Leres pisan eta teh abah joe, dari pada nyieun picekcokeun jadi panas hate mendingan ngabahas hal nu leuwih bermanfaat kanggo kahirupan urang, sapertos misalkeun peluang usaha anu bisa ngankat perekobomian masayarakat urang anu memang masih seu'eur anu sesah (termasuk simkuring he.he.he.....), abdi salami ngiringan di milis ieu asa teu acan mendakan wawar soal peluang kanggo ngangkat perekonomian urang. Sanes abdi teu satuju kana bahasan eta da eta oge elmu anu kedah di pikaterang namung upami janten pacengkadan kan rada kirang sae oge dina hartos ngabahasna tong kaleuleuwihan, mendingan urang medar peluang nu tiasa di manfaatkeun ku balarea urang nu aya dilembur sanes kitu pak joe
----- Original Message ----- From: joeraganspuh7 To: [email protected] Sent: Friday, 15 December, 2006 9:08 AM Subject: [kisunda] jilbab, poligami terus naon deui ? Geuning beuki dieu beuki ribut. Meh di unggal milis nu diposting teh soal "poligami". Dikorehan, digali jero-jero sugan we aya nu bau-bau. Tah engke sababarah minggu posting soal bauna tea, cenah mah bau kieu, bau kitu, padahal mah teu bau-bau acan. Tah nu kieu cenah jelema-jelema nu ngaku Agama Islam. Dai Kondang, ngawayuh.."menurunkan harkat wanita"......anggota DPR ti Partey Islam divedeo keur "taeun", henteu menurunkan harkat awewe mah da jeung ungkluk. Ditiupan make songsong, dihihid-an, ditambahan deui arengna ngarah ngagebur. Tah Agama Islam teh kitu, dogogoremg. Usaha urang kudu leuwih kuat nyekelan kana tali Allah SWT. Soal jilbab rame deui, mimiti di Amrik di Bandara, amu make jilbab kudu dibuka jeung, malah nepi dipariksa ngan ukur kutang wungkul. Terus di Perancis, barudak sakola teu meunang make jilbab. Ayeuna di Walanda jeung Inggris oge nurutan Perancis. Basa Idul Fitri di NYC, didaerah urang Guyana, aya Masjid di Leberty Avenu jeung 128 Th Street, peutingna keur takbiran, sa blok jauhna aya trailer. Dicapna NYPD. Ngajegir. Teu nyaho naon eta teh da rada ditutupan ku mobil-mobil pulisi. Isukna, eta anu ngajegir teh jadi jangkung kaluhur make hidrolis diluhurna aya imah-imahan opat pasagi. Aya jandela nu dihideungan (tinted) opat ka unggal juru. Diluhurna aya camera opat siki. Ari pek teh geuning jelema-jelema anu asup/kaluar ti Masjid rek solat Ied geuning di rekam. Kunanon make direkam sagala, hayang nyaho engke di maleman Natal eta imah segi opat bakal dipasang di Katredal di Fifth Avenue atawa henteu. Direkam soteh eta cenah da diributkeun urang Islam sok poligami, sok make jilbab, sok berzinah, jeung rea-rea deui. Naha bet sieuneun, apan eta urang Mormon diNagara Bagian Utah, istrina leuwih ti dua malah leuwih ti opat malahan mah. Engke boa kahareup, aya deui wae anu diributkeun. Naik Haji, eta teh "mengakibatkan kemiskinan", tanah dijual, sawah dijual, embe jeung munding oge dijual, perhiasan emas berlian dijual jang ongkos naek Haji. Eta teu masuk diakal, teu cocok jeung taun 2007, ayeuna mah jaman internet, cellphone, satelit. Teu lila deui, ger deui diributkeun soal "Qurban". Eta domba, embe, sapi di peuncit dilapangan. Pesona eta keneh eta keneh dipake meuncit sababaraha embe, domba. Mawa bakteria. Humane Society turun tangan. Meuncit nu kitu mah "cara biadab". Kabiasaan meuncit nu kitu matak jadi panyakit, ngondang bakteria, laleur jeung nu laenna. Eta domba, embe jeung sapi kudu dipeuncit di pajagalan kabeh. Tempatna kudu anu bersih tina kuman-kuman, peralatanna kudu anu mutakhir. Nya murudul tukang jagal dibarengan ku anggota DPR ka Amrik, rek diajar meuncit. Dibangun pajagalan anu modern disakabeh kota gede sa Indonesia. Pamarentah teu boga duit, teu nanaon, bisa ngutang ka Ay-em-ef. Tapi alat-alatna kabeh nepi ka paranti ngepel kudu didatangkeun ti Amrik. Atuh"sibuk" pabrik Black&Decker, Cushmann, Deerie, Caterpilar jeung sejena. Kakara ge hutang dibayar, ayeuna kudu ngahutang deui. DPR ribut, pajagalan kudu dibangun. Kongomelarat bule boh sawomateng tambah beunghar. Pajagaln kudu dipariksa ku WHO jeung FDA. Bring atuh para penjabat PBB jeung FDA ti Amrik datang ka Indonesia. Tujuan utama Bali, disadiakeun ungkluk babaturan nu divideo jeung anggota DPR tea. Tah ieu anu disebut "brainwashing". Ceuk sim kuring mah, milis Kisunda mending oge posting bobodoran, usaha-usaha nguatkeun Iman. Teu kudu milu-milu di"brainwashing". Da utekna ge beresih keneh, kulantaran tara dipake mikir tea. Jeung, nyandung teh lain kakara ayeuna wae. Geus ratusan taun. Bongan saha, da wanoja US mah gareulis, "murah senyum" jeung someah deui. Komo anu bahenol nerkom deuih. Apan ceuk paribasa " darimana datangnya cinta, dari mata turun kehati ". Tapi osok oge hatena kaliwatan, eureun eureun dihadapeun hate, ditengah-tengah. Mun kituh mah, sanes lepat abdi atuh, atuda remna blong ! Pak Joe [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
