ari numutkeun pamendak simkuring mah, asal muasal kecap jabang bayi teh alatan
aya kapercayaan urang sunda (jeung urang indonesia) yen upami aya nu nuju
ngandeg, boh ibuna , miwah ramana kedah salawasna ngajagi salirana tina emutan,
cariosan, sareng lampah paripolah nu matak ngahandapkeun darajat makhluk sejen.
contona ngahina nu sejen, maehan sasatoan atanapi sempal guyon nu matak raheut
manah. Tah, upami kajantenan eta karandapan ku anu nuju ngadeg, supados si
jabang bayi salamet tina mangrupi karma sareng sajabina, si ibuna kedah
nyebatkeun 'amit-amit jabang bayi, ulah saturut-turutna' bari ngusapan
patuangana.
mugia aya mangapaatna, hatur nuhun...
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Amit-amit" lamun dina basa Indonesia ngaharib kana maksud kecap: semoga
dijauhkan (dari hal tersebut). Asal kecapna sigana tina kecap "pamitan" anu
hartina : menta ijin rek indit atawa rek ninggalkeun atawa rek papisah.. Aya
babasan "amit-amit jabang bayi", eta sakalimah (lain hartina: muga-muga
dijauhkeun tina orok), tapi do'a atawa sikep hayang dijauhkeun tina anu
dimaksud (ku saterusna eta kalimah). "Amit-amit jabang bayi, teu hayang
sakali oge ngarandapan cilaka", upamana.
Biasana mah anu diajak ngobrol teh geus surti. Kalimah "amit-amit jabang
bayi" teu kudu diteruskeun jeung salengkepna (naon anu hayang disinglar
atawa dijauhkeun). Upamana, aya anu nyaritakeu yen di hiji lembur aya
kajadian orok lahir teu aya ramoan. Tuluy anu ngadarengekeun eta carita teh
saur manuk nyebut kieu: "Amit-amit jabang bayi". Maksudna, arinyana menta
dijauhkeun ngarandapan (boga) orok teu aya ramoan.
Kunaon make kecapa tambahan "jabang bayi"? Terus terang si kuring teu apal
sabab musabab atawa maksud tambahan kecap "jabang bayi" sanggeus kecap
"amit-amit". Ngan sigana, menta dijauhkeun (tina perkara anu diamit-amitan)
teh bener-bener sagemblengna, ti mimiti awal atawa jalan-jalan anu nuju kana
eta kajadian nepi ka akhirna. Atawa, embung ngalaman sok sanajan
saeutik/leutik oge eta kajadian atawa kaayaan anu disinglar ku kecap
amit-amit..
Di masyarakat Sunda, aya oge ebrehan kalimah paguneman anu hartina sarua
jeung amit-amit anu asalna tina basa Arab. Kalimah anu dimaksud teh nyaeta:
"Na'udzubillah" atawa lengkepna mah: "Naudzubillahi min dzaalik". Harti
satarabasna: Abdi nyalindung ka Gusti tina eta perkara". Nya maksudna mah
sarua wae jeung maksud kecap atawa kalimah "amit-amit jabang bayi". Ngan
bedana, ebrehan anu akhir mah geus ngaitkeun harepan dijauhkeun tina
kajadian anu disinglar teh kalawan nyalindung ka Pangeran.
Hapunten, teu tiasa ngajelaskeun langkung ti anu ditataan di luhur, ma'lum
lain ahlina.
baktos,
manAR
On 12/13/06, rudi purwana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten kasadayana,
>
> bade ngiring tomaros.rada hilaf ieu teh.
>
> Patarosannana teh: ari hartos anu saleresna kecap "amit2" teh naon nya?
>
> Upami teu leupat mah, kapungkur teh aya anu ngawartosan yen hartos
> saleresna
> lamun urang nyebat "amit2" teh malah ngadu'akeun kana negatif saurna.
>
> Nuhun sateuacanna,
>
> r.p.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/