  Ditiupan make songsong, dihihid-an, ditambahan
deui arengna ngarah  ngagebur.  Tah Agama Islam teh kitu, dogogoremg.
Usaha urang kudu leuwih kuat nyekelan kana tali Allah SWT.

Soal jilbab rame deui, mimiti di Amrik di Bandara, amu make jilbab kudu
dibuka jeung, malah nepi dipariksa ngan ukur kutang wungkul.   Terus di
Perancis, barudak sakola teu meunang make jilbab. Ayeuna di Walanda
jeung Inggris oge nurutan Perancis.

Basa Idul Fitri di NYC, didaerah urang Guyana, aya Masjid di Leberty
Avenu jeung 128 Th Street,  peutingna keur takbiran, sa blok jauhna aya 
trailer.  Dicapna NYPD.  Ngajegir.  Teu nyaho naon eta teh da rada
ditutupan ku mobil-mobil pulisi.  Isukna, eta anu ngajegir teh jadi
jangkung kaluhur make hidrolis diluhurna aya imah-imahan opat pasagi.
Aya jandela nu dihideungan (tinted) opat ka unggal juru. Diluhurna aya
camera  opat siki.  Ari pek teh geuning jelema-jelema anu asup/kaluar ti
Masjid rek solat Ied geuning di rekam.

Kunanon make direkam sagala, hayang nyaho engke di maleman Natal eta
imah segi opat bakal dipasang di Katredal di Fifth Avenue atawa henteu.
Direkam soteh eta cenah da diributkeun urang Islam sok poligami, sok
make jilbab, sok berzinah, jeung rea-rea deui.  Naha bet sieuneun, apan
eta urang Mormon diNagara Bagian Utah, istrina leuwih ti dua malah
leuwih ti opat malahan mah.

Engke boa kahareup, aya deui wae anu diributkeun.

Naik Haji, eta teh "mengakibatkan kemiskinan",  tanah dijual, sawah
dijual, embe jeung munding oge dijual, perhiasan emas berlian dijual
jang ongkos naek Haji. Eta teu masuk diakal, teu cocok jeung taun 2007,
ayeuna mah jaman internet, cellphone, satelit.

Teu lila deui, ger deui diributkeun soal "Qurban".  Eta domba, embe,
sapi  di peuncit dilapangan.  Pesona eta keneh eta keneh dipake meuncit
sababaraha embe, domba.  Mawa bakteria.  Humane Society  turun tangan.
Meuncit nu kitu mah "cara biadab". Kabiasaan meuncit nu kitu matak jadi
panyakit, ngondang bakteria, laleur jeung nu laenna.   Eta domba, embe
jeung sapi kudu dipeuncit di pajagalan kabeh. Tempatna kudu anu bersih
tina kuman-kuman, peralatanna kudu anu mutakhir.

Nya murudul tukang jagal dibarengan ku anggota DPR ka Amrik, rek diajar
meuncit.  Dibangun pajagalan anu modern disakabeh kota gede sa
Indonesia.  Pamarentah teu boga duit, teu nanaon, bisa ngutang ka
Ay-em-ef.  Tapi alat-alatna kabeh nepi ka paranti ngepel kudu
didatangkeun ti Amrik.  Atuh"sibuk" pabrik Black&Decker, Cushmann,
Deerie, Caterpilar jeung sejena.  Kakara ge hutang dibayar, ayeuna kudu
ngahutang deui.

DPR ribut, pajagalan kudu dibangun. Kongomelarat bule boh sawomateng
tambah beunghar.  Pajagaln kudu dipariksa ku WHO jeung FDA. Bring atuh
para penjabat PBB  jeung FDA ti Amrik datang ka Indonesia.  Tujuan utama
Bali, disadiakeun ungkluk babaturan   nu divideo jeung anggota DPR  
tea.

Tah ieu anu disebut "brainwashing". Ceuk sim kuring mah, milis Kisunda
mending oge posting bobodoran,  usaha-usaha nguatkeun  Iman. Teu kudu
milu-milu di"brainwashing".   Da utekna ge beresih keneh, kulantaran
tara dipake mikir tea.

Jeung, nyandung teh lain kakara ayeuna wae.  Geus ratusan taun.  Bongan
saha, da wanoja US mah gareulis,  "murah senyum" jeung someah deui. 
Komo anu bahenol nerkom deuih.

Apan ceuk paribasa " darimana datangnya cinta, dari mata turun kehati ".
Tapi osok oge hatena kaliwatan, eureun eureun dihadapeun hate,
ditengah-tengah.  Mun kituh mah, sanes lepat abdi atuh, atuda remna
blong !

Pak Joe




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke