Ngiringan kang Aschev oge kang Kumi, rumaos abdi mah ukur "ngoyag-ngoyag"
wae hehehe, gawena mah ngedul patali pakupis sareng cicing wae. Wilujeng.

baktos,
manAR


On 11/23/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahatur kang Oman,
>
> Kumargi eusi wikipedia mah ditangtoskeun dumasar kana konsensus. Kanggo
> nampung pamendak kang Oman sareng anu sanesna anu sapamadegan, kumaha upami
> eusi Pajajaran dina wiki Sunda diedit, ditambihan seratan sapertos kieu:
>
> Naskah Wangsakerta nyebut Pajajaran sabage ngaran karajaan kalayan rajana
> anu munggara nyaeta Sri Baduga (disebut oge Prabu Siliwangi). Ngan aya beda
> antawis sumber primer (warta ti jamanna) waktu jaman Sri Baduga kadatangan
> ku urang Portugis jeung sumber sekunder naskah Wangsakerta (wartoa lain ti
> jamanna) kasebut. Nurutkeun sumber primer mangrupa cutatan sajarah ti saksi
> Mata urang Portugis, ngaran karajaan di bagian kulon pulo Jawa jaman Sri
> Baduga teh karajaan Sunda; sama sakali henteu nyebut ngaran karajaan
> Pajajaran.
>
> Ngaran Pajajaran sabage karajaan mindeng disebut-sebut ku sumber sekunder
> saenggeus runtagna karajaan Sunda atawa saenggeus ngadegna Banten sarta
> Cirebon. Jigana ngaran Pajajaran dipake pikeun ngaran wilayah sesa karajaan
> Sunda minus Banten, Jayakartasarta Cirebon. Kecap Pajajaran ngandung harti
> "tempat diantara jajaran", cocog jeung kondisi Pakwan (Pakuwuan) puseur urut
> Karajaan Sunda anu aya diantara 2 jajaran susukan jeung dua watu gigilang
> anu ngajajar. Jadi, sababaraha ahli sajarah nyindekkeun kamungkinan ngaran
> puseur dayeuh karajaan Sunda dipake pikeun ngaran sesa karajaan Sunda.
>
> Kanggo samentawis, eusi wikipediana diedit/ditambih sapertos
> kalimah-kalimah di luhur. Nyuhunkeun idin oge ka kang Kandar, konributor
> Pajajaran di wiki anu munggaran.
>
> Salam,
> Aschev
>
>
>
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Friday, November 16, 2007 11:18:49 PM
> Subject: Re: [kisunda] Pajajaran
>
> Kang Aschev,
>
> Tembong pisan wikipedia ngeunaan Pajajaran teh tacan nujul kana naskah
> Wangsakerta sakumaha anu disaripatikeun ku suwargina Kang Saleh
> Danasasmita
> dina "Riwayat Penelusuran Masa Silah Sejarah Jawa Barat". Dina buku eta
> mah,
> dumasar naskah Wangsakerta, "Pajajaran" teh ngaran karajaan. Tah, upama
> "Pakuan Pajajaran" eta bener ngaran ibu kota, ibukota Pajajaran.
>
> Saterusna, masih ceuk naskah Wangsakerta, ringkesan karajaan-karajaan di
> Tatar Sunda teh, kronologisna (tan taun) kl kieu: Salakanagara
> (Dewawarman) ,
> Tarumanagara (Purnawarman) , Sunda Sembawa (Sunda, Tarusbawa), Galuh
> (Wreti
> Kandayun), laju kadang ngahiji kadang papisah antara Sunda jeung Galuh,
> laju
> Pajajaran (Sri Baduga Maharaja/Siliwangi nepi ka Suryakancana) , Sumedang
> Larang (Jaya Prakosa, Geusan Ulun).
>
> manAR
> Recent Activity
> 2New Members
> Visit Your Group
> Y! Messenger
> Instant hello
> Chat in real-time
> with your friends.
> Moderator Central
> Yahoo! Groups
> Join and receive
> produce updates.
> Yahoo! Groups
> Dog Zone
> Connect w/others
> who love dogs..
>
>
>
>
> ____________________________________________________________________________________
> Be a better sports nut!  Let your teams follow you
> with Yahoo Mobile. Try it now.
> http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke