Kumaha upami kieu Neng Yeni Kurniatin.
Ku Akang Neng Kurniatin diangkat salaku ketua panitia. Panitia ieu
pikeun nyieun perkempelan nu namina "Assosiasi Liga Ibu-ibu Monogami
sepakat"
nu disingkat ALIM's.  Muhun maksadna alim pisan dicandung.

Penting pisan ieu lembaga enggal-enggal dijieun, alesana atanapi visi
sareng misina nyaeta pikeun ngangkat harkat jeung martabat kaum hawa.

Jaman kiwari mah geus teu usum deui ngangkat harkat darajat awewe ku
jalan dicandung, tapi bisa oge ku cara nu lian.

Salian ti eta ieu gerakan kacida pentingna margi bapa-bapa bisi
nurutan tokoh panutanna anu ayeuna nyandung nembe 2, duka kapayunna
tiasa janten, supados langkung nyunah tiasa dugi ka 4.


Kumaha satuju teu? 

Salam ti provokator.
:)

--- In [email protected], "Yeni Kurniatin" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Leres pisan Kang... panginten ngetang-na wengi-wengi janten
katambihan ku banci sareng kuntilanak.
> ibi
> bobotoh pameget anti poligami :-)
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: waluya56 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Monday, December 11, 2006 2:39 PM
>   Subject: [kisunda] Awewe leuwih loba ti lalaki?
> 
> 
>   Maca PR poe kamari, kuring rada ngahuleng, aya narasumber dina 
>   artikel PR eta, nu nyebatkeun yen dina kanyataannya AWEWE LEUWIH 
>   LOBA TI LALAKI. Nu jadi narasumber, hiji tokoh di Bandung, nu boga 
>   gelar Ir jeung Msc, jeung pangurus (duka malah ketuana) hiji Yayasan 
>   Pendidikan Islam di Bandung.
> 
>   Hayang ngawaler ku huruf gede kabeh, lamun eta tulisan dina millis, 
>   hanjakal tulisan dina koran. Ari satuju kana nyandung mah, satuju 
>   we, teu kudu nyanyandak statistik sagala. Sabab ari statistik mah 
>   nunjukkeun yen perbandingan awewe jeung lalaki teh ampir 1:1 (kuring 
>   sabaraha kali posting di Kusnet soal ieu). Ieu hiji bukti yen di 
>   Indonesia, sanajan jalmana geus rimbil gelar elmu pangaweruh, tapi 
>   lamun keur "ngaheueuhkeun" maksud manehna mah, datana dimanipulasi!. 
>   Padahal data teh peryogi pisan, contona lamun lobana awewe jeung 
>   lalaki "dimanipulasi" ngarah nyandung diheueuhkeun. Pan cilaka keur 
>   nu produksi/dagang kutang/calana jero/ pembalut wanita, pasti rugi, 
>   da disangkana awewe teh loba pisan. Kitu deui pihak Departemen 
>   Kasehatan, danana bisa beurat sabeulah, loba nyadiakeun keur 
>   kaperluan medis awewe. 
> 
>   Nu Maha Kawasa/ Gusti Allah parantos nunjukkeun maksud Anjeunna, 
>   supaya hirup teh sapasang-sapasang, buktina data statistik 
>   nunjukkeun yen lalaki jeung awewe teh diciptakeun ampir 1:1. Aneh, 
>   lamun urang teu bisa "maca" isyarat ti Nu Maha Kawasa ieu!
> 
>   Baktos,
>   WALUYA
>   (Tetep anti nyandung)
> 
> 
> 
>    
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke