leureus pa sepuh (teu aya juragan taun 2007 mah
he..he..he)urang Islam mah ngaramekeun wungkul upami
aya isu teh lami-lami jadi bentrok papada urang
Islamna nyalira komo dina poligami mah padahal ken bae
da geus aya di jaman rosulna,da moal beres-beres nu
kitu mah nafsi-nafsi we urangna keun da aya amaluna
amalukum.

sapertos nu dicariosken ku pa sepuh geuning umat Islam
di lembur batur teh nyaan-nyaan dikakayana,ditandasa
deungeun  samentara urang ngan ukur cekcok dina urusan
poligami??? teungteuingen.

hapunten ah pa sepuh (moal juragan)
Baktos
Tisna
--- joeraganspuh7 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> 
> 
> Geuning beuki dieu beuki ribut. Meh di unggal milis
> nu diposting teh
> soal "poligami".
> 
> Dikorehan, digali jero-jero sugan we aya nu bau-bau.
> Tah engke sababarah
> minggu posting soal bauna tea, cenah mah bau kieu,
> bau kitu, padahal mah
> teu bau-bau acan.  Tah nu kieu cenah jelema-jelema
> nu  ngaku Agama
> Islam.  Dai Kondang,  ngawayuh.."menurunkan harkat
> wanita"......anggota
> DPR ti Partey Islam divedeo keur "taeun", henteu
> menurunkan harkat awewe
> mah da jeung ungkluk.  Ditiupan make songsong,
> dihihid-an, ditambahan
> deui arengna ngarah  ngagebur.  Tah Agama Islam teh
> kitu, dogogoremg.
> Usaha urang kudu leuwih kuat nyekelan kana tali
> Allah SWT.
> 
> Soal jilbab rame deui, mimiti di Amrik di Bandara,
> amu make jilbab kudu
> dibuka jeung, malah nepi dipariksa ngan ukur kutang
> wungkul.   Terus di
> Perancis, barudak sakola teu meunang make jilbab.
> Ayeuna di Walanda
> jeung Inggris oge nurutan Perancis.
> 
> Basa Idul Fitri di NYC, didaerah urang Guyana, aya
> Masjid di Leberty
> Avenu jeung 128 Th Street,  peutingna keur takbiran,
> sa blok jauhna aya 
> trailer.  Dicapna NYPD.  Ngajegir.  Teu nyaho naon
> eta teh da rada
> ditutupan ku mobil-mobil pulisi.  Isukna, eta anu
> ngajegir teh jadi
> jangkung kaluhur make hidrolis diluhurna aya
> imah-imahan opat pasagi.
> Aya jandela nu dihideungan (tinted) opat ka unggal
> juru. Diluhurna aya
> camera  opat siki.  Ari pek teh geuning
> jelema-jelema anu asup/kaluar ti
> Masjid rek solat Ied geuning di rekam.
> 
> Kunanon make direkam sagala, hayang nyaho engke di
> maleman Natal eta
> imah segi opat bakal dipasang di Katredal di Fifth
> Avenue atawa henteu.
> Direkam soteh eta cenah da diributkeun urang Islam
> sok poligami, sok
> make jilbab, sok berzinah, jeung rea-rea deui.  Naha
> bet sieuneun, apan
> eta urang Mormon diNagara Bagian Utah, istrina
> leuwih ti dua malah
> leuwih ti opat malahan mah.
> 
> Engke boa kahareup, aya deui wae anu diributkeun.
> 
> Naik Haji, eta teh "mengakibatkan kemiskinan", 
> tanah dijual, sawah
> dijual, embe jeung munding oge dijual, perhiasan
> emas berlian dijual
> jang ongkos naek Haji. Eta teu masuk diakal, teu
> cocok jeung taun 2007,
> ayeuna mah jaman internet, cellphone, satelit.
> 
> Teu lila deui, ger deui diributkeun soal "Qurban". 
> Eta domba, embe,
> sapi  di peuncit dilapangan.  Pesona eta keneh eta
> keneh dipake meuncit
> sababaraha embe, domba.  Mawa bakteria.  Humane
> Society  turun tangan.
> Meuncit nu kitu mah "cara biadab". Kabiasaan meuncit
> nu kitu matak jadi
> panyakit, ngondang bakteria, laleur jeung nu laenna.
>   Eta domba, embe
> jeung sapi kudu dipeuncit di pajagalan kabeh.
> Tempatna kudu anu bersih
> tina kuman-kuman, peralatanna kudu anu mutakhir.
> 
> Nya murudul tukang jagal dibarengan ku anggota DPR
> ka Amrik, rek diajar
> meuncit.  Dibangun pajagalan anu modern disakabeh
> kota gede sa
> Indonesia.  Pamarentah teu boga duit, teu nanaon,
> bisa ngutang ka
> Ay-em-ef.  Tapi alat-alatna kabeh nepi ka paranti
> ngepel kudu
> didatangkeun ti Amrik.  Atuh"sibuk" pabrik
> Black&Decker, Cushmann,
> Deerie, Caterpilar jeung sejena.  Kakara ge hutang
> dibayar, ayeuna kudu
> ngahutang deui.
> 
> DPR ribut, pajagalan kudu dibangun. Kongomelarat
> bule boh sawomateng
> tambah beunghar.  Pajagaln kudu dipariksa ku WHO
> jeung FDA. Bring atuh
> para penjabat PBB  jeung FDA ti Amrik datang ka
> Indonesia.  Tujuan utama
> Bali, disadiakeun ungkluk babaturan   nu divideo
> jeung anggota DPR  
> tea.
> 
> Tah ieu anu disebut "brainwashing". Ceuk sim kuring
> mah, milis Kisunda
> mending oge posting bobodoran,  usaha-usaha
> nguatkeun  Iman. Teu kudu
> milu-milu di"brainwashing".   Da utekna ge beresih
> keneh, kulantaran
> tara dipake mikir tea.
> 
> Jeung, nyandung teh lain kakara ayeuna wae.  Geus
> ratusan taun.  Bongan
> saha, da wanoja US mah gareulis,  "murah senyum"
> jeung someah deui. 
> Komo anu bahenol nerkom deuih.
> 
> Apan ceuk paribasa " darimana datangnya cinta, dari
> mata turun kehati ".
> Tapi osok oge hatena kaliwatan, eureun eureun
> dihadapeun hate,
> ditengah-tengah.  Mun kituh mah, sanes lepat abdi
> atuh, atuda remna
> blong !
> 
> Pak Joe
> 
> 
> 


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke