Leres pisan Kang... panginten ngetang-na wengi-wengi janten katambihan ku banci sareng kuntilanak. ibi bobotoh pameget anti poligami :-)
----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Monday, December 11, 2006 2:39 PM Subject: [kisunda] Awewe leuwih loba ti lalaki? Maca PR poe kamari, kuring rada ngahuleng, aya narasumber dina artikel PR eta, nu nyebatkeun yen dina kanyataannya AWEWE LEUWIH LOBA TI LALAKI. Nu jadi narasumber, hiji tokoh di Bandung, nu boga gelar Ir jeung Msc, jeung pangurus (duka malah ketuana) hiji Yayasan Pendidikan Islam di Bandung. Hayang ngawaler ku huruf gede kabeh, lamun eta tulisan dina millis, hanjakal tulisan dina koran. Ari satuju kana nyandung mah, satuju we, teu kudu nyanyandak statistik sagala. Sabab ari statistik mah nunjukkeun yen perbandingan awewe jeung lalaki teh ampir 1:1 (kuring sabaraha kali posting di Kusnet soal ieu). Ieu hiji bukti yen di Indonesia, sanajan jalmana geus rimbil gelar elmu pangaweruh, tapi lamun keur "ngaheueuhkeun" maksud manehna mah, datana dimanipulasi!. Padahal data teh peryogi pisan, contona lamun lobana awewe jeung lalaki "dimanipulasi" ngarah nyandung diheueuhkeun. Pan cilaka keur nu produksi/dagang kutang/calana jero/ pembalut wanita, pasti rugi, da disangkana awewe teh loba pisan. Kitu deui pihak Departemen Kasehatan, danana bisa beurat sabeulah, loba nyadiakeun keur kaperluan medis awewe. Nu Maha Kawasa/ Gusti Allah parantos nunjukkeun maksud Anjeunna, supaya hirup teh sapasang-sapasang, buktina data statistik nunjukkeun yen lalaki jeung awewe teh diciptakeun ampir 1:1. Aneh, lamun urang teu bisa "maca" isyarat ti Nu Maha Kawasa ieu! Baktos, WALUYA (Tetep anti nyandung) [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
