Kahatur kang Oman,

Kumargi eusi wikipedia mah ditangtoskeun dumasar kana konsensus. Kanggo nampung 
pamendak kang Oman sareng anu sanesna anu sapamadegan, kumaha upami eusi 
Pajajaran dina wiki Sunda diedit, ditambihan seratan sapertos kieu: 
 
Naskah Wangsakerta nyebut Pajajaran sabage ngaran karajaan kalayan rajana anu 
munggara nyaeta Sri Baduga (disebut oge Prabu Siliwangi). Ngan aya beda antawis 
sumber primer (warta ti jamanna) waktu jaman Sri Baduga kadatangan ku urang 
Portugis jeung sumber sekunder naskah Wangsakerta (wartoa lain ti jamanna) 
kasebut. Nurutkeun sumber primer mangrupa cutatan sajarah ti saksi Mata urang 
Portugis, ngaran karajaan di bagian kulon pulo Jawa jaman Sri Baduga teh 
karajaan Sunda; sama sakali henteu nyebut ngaran karajaan Pajajaran.
 
Ngaran Pajajaran sabage karajaan mindeng disebut-sebut ku sumber sekunder 
saenggeus runtagna karajaan Sunda atawa saenggeus ngadegna Banten sarta 
Cirebon. Jigana ngaran Pajajaran dipake pikeun ngaran wilayah sesa karajaan 
Sunda minus Banten, Jayakartasarta Cirebon. Kecap Pajajaran ngandung harti 
“tempat diantara jajaran”, cocog jeung kondisi Pakwan (Pakuwuan) puseur urut 
Karajaan Sunda anu aya diantara 2 jajaran susukan jeung dua watu gigilang anu 
ngajajar. Jadi, sababaraha ahli sajarah nyindekkeun kamungkinan ngaran puseur 
dayeuh karajaan Sunda dipake pikeun ngaran sesa karajaan Sunda.

Kanggo samentawis, eusi wikipediana diedit/ditambih sapertos kalimah-kalimah di 
luhur. Nyuhunkeun idin oge ka kang Kandar, konributor Pajajaran di wiki anu 
munggaran.

Salam,
Aschev

 





----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, November 16, 2007 11:18:49 PM
Subject: Re: [kisunda] Pajajaran

Kang Aschev,

Tembong pisan wikipedia ngeunaan Pajajaran teh tacan nujul kana naskah
Wangsakerta sakumaha anu disaripatikeun ku suwargina Kang Saleh Danasasmita
dina "Riwayat Penelusuran Masa Silah Sejarah Jawa Barat". Dina buku eta mah,
dumasar naskah Wangsakerta, "Pajajaran" teh ngaran karajaan. Tah, upama
"Pakuan Pajajaran" eta bener ngaran ibu kota, ibukota Pajajaran.

Saterusna, masih ceuk naskah Wangsakerta, ringkesan karajaan-karajaan di
Tatar Sunda teh, kronologisna (tan taun) kl kieu: Salakanagara (Dewawarman) ,
Tarumanagara (Purnawarman) , Sunda Sembawa (Sunda, Tarusbawa), Galuh (Wreti
Kandayun), laju kadang ngahiji kadang papisah antara Sunda jeung Galuh, laju
Pajajaran (Sri Baduga Maharaja/Siliwangi nepi ka Suryakancana) , Sumedang
Larang (Jaya Prakosa, Geusan Ulun).

manAR
Recent Activity
 2New Members
Visit Your Group 
Y! Messenger
Instant hello
Chat in real-time
with your friends.
Moderator Central
Yahoo! Groups
Join and receive
produce updates.
Yahoo! Groups
Dog Zone
Connect w/others
who love dogs.. 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke