Pajajaran, bisa jadi ngaran sahiji karajaan. Tapi lamun bener ngarupakeun
karajaan meureun gedena henteu leuwih lega ti kota Bogor kiwari.
Pajajaran, anu pasti ngaran sahiji dayeuh anu jadi puseur (ibu kota) karajaan
anu wilayahna leuwih lega, nyaeta karajaan Sunda, anu ngawengku wilayah ti
ujung kulon tepi ka kali Brebes jeung kali Serayu.
Pajajaran, wewengkon anu aya diantara dua jajaran susukan. Pajajaran,
wewengkon anu nyimpen dua watu gigilang anu ngajajar.
Ieu tulisan ti wikipedia ngeunaan Pajajaran:
Pakuan Pajajaran (atawa Pakuan/Pakwan atawa Pajajaran) nujul ka puseur
pamaréntahan Karajaan Sunda, hiji karajaan nu kungsi aya di Tatar Sunda,
wewengkon kulon pulo Jawa. Di puseur ieu karajaan, Prabu Susuktunggal (ngawasa
1382-1482) ngadegkeun karaton/kadaton karajaan nu katelah "Sri Bimapunta
Narayana Madura Suradipati".
Ngaran/sebutan Pakuan Pajajaran kapanggih dina sababaraha tinggalan
arkéologis mangrupa prasasti jeung sababaraha naskah Sunda kuna, di antara
prasasti Batutulis (abad ka-14), prasasti Kabantenan, naskah Carita Parahyangan
(1580) jeung Fragmén Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru (abad ka-18), jeung
naskah MSA.
Pakuan Pajajaran munggaran diadegkeun ku Tarusbawa taun 669 M, nu asalna
mangrupakeun wewengkon Sunda Sambawa, rajamandala (raja bawahan, vassal)
handapeun kakawasaan Tarumanagara. Nalika taun 669 raja Taruma (Linggawarman)
pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna (sabab teu boga anak lalaki)
ti Sunda, nyaéta Tarusbawa. Ragragna kakawasaan ka Tarusbawa ieu ngabalukarkeun
Galuh misahkeun manéh, sedengkeun Tarusbawa ogé horéng leuwih milih mingpin
sésa kakawasaan Tarumanagara ieu ti Sunda (sahingga salajengna ngadeg karajaan
Sunda). Kusabab Galuh misahkeun manéh, wilayah Tarumanagara ieu kabagi dua nu
watesna walungan Citarum: béh kulon ku Sunda, béh wétan ku Galuh.
Dina catetan sajarah nu geus kagali, nu ngabaru/mindahkeun (deui) puseur
karajaan ka Pakuan téh nyaéta Rahyang Banga (ti Galuh, 759), Darmasiksa (ti
Saunggalah), jeung Jayadéwata (ti Kawali, 1487).
Pakuan Pajajaran katut karajaan Sundana diruntuhkeun ku Kasultanan Banten
dina taun 1579.
Dina bukuna, Mencari Gerbang Pakuan, suwargina bapa Saleh Danasasmita,
nyaritakeun yen urang Walanda anu ngaranna Abraham van Riebeeck kungsi nyukcruk
galur mapay laratan eta dayeuh tepi ka dua kali nyaeta taun 1703 jeun taun 1704.
Ngarujuk kana buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, karya suwargina
bapa Edi S. Ekajati, Dr. F. De Haan ngagambarkeun perenahna Dayeuh Pakuan
Pajajaran dina bukuna "Prianga", taun 1912
Cag,
Aschev
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/