Hih ... nya puguh we ari nyandung mah halal, ngan kuring mah tetep we anti nyandung. Da nu halal teh can tangtu alus (komo nu haram mah). Kieu atuh contona, kuring di millis sabeulah (kunset) posting soal perbandingan awewe jeung lalaki di nagara-nagara Teluk nu SURPLUS lalaki. upami panasaran mangga pilarian dina Google nganggo kata kunci "population". Arab Saudi babandinganana lamun teu salah 120 lalaki : 100 awewe, nu kacida pisan mah Kuwait 160 lalaki : 100 awewe. Di nagara-ngara eta polygami dimeunangkeun. Akibatna? Geus jadi rahasia umum, di nagara-nagara eta loba lalaki nu ngabujang saumur hirup. Memang cenah aya alesan loba nu ngabujang teh kulantaran didinya mah "mahar" mahal (mahar = mas kawin nu dipatok). Naha kunaon mas kawin bet mahal? saluyu jeung hukum ekonomi, nu menta loba, tapi barang saeutik, akibatna jadi ....mahal. (Punten rada ngabandingkeun jeung barang). Lalaki nu miskin akibatna jadi teu bisa kawin, teu kabagean, da dimonopoli kunu beunghar jeung kawasa nu bisa laluasa ngoleksi awewe. Ieu jiga heureuy, tapi memang kanyaataanana kitu!
Tah, umpama babandingan lalaki jeung awewe jomplang kitu, pan alusna mah nagara ngalarang polygami, keur kaadilan rakyatna. Kumaha di Indonesia? data statistik hasil sensus nasional tahun 2000, nunjukkeun lalaki masih leuwih loba, sanajan babandinganana teu pati jauh, 1006 lalaki : 1000 awewe. Jadi ampir 1:1 lah. Nya hiji dua nu nyandung mah teu nanaon lah, asal ulah jadi "kecenderungan umum" we, sabab engkena diurang oge loba lalaki nu ....ngabujang beakeun awewe ...hehehehe Tah supaya nyandung teu jadi "kacenderungan umum", alusna UU Perkawinan 1974 teh, dilaksanakeun kalawan konsisten, teu sambarang lalaki bisa nyandung. Tapi eta ceuk kuring, mangga nyanggakeun kanu sanesna, bilih bade mairan mah ... Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: "Agus Pakusarakan" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Monday, December 11, 2006 5:56 PM Subject: Re: [kisunda] Awewe leuwih loba ti lalaki? > baruk kitu kang.. > kang tiasa naros teu... > sugan we paraosan abdi teu salah.. > akang pan anti nyandung > sok sanajan anti nyandung tp teu anti pan ayat dina al-qur'an mah.. nu di > handap > Alquran > Surah An Nisaa'> Ayat 3 > Dan jika kamu takut tidak akan dapat berlaku adil terhadap (hak-hak) > perempuan yatim (bilamana kamu mengawininya), maka kawinilah wanita-wanita > (lain) yang kamu senangi: dua, tiga atau empat. Kemudian jika kamu takut > tidak akan dapat berlaku adil, maka (kawinilah) seorang saja, atau > budak-budak yang kamu miliki. Yang demikian itu adalah lebih dekat kepada > tidak berbuat aniaya. > Alquran > Surah An Nuur> Ayat 32 > Dan kawinkanlah orang-orang yang sendirian di antara kamu, dan orang-orang > yang layak (berkawin) dari hamba-hamba sahayamu yang lelaki dan > hamba-hamba sahayamu yang perempuan. Jika mereka miskin Allah akan > memampukan mereka dengan karunia-Nya. Dan Allah Maha luas (pemberian-Nya) > lagi Maha Mengetahui. > Alquran > Surah Ar Ruum> Ayat 21 > Dan di antara tanda-tanda kekuasaan-Nya ialah Dia menciptakan untukmu > istri-istri dari jenismu sendiri, supaya kamu cenderung dan merasa > tenteram kepadanya, dan dijadikan-Nya di antaramu rasa kasih dan sayang. > Sesungguhnya pada yang demikian itu benar-benar terdapat tanda-tanda bagi > kaum yang berpikir. > > mun abdi mah anti nyandung hanteu.. satuju oge hanteu... > biasa we... nu pasti mah insya allah moal nyandung.... > > > waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Maca PR poe kamari, kuring rada ngahuleng, aya narasumber dina > artikel PR eta, nu nyebatkeun yen dina kanyataannya AWEWE LEUWIH > LOBA TI LALAKI. Nu jadi narasumber, hiji tokoh di Bandung, nu boga > gelar Ir jeung Msc, jeung pangurus (duka malah ketuana) hiji Yayasan > Pendidikan Islam di Bandung. > > Hayang ngawaler ku huruf gede kabeh, lamun eta tulisan dina millis, > hanjakal tulisan dina koran. Ari satuju kana nyandung mah, satuju > we, teu kudu nyanyandak statistik sagala. Sabab ari statistik mah > nunjukkeun yen perbandingan awewe jeung lalaki teh ampir 1:1 (kuring > sabaraha kali posting di Kusnet soal ieu). Ieu hiji bukti yen di > Indonesia, sanajan jalmana geus rimbil gelar elmu pangaweruh, tapi > lamun keur "ngaheueuhkeun" maksud manehna mah, datana dimanipulasi!. > Padahal data teh peryogi pisan, contona lamun lobana awewe jeung > lalaki "dimanipulasi" ngarah nyandung diheueuhkeun. Pan cilaka keur > nu produksi/dagang kutang/calana jero/ pembalut wanita, pasti rugi, > da disangkana awewe teh loba pisan. Kitu deui pihak Departemen > Kasehatan, danana bisa beurat sabeulah, loba nyadiakeun keur > kaperluan medis awewe. > > Nu Maha Kawasa/ Gusti Allah parantos nunjukkeun maksud Anjeunna, > supaya hirup teh sapasang-sapasang, buktina data statistik > nunjukkeun yen lalaki jeung awewe teh diciptakeun ampir 1:1. Aneh, > lamun urang teu bisa "maca" isyarat ti Nu Maha Kawasa ieu! > > Baktos, > WALUYA > (Tetep anti nyandung) > > > > > > > ---------------------------------------------------------------------- > AGUS PAKUSARAKAN > +62 81283 776 62 > http://www.hr-uwj.com > ---------------------------------------------------------------------- > http://aguspakusarakan.blogspot.com/ > http://geocities.com/prabu_siliwangi > http://geocities.com/lodaya_9 > http://azzoman.indonetwork.co.id/ > http://siliwangi.blogs.friendster.com > http://inkas.wordpress.com > > --------------------------------- > Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
