ah... tapi asana kuring nyemplungkeun proposal usaha teu aya nu ngawaro eh ncan 
aya nu ngawaro ketang..


Rohmansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Leres 
pisan eta teh abah joe, dari pada nyieun picekcokeun jadi panas hate mendingan 
ngabahas hal nu leuwih bermanfaat kanggo kahirupan urang, sapertos misalkeun 
peluang usaha anu bisa ngankat perekobomian masayarakat urang anu memang masih 
seu'eur anu sesah (termasuk simkuring he.he.he.....), abdi salami ngiringan di 
milis ieu asa teu acan mendakan wawar soal peluang kanggo ngangkat perekonomian 
urang. Sanes abdi teu satuju kana bahasan eta da eta oge elmu anu kedah di 
pikaterang namung upami janten pacengkadan kan rada kirang sae oge dina hartos 
ngabahasna tong kaleuleuwihan, mendingan urang medar peluang nu tiasa di 
manfaatkeun ku balarea urang nu aya dilembur sanes kitu pak joe
 
 ----- Original Message ----- 
   From: joeraganspuh7 
   To: [email protected] 
   Sent: Friday, 15 December, 2006 9:08 AM
   Subject: [kisunda] jilbab, poligami terus naon deui ?
 
 Geuning beuki dieu beuki ribut. Meh di unggal milis nu diposting teh
   soal "poligami".
 
 Dikorehan, digali jero-jero sugan we aya nu bau-bau. Tah engke sababarah
   minggu posting soal bauna tea, cenah mah bau kieu, bau kitu, padahal mah
   teu bau-bau acan. Tah nu kieu cenah jelema-jelema nu ngaku Agama
   Islam. Dai Kondang, ngawayuh.."menurunkan harkat wanita"......anggota
   DPR ti Partey Islam divedeo keur "taeun", henteu menurunkan harkat awewe
   mah da jeung ungkluk. Ditiupan make songsong, dihihid-an, ditambahan
   deui arengna ngarah ngagebur. Tah Agama Islam teh kitu, dogogoremg.
   Usaha urang kudu leuwih kuat nyekelan kana tali Allah SWT.
 
 Soal jilbab rame deui, mimiti di Amrik di Bandara, amu make jilbab kudu
   dibuka jeung, malah nepi dipariksa ngan ukur kutang wungkul. Terus di
   Perancis, barudak sakola teu meunang make jilbab. Ayeuna di Walanda
   jeung Inggris oge nurutan Perancis.
 
 Basa Idul Fitri di NYC, didaerah urang Guyana, aya Masjid di Leberty
   Avenu jeung 128 Th Street, peutingna keur takbiran, sa blok jauhna aya 
   trailer. Dicapna NYPD. Ngajegir. Teu nyaho naon eta teh da rada
   ditutupan ku mobil-mobil pulisi. Isukna, eta anu ngajegir teh jadi
   jangkung kaluhur make hidrolis diluhurna aya imah-imahan opat pasagi.
   Aya jandela nu dihideungan (tinted) opat ka unggal juru. Diluhurna aya
   camera opat siki. Ari pek teh geuning jelema-jelema anu asup/kaluar ti
   Masjid rek solat Ied geuning di rekam.
 
 Kunanon make direkam sagala, hayang nyaho engke di maleman Natal eta
   imah segi opat bakal dipasang di Katredal di Fifth Avenue atawa henteu.
   Direkam soteh eta cenah da diributkeun urang Islam sok poligami, sok
   make jilbab, sok berzinah, jeung rea-rea deui. Naha bet sieuneun, apan
   eta urang Mormon diNagara Bagian Utah, istrina leuwih ti dua malah
   leuwih ti opat malahan mah.
 
 Engke boa kahareup, aya deui wae anu diributkeun.
 
 Naik Haji, eta teh "mengakibatkan kemiskinan", tanah dijual, sawah
   dijual, embe jeung munding oge dijual, perhiasan emas berlian dijual
   jang ongkos naek Haji. Eta teu masuk diakal, teu cocok jeung taun 2007,
   ayeuna mah jaman internet, cellphone, satelit.
 
 Teu lila deui, ger deui diributkeun soal "Qurban". Eta domba, embe,
   sapi di peuncit dilapangan. Pesona eta keneh eta keneh dipake meuncit
   sababaraha embe, domba. Mawa bakteria. Humane Society turun tangan.
   Meuncit nu kitu mah "cara biadab". Kabiasaan meuncit nu kitu matak jadi
   panyakit, ngondang bakteria, laleur jeung nu laenna. Eta domba, embe
   jeung sapi kudu dipeuncit di pajagalan kabeh. Tempatna kudu anu bersih
   tina kuman-kuman, peralatanna kudu anu mutakhir.
 
 Nya murudul tukang jagal dibarengan ku anggota DPR ka Amrik, rek diajar
   meuncit. Dibangun pajagalan anu modern disakabeh kota gede sa
   Indonesia. Pamarentah teu boga duit, teu nanaon, bisa ngutang ka
   Ay-em-ef. Tapi alat-alatna kabeh nepi ka paranti ngepel kudu
   didatangkeun ti Amrik. Atuh"sibuk" pabrik Black&Decker, Cushmann,
   Deerie, Caterpilar jeung sejena. Kakara ge hutang dibayar, ayeuna kudu
   ngahutang deui.
 
 DPR ribut, pajagalan kudu dibangun. Kongomelarat bule boh sawomateng
   tambah beunghar. Pajagaln kudu dipariksa ku WHO jeung FDA. Bring atuh
   para penjabat PBB jeung FDA ti Amrik datang ka Indonesia. Tujuan utama
   Bali, disadiakeun ungkluk babaturan nu divideo jeung anggota DPR 
   tea.
 
 Tah ieu anu disebut "brainwashing". Ceuk sim kuring mah, milis Kisunda
   mending oge posting bobodoran, usaha-usaha nguatkeun Iman. Teu kudu
   milu-milu di"brainwashing". Da utekna ge beresih keneh, kulantaran
   tara dipake mikir tea.
 
 Jeung, nyandung teh lain kakara ayeuna wae. Geus ratusan taun. Bongan
   saha, da wanoja US mah gareulis, "murah senyum" jeung someah deui. 
   Komo anu bahenol nerkom deuih.
 
 Apan ceuk paribasa " darimana datangnya cinta, dari mata turun kehati ".
   Tapi osok oge hatena kaliwatan, eureun eureun dihadapeun hate,
   ditengah-tengah. Mun kituh mah, sanes lepat abdi atuh, atuda remna
   blong !
 
 Pak Joe
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
 
     
                       


---------------------------------------------------------------------- 
AGUS PAKUSARAKAN 
+62 81283 776 62 
http://www.hr-uwj.com  
---------------------------------------------------------------------- 
http://aguspakusarakan.blogspot.com/ 
http://geocities.com/prabu_siliwangi 
http://geocities.com/lodaya_9 
http://azzoman.indonetwork.co.id/  
http://siliwangi.blogs.friendster.com 
http://inkas.wordpress.com
 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke